Surah Al-Humazah
Pidangan
(dialihkeun ti Al-Humazah)
| Al Humazah الهُمَزة |
|
|---|---|
| Informasi | |
| Harti | Tukang nyawad |
| Golongan | Makkiyah |
| Surah ka | 104 |
| Juz | Juz 30 |
| Statistik | |
| Jumlah ruku' | 1 ruku' |
| Jumlah ayat | 9 ayat |
Surat Al Humazah nyaéta surat ka-104 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 9 ayat sarta digolongkeun kana surat makkiyah. Kecap Al Humazah hartina "tukang nyawad" sarta dicokot tina ayat kahiji ieu surat. Poko eusi surat ieu téh nyaéta ancaman Alloh ka jalma-jalma anu resep nyawad, ngagoréngkeun batur sarta resep ngumpulkeun harta tapi henteu nganafkahkeun dina jalan Alloh.
Eusi jeung Tarjamah
[édit | édit sumber]| Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
|---|---|---|
| 1. | وَيۡلٌ۬ لِّڪُلِّ هُمَزَةٍ۬ لُّمَزَةٍ |
Cilaka pikeun tukang nyawad jeung ngagoréngkeun batur |
| 2. | ٱلَّذِى جَمَعَ مَالاً۬ وَعَدَّدَهُ ۥ |
Anu numpuk-numpukkeun jeung ngitungan harta banda. |
| 3. | يَحۡسَبُ أَنَّ مَالَهُ ۥۤ أَخۡلَدَهُ ۥ |
Manéhna nyangka yén bandana téh baris ngalanggengkeun manéhna. |
| 4. | كَلَّاۖ لَيُنۢبَذَنَّ فِى ٱلۡحُطَمَةِ |
Lain, lain kitu! Saéstuna manéhna baris dikunclungkeun kana huthomah |
| 5. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا ٱلۡحُطَمَةُ |
Jeung naha anjeun geus nyaho naon ari hothomah téh? |
| 6. | نَارُ ٱللَّهِ ٱلۡمُوقَدَةُ |
(Éta téh) seuneu Alloh anu dihurungkeun. |
| 7. | ٱلَّتِى تَطَّلِعُ عَلَى ٱلۡأَفۡـِٔدَةِ |
Anu ngéntab-ngéntab ngarérab kana haté. |
| 8. | إِنَّہَا عَلَيۡہِم مُّؤۡصَدَةٌ۬ |
Saéstuna éta seuneu téh ngarungkup maranéhna. |
| 9. | فِى عَمَدٍ۬ مُّمَدَّدَةِۭ |
Di tempat nu dipager ku tihang-tihang jarangkung. |
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- The Qur'an and translations
- Arabic transliteration
- The text
- Al-Humaza at Altafsir.com
Rujukan
[édit | édit sumber]- Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
- Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
| Surat sateuacanna: Al Asri |
Surat 104 | Surat saparantosna: Al Fil |
| Al Qur'an | ||
|
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 | ||