Surah-surah Makkiyah jeung Madaniyah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Makkiyah ngarujuk kana ayat-ayat atawa surah-surah anu diturunkeun di Mekah. Sedengkeun surah-surah anu diturunkeun di Madinah, disebut Madaniyah. Nepi ka kiwari, masih kénéh aya sawala di antara para ulama jeung ilmuwan Muslim ngeunaan bagian Al-Quran anu mana anu kaasup golongan Makkiyah jeung Madaniah.

Pambagian Makkiyah jeung Madaniyah[édit | édit sumber]

Réa pisan ilmuwan Muslim anu can tepung pendapat ngeunaan harti atau pembagian Makkiyah jeung Madaniyah. Sangking pentingna topik ieu, nepi ka akhirna muncul cabang élmu anu husus neuleuman perkara Makkiyah jeung Madaniyah anu disebut Ilmu al-Makki wa al-Madani. Sacara ringkes, para ulama jeung ilmuwan kabagi jadi dua golongan nyaéta anu maké téori konvénsional jeung téori kontemporer[1].

Téori Konvénsional[édit | édit sumber]

Sacara kaseluruhan, pendapat para ahli studi Al-Quran konvénsional ngeunaan Makkiyah jeung Madaniyah bisa dibagi kana 4 téori:

1. Téori Géografis[édit | édit sumber]

Téori ieu ngadefinisikeun Makkiyah minangka ayat-ayat atawa surah-surah anu diturunkeun di Mekah, sedengkeun Madaniyah nyaéta ayat-ayat atawa surah-surah anu diturunkeun Madaniyah.

2. Téori Subjéktif (mukhatabin fi nuzuli)[édit | édit sumber]

Téori ieu ningali subjék atawa jalma anu disaur. Lamun ayat atawa surah éta aya kakaitan jeung masarakat Mekah, berarti kaasup golongan Makkiyah. Sabalikna, lamun ayat atawa surah éta aya kakaitan jeung masarakat Madinah, berarti kaasup golongan Madaniyah. Menurut téori ieu, panggilan jang masarakat Mekah ngagunakeun kalimah, "yaa ayyuhannas", "yaa ayyuhalkafiruun", "yaa bani Adam". Sementara, masarakat Madinah dipanggil ku kalimah, "yaa ayyuhal ladziina amanuu".

3. Téori Sajarah[édit | édit sumber]

Téori ieu ngabagi Makkiyah jeung Madaniyah dumasar wanci turuna masing-masing ayat atawa surah dina Al-Quran. Lamun ayat atawa surah éta diturunkeun saacan Rasulullah hijrah ka Madinah, berarti kaasup Makkiyah, sanajan turuna ayat atawa surah éta téh teu di kota Mekah. Misalna di Mina, Arafah, Hudaibiyah, jeung lokasi séjéna. Sabalikna, lamun ayat atawa surah éta diturunkeun sanggeus Rasulullah hijrah ka Madinah, berarti ayat atawa surah éta kaasup Madaniyah, sanajan turunna teu di kota Madinah, misalna di Badar jeung Uhud.

4. Téori Analisis Eusi (content analysis)[édit | édit sumber]

Téori ieu ngabedakeun Makkiyah jeung Madaniyah dumasar eusi ayat atawa suratna. Téori ieu nyebutkeun yén ayat atawa surah Makkiyah eusina nyaritakeun Nabi-nabi anu bahaula. Sedengkeun Madaniyah nyaéta ayat atawa surah anu eusina hudud, faraid, jeung sajabana.

Salah sahiji ilmuwan konvénsional, Saléh Subhi, nambahkeun karakteristik anu leuwih detil ngeunaan Makkiyah jeung Madaniyah anu dijelaskeun dina tabel ieu:

No Makkiyah Madaniyah
1 Kabéh surah anu dijerona aya kata sajadah Kabéh surah anu ngabahas jihad, hukum, jeung penjelasanna
2 Kabéh surah anu nyebutkeun kecap كلا (kalla). Salian bagian setengah akhir ti Al-Quran Kabéh surah anu nyebutkeun kaum munafik, salian ti surah Al-Ankabut. Tapi ayat 11 na kaasup Madaniyah tur eusina nyebutkeun kaum munafik.
3 Kabéh surah anu nyebutkeun kalimah "yaa ayyuhannas" Dialog jeung ahlul kitab sarta ajakan jang nguatkeun agama Islam
4 Kabéh surah anu nyaritakeun Nabi Adam AS jeung iblis salian ti surah Al-Baqarah
5 Kabéh surah anu dimimitian ku huruf al-tahji siga alif lam mim (الم), alif lam ra (المر), jeung sajabana, salian ti surah Al-Baqarah jeung Ali Imran. Sedengkeun can aya kesepakatan ngeunaan surah Ar-Ra'du kusabab sabagén ilmuwan nyebutkeun yén surah ieu kaasup Madaniyah
6 Surah jeung ayatna pondok
7 Dakwah ngeunaan dasar-dasar kaimanan ka Allah jeung poé akhir
8 Ngingetan ngeunaan moralitas jeung kahadéan
9 Dialog jeung jalma-jalma musyrik
10 Loba kecap sumpah jeung gaya basa nu teu kaharti ku jalma awam

Téori Kontémporér[édit | édit sumber]

Studi élmu Al-Quran kiwari ngahasilkeun téori-téori anyar ngeunaan pambagian Makkiyah jeung Madaniyah. Salah sahiji pakar élmu Al-Quran kontémporér nyaéta Nasr Hamid Abu Zaid. Anjeuna ngajukeun métode kritis ngeunaan pembagian Makkiyah jeung Madaniyah tanpa ngaleungitkeun jasa-jasa ilmuwan di wanci anu katukang. Dina pambukaan bukuna anu miboga judul Mafhum an-Nash Dirasah fi 'Ulum Al-Qur'an, anjeuna nyebutkeun yén gaya basa antara fase Mekah, béda jaung fase Madinah[2]. Fase Mekah, netepkeun dasar-dasar masarakat anyar anu patukang tonggong jeung masarakat heubeul anu réa nyicingan Mekah. Ayat-ayat atawa surah-surah nu kaasup fase ieu, ngajarkeun cara mikir anu anyar ngeunaan akidah, tauhid, jeung kamusyrikan ka masarakat Mekah. Sedengkeun fase Madina, menurut Nasr, nyaéta fase pambangunan sosial jeung legislasi pambangunan éta. Nasr nambahkeun yén tujuan ditetepkeunna syari'at hukum nyaéta jang ngalindungan masarakat tina kesesatan jaung jalma-jalma anu sesat, ku asumsi yén hukum pidana digunakeun jang ngalindungan masarakat Muslim.

Dina nangtukeun Makkiyah jeung Madaniyah, Nasr teu ngabedakeun ayat atawa surah dumasar wengkon, wanci, atawa subjek, nanging kana realitas jeung téks anu didasarkeun dina gerak sajarah. Penjelasan lengkapna bisa ditingali dina tabél ieu:

No Pandangan Konvénsional Pandangan Kontémporér
1 Makkiyah diturunkeun di Mekah sanajan Rasul geus hijrah. Madaniyah diturunkeun di Madinah. Saukur mertimbangkeun wengkon, tanpa mertimbangkeun pangaruh isi atawa bentuk teksna
2 Makkiyah diturunkeun masarakat Mekah, Madaniyah jang masarakat Madinah Kritéria ieu cacad kusabab Al-Quran teu saukur ditujukeun jang "manusa" atawa "anu iman".
3 Makkiyah diturunkeun saacan Rasulullah hijrah, Madaniyah diturunkeun sanggeus Rasulullah hijrah. Tanpa mertimbangkeun wengkon diturunkeunna di Mekah, Madinah, mangsa penaklukan Mekah, haji wada', atawa dina mangsa Rasulullah mangkat ka hiji tempat. Kritèria fase sajarah bisa ditarima nanging kritéria di luar ieu teu bisa dijadikeun patokan.
4 Ayat-ayat Makkiyah leuwing pondong katimbang ayat-ayat Madaniyah Ngésérna indzar ka risalah ngabutuhkeun gaya basa anu béda. Indzar ngabutuhkeun gaya basa anu alus tur éndah. Gaya basa ieu memang réa digunakeun dina surah-surah pondok anu sakabéhna kaasup Makkiyah. Sedengkeun risalah eusina leuwih lega kusabab leuwih ti sekedar ngajak tapi ogé ngainpormasikeun perkara anu rumit.
5 Ngagunakeun metodé Tarjih (netepkeun mana anu paling kuat antara riwayat anu patonggong-tonggong) hal ieu ngagunakeun dua asumsi: (1) Téks turun di Mekah, mun teu kitu di Madinah, (2) Téks turun di Mekah, hukum syar'i jeung fiqih diterapkeun di Madinah Métode kritis ngahubungkeun teks jeung realitas tur maké pendekatan sajarah jiga Sirah Nabawiyyah (riwayat para nabi). Téks teu leupas ti hukum tur muncul minangka babarengan.

Pambagian Surah Makkiyah jeung Madaniah Dumasar Téori Géografis[édit | édit sumber]

Di handap ieu dibérédélkeun pambagian surah Makkiyah jeung Madaniah dumasar téori géografis (tempat diturunkeunna).

1. Surah-surah Makkiyah[édit | édit sumber]

  • QS. Al Fatihah
  • QS. Al An'am
  • QS. Al A'raf
  • QS. Yunus
  • QS. Hud
  • QS. Yusuf
  • QS. Ar-Ra'd
  • QS. Ibrahim
  • QS. Al Hijr
  • QS. An Nahl
  • QS. Al Isra'
  • QS. Al Kahfi
  • QS. Maryam
  • QS. Thaha
  • QS. Al Anbiya
  • QS. Al Mu'minun
  • QS. Al Furqan
  • QS. Asy Syu'ara
  • QS. An Naml
  • QS. Al Qashash
  • QS. Al Ankabut
  • QS. Ar Ruum
  • QS. Luqman
  • QS. As Sajdah
  • QS. Sabaa'
  • QS. Fathir
  • QS. Ya Sin
  • QS. Ash Shaffat
  • QS. Shad
  • QS. Az Zumar
  • QS. Al Mu'min
  • QS. Al Fushshilat
  • QS. Asy Syuraa
  • QS. Az Zukhruf
  • QS. Ad Dukhan
  • QS. Al Jasiyah
  • QS. Al Ahqaf
  • QS. Qaaf
  • QS. Az Zariyat
  • QS. Ath Thur
  • QS. An Najm
  • QS. Al Qamar
  • QS. Al Waqi'ah
  • QS. Al Mulk
  • QS. Al Qalam
  • QS. Al Haqqah
  • QS. Al Ma'arij
  • QS. Nuh
  • QS. Al Jin
  • QS. Al Muzammil
  • QS. Al Muddatstsir
  • QS. Al Qiyamah
  • QS. Al Mursalat
  • QS. An Naba'
  • QS. An Nazi'at
  • QS. 'Abasa
  • QS. At Takwir
  • QS. Al Infithar
  • QS. Al Muthaffifin
  • QS. Al Insyiqaq
  • QS. Al Buruj
  • QS. Ath Thariq
  • QS. Al A'la
  • QS. Al Ghasyiyah
  • QS. Al Fajr
  • QS. Al Balad
  • QS. Asy Syams
  • QS. Al Lail
  • QS. Adh Dhuha
  • QS. Al Insyirah
  • QS. At Tiin
  • QS. Al 'Alaq
  • QS. Al Qadr
  • QS. Al 'Adiyat
  • QS. Al Qari'ah
  • QS. At Takatsur
  • QS. Al 'Ashr
  • QS. Al Humazah
  • QS. Al Fiil
  • QS. Al Quraisy
  • QS. Al Ma'un
  • QS. Al Kautsar
  • QS. Al Kafirun
  • QS. Al Lahab
  • QS. Al Ikhlash
  • QS. Al Falaq
  • QS. An Naas

2. Surah-surah Madaniyyah[édit | édit sumber]

  • QS. Al-Baqarah
  • QS. Ali 'Imran
  • QS. An-Nisaa'
  • QS. Al-Maidah
  • QS. Al-Anfal
  • QS. At-Taubah
  • QS. Al-Hajj
  • QS. An-Nur
  • QS. Al-Ahzab
  • QS. Muhammad
  • QS. Al-Fath
  • QS. Al-Hujurat
  • QS. Ar-Rahman
  • QS. Al-Hadid
  • QS. Al-Mujadilah
  • QS. Al-Hasyr
  • QS. Al-Mumtahanah
  • QS. Ash-Shaf
  • QS. Al-Jumu'ah
  • QS. Al-Munafiqun
  • QS. At-Taghabun
  • QS Ath-Thalaq
  • QS. At-Tahrim
  • QS. Al-Insan
  • QS. Al-Bayyinah
  • QS. Al-Zalzalah
  • QS. An-Nashr

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. Safari, Daud (2010). [jurnal.stainponorogo.ac.id "Makiyah dan Madaniyah: Teori Konvensional dan Kontemporer"]. Dialogia. jurnal.stainponorogo.ac.id. Diakses pada 28 November 2018. 
  2. Abu Zayd, Nasr Hamid (2005). Tekstualitas Al-Qur'an, Kritik Terhadap Ulumul Qur'an. Yogyakarta: LKiS. pp. 4–5.