Ad Dukhon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ad Dukhon
الد خان
Informasi
Harti Halimun
Golongan Makkiyah
Surah ka 44
Juz Juz 25
Statistik
Jumlah ayat 59 ayat

Surah Ad-Dukhon (Bahasa Arab:الدخان, Halimun) nyaéta surah ka-44 dina Al-Quran anu kaasup ogé kana golongan surah Makkiyah. Surah ieu disebut Ad-Dukhon sabab ti ayat 10 nepi ka 15 nyaritakeun azab halimun anu ditimpakeun ka jalma kafir. Surah Ad-Dukhon kaasup surah ka-25 tina 29 surah anu dimimitian ku huruf muqattha’ah jeung surah ka-5 ti 7 surah anu dimimitian ku huruf muqattha’ah Ha Mim (Hamimat).

Pokok Eusina[édit | édit sumber]

Téma-téma anu diangkat di surah ieu nyaéta ngeunaan jalma-jalma anu ingkar kana hari kiamat sarta nyebutkeun yén Allah SWT. teu nyiptakeun nanaon di antara langit jeung bumi. Surah ieu ogé ngagambarkeun tanda-tanda kiamat sarta kaayaan jelema-jelema anu loba dosa dina mangsa kiamat. Salian ti éta, dicaritakeun ogé sapotong cari tentang Nabi Musa AS. sarta nasib Fir'aun jeung kaumna anu ingkar ka gusti Allah SWT.

Azab Mangrupa Halimun[édit | édit sumber]

Dumasar riwayat Al-Bukhari, carita ngeunaan azab halimun éta bisa diringkes jadi kieu: Masarakat kafir Mekkah ngahalangan medarna agama Islam sarta kalakuan doraka aranjeuna ka Nabi Muhammad SAW. geus ngaleuwihan wates. ku sabab éta, Rasulullah ngadoa ka Allah SWT méh jalma-jalma kafir éta ditimpa ku azab sakumaha azab usum halodo anu ditimpakeun ka jalma anu ingkar ka Nabi Yusuf AS. Doa ieu dikobul ku Allah dugi ka jalma-jalma kafir éta ngadahar tulang jeung bangké bakat ku kalaparan. Aranjeuna ngadua ka Allah méh dipaparin pitulung, tapi Allah teu ngabulkeun waé. Nu katingali ngan ukur halimun anu nutupan tetempoanana.[1]

Akhirna aranjeuna nyungkeun ka Rasulullah sangkan anjeuna kersa ngadua nyungkeun dipaparin hujan ka Allah. Teu lila, Allah ngabulkeun doa Rasulullah. Tapi saatos hujan diturunkeun, masarakat kafir Mekkah jadi kafir deui jiga asalna. Ku kituna, Allah SWT ngajangjikeun yén aranjeuna bakal ditimpakeun azab anu kacida peurihna.

Carita ngeunaan azab ieu dijelaskeun ti ayat 10 nepi ka ayat 15 surah Ad-Dukhon anu eusina:

« فَارْتَقِبْ يَوْمَ تَأْتِي السَّماءُ بِدُخانٍ مُبينٍ. يَغْشَى النَّاسَ هٰذا عَذابٌ أَليمٌ . رَبَّنَا اكْشِفْ عَنَّا الْعَذابَ إِنَّا مُؤْمِنُونَ »
« أَنَّى لَهُمُ الذِّكْرى‏ وَ قَدْ جاءَهُمْ رَسُولٌ مُبينٌ. ثُمَّ تَوَلَّوْا عَنْهُ وَ قالُوا مُعَلَّمٌ مَجْنُونٌ. إِنَّا كاشِفُوا الْعَذابِ قَليلاً إِنَّكُمْ عائِدُونَ »

"Mangka tungguan hiji wanci di mana langit mawa halimun anu nyata, anu ngawengku manusa. Ieu azab anu peurih. (Aranjeuna ngadoa), "Ya Tuhan kami, leungitkeun azab ieu ti kami. Saleresna kami bakal iman." Kumaha aranjeuna bisa narima pépéling, padahal geus datang ka aranjeuna hiji rosul anu ngémbarkeun penjelasan. Terus maranéhna ingkar ka rosul éta bari nyebutkeun, "Anjeun téh jelema anu narima ajaran ti jelema anu teu waras?" Saleresna (lamun) Kami ngaleungitkeun siksaan éta saeutik waé ogé, anjeun bakal balik deui (jadi ingkar)." (QS Ad-Dukhon [44]:10-15)

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Shahih Bukhari, Kitab Tafsirul Quran, Surat Haamiim Ad-Dukhon, باب يغشى الناس هذا عذاب أليم, no. 4544.

Tumbu Luar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
Az Zukhruf
Surat 44 Surat saparantosna:
Al Jaziyah
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit