Ar-Rohman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ar-Rohman
الرَّحْمَنُ
Informasi
Harti Gusti Nu Maha Welas
Ngaran séjén 'Arusul Qur'an
Golongan Makiyyah, sakaol Madaniyyah
Surah ka 55
Juz Juz 27
Waktu turun wahyu 97 [1]
Statistik
Jumlah ruku' 3 ruku'
Jumlah ayat 78 ayat
Jumlah kecap 351
Jumlah aksara 1336 [2]

Surat Ar-Rohman nyaéta surat ka-55 dina Al Qur'an. Ieu surat kalebet golongan Surat Makkiyah (anu turun di Mekah/ saméméh Hijrah Nabi S.a.W). Turun sabada surat ka-13 Ar-Ro'du, saméméh surat ka-76 Al-Insan.[3]  Diwangun ku 78 ayat anu eusina ngiberkeun perkawis ni'mat-ni'mat Alloh S.w.T (Subhanahu wa Ta'ala).

Hadits Nabi S.a.W[édit | édit sumber]

...وأخرج الترمذي وابن المنذر وأبو الشيخ في العظمة والحاكم وصححه وابن مردويه والبيهقي في الدلائل عن جابر بن عبد الله رضي الله عنه قال: " خرج رسول الله صلى الله عليه وسلم على أصحابه فقرأ عليهم سورة الرحمن من أولها إلى آخرها، فسكتوا، فقال: ما لي أراكم سكوتاً لقد قرأتها على الجن ليلة الجن فكانوا أحسن مردوداً منكم، كنت كلما أتيت على قوله { فبأيّ آلاء ربكما تكذبان } قالوا: ولا بشيء من نعمك ربنا نكذب فلك الحمد ...

Hartina: At-Tirmidzi, Ibnu Al-Mundzir, Abu Syékh, Al-Hakim (nyohéhkeun), Ibnu mardawaih jeung Al-Baéhaki dina Ad-Dalail ti sohabat Jabir bin 'Abdulloh r.a. nyaurkeun: Rosululloh s.a.w. nepangan sohabat-sohabatna sarta macakeun surat Ar-Rohman ti awal dugi ka akhir, caricing kabéh (ngadangukeun). Kunaon aranjeun caricing? Kuring kungsi macakeun ieu surat hareupeun jin hiji peuting, maranéhanana ngalokan kacida hadéna saban kuring maca fabi ayyi ala irobbikuma tukadziban: Teu pisan-pisan abdi sadaya ingkar kana sadaya ni'mat ti Gusti Alloh, sadaya puji kanggo Salira Duh Gusti".

Al-Baéhaki dina ad-Dalail : ...عن عليّ: سمعت النبي صلى الله عليه وسلم يقول: " لكل شيء عروس وعروس القرآن الرحمن... Ti sohabat 'Ali r.a: Kuring ngadangu Rosululloh s.a.w. ngadawuh: Saban-saban perkara aya panganténa, dupi pangantén Al-Qur'an nyaéta Ar-Rohman.[4]

Poko Eusina[édit | édit sumber]

Surat ieu kaasup Makkiyah, ngébréhkeun saéstuna mangpirang-pirang ni'mat kurnia Alloh S.w.T nu gumelar dina ciptaan Mantenna di satungkebing langit satangkarak jagat anu éta sadaya makhluk sumujud ka Gusti Alloh, hususna dua makhluk anu boga pancén beurat, manusa jeung jin anu digero dina khitob (paréntah) anu sarua atawa bareng. Dimimitian ku asma-Na nu agung, nyaéta Ar-Rohman, di antawis Asmaul Husna (asma-asma anu pangéndahna) nu dibéjérbéaskeun dina runtuyan ayat-ayat satuluyna. Minangka gambaran tina asma-Na nu éndah lir ibarat gurilapna perhiasan nu kacida berhargana.

Ni'mat munggaran nyaéta, ta'lim (diajarkeuna) Al-Qur'an  ka manusa cukang lantaran utusan Alloh S.W.T, Nabi Muhammad S.a.w. miheulaan diciptana manusa tuluy disusul al-bayan (kabisa manusa ngébréhkeun). Lajeng dijentrékeun wujud tina karunia Gusti Alloh, nyaéta mangrupa sarangéngé, bulan, béntang, tutuwuhan, langit jomantara, takeran, bumi tur sakabéh eusina, aya bungbuahan, korma, sisikian, anu seungit, jin, manusa, dua tempat meleték panon poé jeung dua tempat surupna, dua lautan nu diwatesan jeung anu kaluar ti antara duanana, tur bahtera nu lalayaran dina sagara.

Diébréhkeun yén kabéhanana bakal ancur ilang musna tanpa karana. Nu langgeng anging Dzat Nu Murbeng alam. Sagigireun éta, dua makhluk boga pancén beurat, jin jeung manusa dina ngokolakeun ku syukur ni'mat: Fabi ayyi aalaa-i robbikumaa (Naha ni'mat nu mana, nu aranjeun teu ngangken?). Isuk baring supagi, dina poé panungtungan bakal aya balitungan, 'adzab pikeun jalma nu goréng laku ngalajur nafsu ngumbar amarah dina ngokolakeun ni'mat (al-mujrimin), ganjaran pikeun jalma anu hadé risi jeung ati-ati ngokolakeun ni'mat (al-muttaqin), sieun ka Gustina.  

Ditungtungan ku kecap agung  saluyu gumelarna ni'mat kurnia: Nu Maha Suci asma Gusti Anjeun Nu Ngagaduhan Kaagungan tur Kamulyaan.

Ayat Jeung Tarjamah[édit | édit sumber]

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
0.
بسم الله الرحمن الرحيم
Kalayan asma-Na Nu Maha Welas Asih.
1.
الرَّحْمَنُ
Nu Maha Welas.
3.
عَلَّمَ الْقُرْآَنَ
Nu ngajarkeun Al-Qur'an.
4.
خَلَقَ الْإِنْسَانَ
Nu nyiptakeun insan.
5.
عَلَّمَهُ الْبَيَانَ
Nu ngajarkeun ka (manusa) cumarita.

Terjamah[édit | édit sumber]

Kalayan asma Alloh Nu Maha Welas Maha Asih

  1. (Alloh) Nu Maha Welas
  2. Nu ngajarkeun Al Qur’an
  3. Nu nyipta manusa
  4. Nu ngajarkeun cumarita.
  5. Sarangéngé jeung bulan ngider nurutkeun perhitungan.
  6. Jeung tutuwungan tur tatangkalan, duanana sumujud (ka Alloh)
  7. Jeung (anjeunna) ngaluhurkeun langit tur ngadegkeun kasaimbangan.
  8. Supaya anjeun poma ulah ngaruksak éta kasaimbangan.
  9. Jeung pancegkeun éta kasaimbangan bari adil tur ulah ngurangan éta kasaimbangan.
  10. Jeung bumi geus diamparkeun (ku anjeunna) pikeun sakabéh mahluk(-Na)).
  11. Dijerona aya bungbuahan tur tangkal korma nu aya palapahan.
  12. Jeung sisikian nu kulitan tur kekembangan nu sengit nyambuang.
  13. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  14. anjeunna nyipta manusa tina taneuh garing lir ibarat pariuk (nu dijieun).
  15. Jeung nyipta jin tina pucuk seuneu nu ngabebela taya haseup.
  16. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  17. Pangéran (nu miara) dua wétan jeung Pangéran (nu miara) dua kulon.
  18. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  19. anjeunna ngantepkeun dua sagara ngalir (terus duanana) patimu.
  20. Di antarana aya wates nu teu bisa diliwatan masing-masing.
  21. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  22. Ti duanana kaluar mutiara jeung marjan.
  23. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  24. Kagungan anjeunna sakabéh bahtera nu lalayaran di sagara lir ibarat gunung.
  25. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  26. Sakabéh nu aya di bumi bakal ilang musnah.
  27. Jeung tetep jumeneng wajah Pangéran nu miboga kaagungan tur kamulyaan.
  28. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  29. Ka anjeunna nunuhun, sakur nu aya di langit jeung bumi. Saban waktu anjeunna aya dina urusan.
  30. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  31. Kami bakal merhatikeun hé aranjeun duaan nu boga pancén beurat (manusa jeung jin).
  32. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  33. Hé golongan jin jeung manusa ! Lamun aranjeun bisa nembus langit jeung bumi, coba tembus. Moal bisa aranjeun nembus langit jeung bumi iwal ku kakuatan (ti Alloh).
  34. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  35. Ka aranjeun bakal dikirim caang seuneu jeung tambaga nu lééh nu antukna aranjeun teu katulungan.
  36. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  37. Maka lamun langit geus bejad jeung warnana beureum mawar lir ibarat (ngagurilapna) minyak.
  38. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  39. Poé harita, manusa jeung jin teu ditanya saniskara dosana.
  40. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  41. Jalma-jalma anu boga dosa kaciri tanda-tandana, terus dicekel hulu jeung sukuna.
  42. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  43. Yeuh ieu naraka Jahannam dibohongkeun ku jalma-jalma nu boga dosa
  44. Maranéhna nguriling di jerona jeung di antarana cai anu ngagolak.
  45. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  46. Jeung pikeun saha nu sieun nalika madep Pangéranna, aya dua sorga.
  47. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  48. Dua sorga éta, aya rupa-rupa tatangkalan jeung bungbuahan.
  49. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  50. Di jero éta dua sorga aya dua hulu cai ngagolontar.
  51. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  52. Di jero duanana aya saniskara bungbuahan nu papasangan.
  53. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  54. Maranéhna nyarandé di luhureun permadani anu jerona tina sutera kandel. Jeung bungbuahan dideukeutkeun di éta dua sorga bisa dipetik.
  55. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  56. Di jero éta sorga aya widadari-widadari anu ngawates teuteupana, anu teu pernah paantel jeung manusa tur jin saméméhna.
  57. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  58. Lir ibarat maranéhna téh permata yakut jeung marjan.
  59. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  60. euweuh wawales pikeun kahadéan iwal ti kahadéan (ogé).
  61. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  62. Jeung salian ti dua sorga éta, aya dua sorga lian (deui).
  63. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  64. Dua sorga éta katingal héjo kolot warnana.
  65. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  66. Di jero kadua sorga éta aya dua hulu cai anu mancur.
  67. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  68. Di jero di dua sorga éta, aya bungbuahan, korma, jeung dalima.
  69. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  70. Di jero sorga-sorga éta, aya widadari-widadari anu hadé wanda jeung hadé rupa.
  71. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  72. Widadari-widadari nu cicing di jero kémah-kémah.
  73. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  74. Maranéhna teu pernah paantel jeung manusa tur jin saméméhna.
  75. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  76. Maranéhna nyarandé dina bantal-bantal anu héjo jeung permadani-permadani nu éndah.
  77. Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?
  78. Mahasuci asma Pangéran anjeun Nu Miboga Kaagungan jeung Kamulyaan.

Tadabbur & Tadzakkur[édit | édit sumber]

Tadabbur nyaéta ngaguar atawa ngalenyepan jeung neuleuman eusi ayat-ayat suci Al Qur'an. Tadzakkur nyaéta nimba palajaran tina hasil tadabbur supaya bisa diamalkeun dina kahidupan, lahir tumekaning batin. Alloh SWT ngécéskeun: Saéstuna, Kami bakal ngagampangkeun ka sing saha nu daék nimba palajaran tina Al Qur'an. Naha aya nu daék? [5] 29. Dawuh Gusti Alloh SWT dina Al Qur'an: (Ieu) Kitab (Al Qur'an) Kami geus nurunkeun ka anjeun Muhammad pinuh ku barokah supaya maranéhna neuleuman ayat-ayat-Na jeung supaya jalma-jalma nu boga akal séhat meunang palajaran.[6]

Surat ieu dimimitian ku kalimah nu mulya tur agung الرَّحْمَنُ, salah sahiji Asmaul Husna (nami-nami nu pangéndahna) nu Alloh SWT miwarang ngagentraan ngadu'a: Omongkeun ku anjeun (Muhammad), Gentraan Alloh atawa gentraan Ar-Rohman". Ku asma nu mana waé anjeun bisa ngagentra, karana Mantena miboga nami-nami panghadéna (Asma‘ul Husna) jeung ulah bedas teuing sora anjeun dina solat jeung ulah (ogé) laun teuing jeung usahakeun sineger tengah di antara duanana[7]

Sanadna ti Ibnu 'Abbas r.a., nalika lungsur ...قل ادعوا الله أو ادعوا الرحمن... di luhur, tokoh-tokoh kafir Qurésy, Abu Jahal, Walid, 'Utbah jeung Syaibah jeung konco-koncona datang nepungan Nabi Muhammad S.a.w. bari pok maranéhna nyarita: Kami teu apal ...الرحمان... iwal ti Musailamah anu dumuk di Yamamah, Ari...الرحمن... nurutkeun anjeun saha? maka Alloh SWT ngalungsurkeun ....ٱلرَّحْمَـٰن عَلَّمَ ٱلْقُرْآنَ... (Surat Ar-Rohman).[8]

Al Qur'an, manusa jeung kabisa[édit | édit sumber]

Ni'mat agung éta, dimimitian ku ...عَلَّمَ الْقُرْآَنَ...(Alloh nurunkeun jeung) ngajarkeun Al Qur'an ngaliwatan malaékat Jibril ka Nabi Muhammad s.a.w. tuluy nepi ka umatna jadi pituduh pikeun sakabéh manusa,[9] bakal digampangkeun saha baé nu nimba palajaran,[10] Al Qur'an nu mulya teu nyabak iwal jalma anu susuci.[11] ...خَلَقَ الْإِنْسَانَ...nyipta manusa (Adam) numutkeun qadar (ukuran) [12] tina taneuh,[13] satuluyna tina bahan nu kaluar [14] jadi mahluk nu panghadéna rupa tur wanda,[15] jadi lalaki jeung awéwé nu loba.[16] ...عَلَّمَهُ الْبَيَانَ... (Alloh) nu ngajarkeun cara ngajéntrékeun sagala rupa, ngaran sagala nu aya di bumi, ku alatan qalam, jeung sing sarwa pangaweruh séjén nu teu katohyan [17] sanajan ngan saeutik, ku kituna ménta (ka Alloh) jeung ikhtiar nambahan élmu.[18] Sabada diajarkeun Al Qur'an, sadar jati diri jeung cara ngalap kabisa, manusa ditungtun nempo alam.

Panonpoé, bulan, tutuwuhan jeung tatangkalan[édit | édit sumber]

Ayat satuluyna...ٱلشَّمْسُ وَٱلْقَمَرُ بِحُسْبَانٍ... Sarangéngé jeung bulan nu ngider nurutkeun itungan. Panonpoé meleték (masyriq) unggal isuk ti béh wétan, surup waktu magrib ti béh kulon. Saban poé (yaum) kitu, éta geus katangtuan (takdir) Gusti Alloh Nu Gagah tur Maha Uninga. Pikeun nganyahokeun jeung ngitung bilangan taun, Syamsyiyyah (dumasar ngiderna sarangéngé) jeung Qomariyyah (dumasar kana bulan).[19] Kitu ogé bulan ngider 29/ 30 poé, dimimitian ku hilal minangka tanda bulan anyar supaya bisa ngitung waktu jeung haji, dina bulan-bulan nu dikanyahokeun.[20] Ti jomantara ka buana...وَٱلنَّجْمُ وَٱلشَّجَرُ يَسْجُدَانِ...Tutuwuhan jeung tatangkalan, duanana pada sumujud. Tutuwuhan nu di bumi saperti sayur-sayuran, bonténg, bawang bodas, adas, jeung bawang beureum [21] ogé tatangkalan sarupaning tangkal korma, dalima,[22], bidara, jeung cau.[23] Kabéh sumujud, tunduk kana takdir tur paréntah Alloh S.W.T. Hayu urang ti buana nyawang ka awang-awang.

Langit jeung bumi[édit | édit sumber]

Jomantara di awang-awang ... وَٱلسَّمَآءَ رَفَعَهَا وَوَضَعَ ٱلْمِيزَانَ... Anjeuna Alloh ngaluhurkeun langit jeung nyipta kasaimbangan. Alloh S.W.T ngangkat langit tanpa tihang jeung netepkeun langit jadi tujuh dina 2 périodeuu (yaumain)[24] dihias ku béntang-béntang lir lampu [25] jeung teu génjlong, saimbang, taya cawadeunana. Kudu dijaga kasaimbangan: ...أَلاَّ تَطْغَوْاْ فِي ٱلْمِيزَانِ... Poma ulah ngaruksak ieu kasaimbangan. Teu ngaruksak kasaimbangan, numutkeun Ibnu 'Abbas r.a., carana ku lumaku 'adil jeung bener...وَأَقِيمُواْ ٱلْوَزْنَ بِٱلْقِسْطِ وَلاَ تُخْسِرُواْ ٱلْمِيزَانَ... Tanjeurkeun kasaimbangan kalawan adil, poma ulah ngurangan kasaimbangan. Poma ulah ngurangan timbangan nu antukna ngaleungitkeun hak-hak nu séjén (zolim). Padahal Alloh S.W.T :, ...وَٱلأَرْضَ وَضَعَهَا لِلأَنَامِ... Jeung bumi diamparkeun Alloh keur mahluk-Na. Keur sakabéh mahluk-Na, anapon manusa dijadikeun kholifah (pamingpin) di bumi [26] Bumi diciptakeun dina 2 (dua) périodeu (yaumain) jeung gunung-gunung nu nanjeur, dibarokahan, turta sing sarwa katangtuan kadaharan dina opat périodeu (arba'ah al-ayyam).[27] Diécéskeun yén langit jeung bumi diciptakeun dina 6 mangsa atawa périodeu (fi sittati ayyam). kaasup ...فِيها فاكِهَةٌ والنَّخْلُ ذَاتُ الأكمَامِ... Di bumi téh aya bungbuahan jeung tangkal korma nu palapahan. Ogé ...والحَبُّ ذُو العَصْفِ والرَّيحانِ... Jeung sisikian nu kulitan tur (kekembangan) nu seungit ka ambungna. Sisikian nu kulitan saperti gandum,[28]. Dupi nu seungit, Numutkeun Imam Mawardi (wafat 450 H) [29] nyaéta rejeki (Mujahid, Said bin Jubér r.a) pepelakan nu héjo ngémploh (Ibnu 'Abbas r.a), anu seungit (Ad-Dohak & Ibnu Zaéd r.a), al'ushf kulitna, ar-roihan, siki nu bisa didahar (al-Kalby). Kabéhanana éta ni'mat ti Alloh S.W.T, ngaku teu?

Ngaku teu ni'mat jeung kudrot Alloh SWT[édit | édit sumber]

Tumanya ngarasa rumasa teu ...فَبِأَيِّ ءَالآءِ رَبِّكُمْا تُكّذِّبَانِ...Cik, ni’mat Pangéran nu mana, nu teu diaku aranjeun (duaan)?. Nu ditanyakeun nyaéta ni'mat (Ibnu 'Abbas r.a) atawa takdir-Na (Ibnu Zaéd jeung Al-Kalby r.a. Anapon nu di tanya khitobna (nu diajak ngomong) dina ieu ayat numutkeun sakaol, nyaéta jin jeung manusa (Sa'id jeung Ibnu Zaéd r.a).[30] Dijéntrékeun hadis Nabi Muhammad s.a.w: Sohabat Jabir bin 'Abdulloh r.a. nyaurkeun: Rosululloh s.a.w. nepangan sohabat-sohabatna sarta macakeun surat Ar-Rohman ti awal dugi ka akhir, caricing kabéh (ngadangukeun). Kunaon aranjeun caricing? Kuring kungsi macakeun ieu surat hareupeun jin hiji peuting, maranéhanana ngalokan kacida hadéna saban kuring maca fabi ayyi ala irobbikuma tukadziban: Teu pisan-pisan abdi sadaya ingkar kana sadaya ni'mat ti Gusti Alloh, sadaya puji kanggo Salira Duh Gusti.[31]

Ayat...فَبِأَيِّ ءَالآءِ رَبِّكُمْا تُكّذِّبَانِ... dibalénan 31 (tilu puluh hiji) kali dina ieu surat. Prof.Dr.Quraish Shihab, M.A nyimpulkeun:

  • 8 (dalapan) balén pertanyaan mimiti nu pakait jeung ni'mat-ni'mat kadunyaan, nyaéta pangatikan Al Qur'an, pangantikan ngébréhkeun kabisa, panonpoé, bulan, langit, bumi alam, tutuwuhan, laut jsjbna.
  • 7 (tujuh) balén pertanyaan saterusna pakait jeung ancaman siksa naraka. Perlu diinget, ancaman mangrupa bagian tina ngajaga jeung pangatikan, salah sahiji ni'mat Pangéran.
  • 8 (dalapan) balén pertanyaan saterusna pakait jeung ni'mat nu aya dina sorga kahiji.
  • 8 (dalapan) balén pertanyaan pamungkas pakait jeung ni'mat nu aya dina sorga kadua. Para ulama ngaringkeskeun:
  • Sing saha nu bisa syukur ni'mat nu sagemblengna nu disebutkeun 8 (dalapan) balén mimiti bakal salamet tina,
  • 7 (tujuh) panto naraka nu diancamkeun dina 7 (tujuh) balén pertanyaan terusna. Sakaligus bisa milih,
  • 8 (dalapan) panto sorga, asup ti panto mana waé, naha sorga nu kahiji atawa sorga nu kadua (saluyu amalna).[32]

Manusa & Jin[édit | édit sumber]

Duanana ciptaan Alloh. Manusa...خَلَقَ ٱلإِنسَانَ مِن صَلْصَالٍ كَٱلْفَخَّارِ... anjeunna (Alloh) nyipta mimiti manusa tina taneuh (Nabi Adam a.s). Dawuh-Na SWT: Jeung (Anjeuna) ngamimitian nyipta manusa tina taneuh, jeung turunana tina saripati taneuh (mani)...tina lumpur hideung anu dicitak.[33] Anapon jin dicipta tina seuneu ...وَخَلَقَ ٱلْجَآنَّ مِن مَّارِجٍ مِّن نَّارٍ... Diécéskeun dawuh kangjeng Nabi s.a.w: ...خلقت الملائكة من نور، وخلق الجان من مارج من نار، وخلق آدم مما وصف لكم... Malaékat dicipta tina cahaya, jin dicipta tina pucuk seuneu, jeung Adam a.s. dicipta saperti geus dijelaskeun ka aranjeun.[34] Dupi...ٱلْجَآنَّ... numutkeun sakaol, nyaéta luluhur atawa bapana jin, bangsa jin.[35] Duanana boga tugas nu sarua nyaéta ibadah ka Alloh S.W.T.

Masyriq, Magrib, Laut, Mutiara, Marjan Bahtera[édit | édit sumber]

Ni'mat tur kumawasana Alloh nyaéta ...رَبُّ المَشْرِقَينِ وَرَبُّ المَغْرِبَينِ... Alloh nu nyipta, miara tur ngatur (robb)dua tempat meletékna beulah wétan (masyriqoin) jeung dua tempat surup (maghribain). Numutkeun kaol Imam Ibnu Jarir, nyaéta meletékna dina usum ngijih jeung usum halodo, kitu deu dua tempat surupna. Kaol séjén, tempat meletek jeung surupna panonpoé jeung bulan .[36] Dua Laut ...مَرَجَ الْبَحْرَيْنِ يَلْتَقِيَانِ... anjeunna ngantepkeun dua sagara ngalir (terus duanana) patimu. Imam Al-Mawardy (pupus 450 H) nyebutkeun, yén nu disebut laut, aya sababaraha kaol. Nu kahiji, sagara langit jeung sagara bumi (Ibnu 'Abbas r.a). Nu kadua, Sagara Farsi jeung Romawi(Hasan & Qotadah r.a). Katilu, Sagara asin jeung Walungan nu anta (Ibnu Juréh r.a). Kaopat,Sagara wétan jeung sagara kulon, duana patimu. Kalima, sagara mutiara jeung sagara marjan. Anapon Ngantepkeun dua laut, aya 3 kaol. Nyaéta, (cai) misahkeun duanana (teu pacampur), (cai) duanana ngalir/ ngocor atawa ngagulidag, gumulung (Ibnu 'Abbas r.a), (cai) duanana rata (Mujahid r.a). Ari asal ma'na المرج ngantep saperti ngantepkeun sato nu diangon. Barzakh.بَيْنَهُمَا بَرْزَخٌ لاَّ يَبغِيَانِ. Makna البزخ aya opat kaol. Nyaéta, wates (hahalang), tengah bumi, antara langit jeung bumi, Jazirah 'Arob. Makna لاَّ يَبْغِيَانِ aya tilu. Nyaéta, teu pacampur, teu silih éléhkeun, patimu, teu silih miheulaan. Dua perhiasan, mutiara & marjan يَخْرُجُ مِنْهُمَا الَّلؤلُؤ وَالْمَرْجَانُ Harti الُّلؤْلُؤُ mutiara anu gedé/ badag. Makna الْمَرْجَانُ aya 4. Nyaéta, bagian nu teuas mutiara, mutiara nu leutik, mutiara beureum bari liangan, permata. Ma'na يَخْرُجُ مِنْهُمَا aya dua. Nyaéta kaluar ti salah sahijina, kaluar ti duanana (Ibnu 'Abbas r.a.).[37] Bantera Lalayaran. وَلَهُ الْجَوَارِ الْمُنشَئَاتُ فِي الْبَحْرِ كَالأَعْلاَمِ Kecap وله di heulakeun ngandung harti husus kangungan atawa otoritas Anjeuna (Alloh) parahu, kapal jrrd bisa ngambang téh lain kersa manusa. Dupi makna الجواري, kecap jama' (tilu leuwih) kecap tunggalna جارية anu hartina nyaéta parahu/ kapal/ bahtera, dingaranan kitu sabab leumpang dina cai. Kecap الْمُنشَئَاتُ ngandung harti, mahluk ciptaan, anu diangkut, anu dikirimkeun, anu lalayaran, anu harelung jangkung. Anapon كَالأَعْلاَمِ hartina saperti gunung-gunung (disarupakeun karana jangkungna), bendera (disarupakeun ku jangkungna ngélébét di karaton).[38] Cag écagkeun, ayat kauniyyat (alam sakuriling) nu katempo ku panca indera (akal pikiran) ngalih rawu ayat 'akoid (nu patali jeung kayakinan) nu ngan kahontal ku haté (liwat iman). Wallahu a'lam.

Alam Fana, Alloh Al-Baaqy, Sibuk unggal waktu[édit | édit sumber]

Ceuk iber-Na, kabéhan bakal ancur lebur (kiamat) atawa balik pikeun ngajadi. كُلُّ مَنْ عَلَيْهَا فَانٍ. Kalimah كل من galibna ngawengku sarwaning nu boga akal. Kecap عَلَيْهَا (luhureun-na) dhamir (-na) balik ka bumi alam, saperti dina ayat وَالأرْضَ وَضَعَهَا لِلأنَامِ. Kecap فَانٍ ngandung harti leungitna sakabéh nu aya (maujudat), ancur lebur. Alloh S.W.T. ngiberkeun yén sagala nu aya di bumi bakalan maot tur ancur kitu ogé nu aya di langit (kiamat) iwal nu dikersakeun ku Alloh S.W.T, euweuh nu nyésa iwal Dzat Anu Maha Mulya tur Maha Agung. وَيَبْقَى وَجْهُ رَبِّكَ ذُو الْجَلالِ وَالإكْرَامِ. Tetep teu gedang bulu salambar ceuk paribasana, kecap يَبْقَى Hiji di antara asma Alloh al-husna (nu pangéndahna), yaéta Al-Baaqii anu hartina Nu Maha langgeng. Dijéntrékeun dina ayat anu kakoncara, nyaéta Ayatul Kursi: ٱللَّهُ لاَ إِلَـٰهَ إِلاَّ هُوَ ٱلْحَيُّ ٱلْقَيُّومُ Alloh euweuh pangéran iwal ti anjeunna Nu Mahahirup tur Nu Ngatur, ngajaga ngariksa sakabéh makhluk. Kecap al-wajh الوجه يعبر به عن حقيقة الشيء ngagambarkeun hakékat jinis nu dimaksud.[39] ku kituna nu ditempokeun dina idéntitas hiji jalma kanyahoan tina photo beungeutna, lain sukuna. Kecap والوجه lamun digédéngkeun atawa dikaitkeun jeung Alloh S.W.T maka euweuh keur ngébréhkeunana liwat aqli atawa akal (da moal kahontal) iwal ku dasar naqli (riwayat sumberna tina Al Qur'an jeung hadits anu sohéh).[40] Diécéskeun dina ayat nu lian: كُلُّ شَيْءٍ هَالِكٌ إِلا وَجْهَهُ Saniskara perkara bakal ruksak iwal ti wajah-Na.[41] Cag ti Sang Kholiq, Alloh S.W.T ka urusan mahluk. Nu di langit jeung bumi nunuhun ka anjeunna: يَسْأَلُهُ مَن فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلأَرْضِ كُلَّ يَوْمٍ هُوَ فِي شَأْنٍ tina sagala kabutuh.[42] Nu dimaksud dina urusan saban poé (yaum), aya dua ceuk Imam Mawardy. Nyaéta, kahiji kudrat irodat-Na dina urusan poé dunya jeung poé akhérat. Ari mangsa kabagi dua, sapanjang poé dunya (eusina cocoba, palajaran ku paréntah, ngalarang, ngamaotkeun, ngahirupkeun, méré, nahan jsjbna), poé akhérat, dimimitian kiamah, méré wawales, ngitung, nimbang, nyiksa ku naraka, ngahampura, ngaganjar ku sorga. Nu kadua, sagala nu dikersakeun Alloh teu leupas ti ngaganti jeung ngarobah tina hiji kaayaan ka kaayaan nu lian mahluk-Na. Unggal usik mahluk teu kendat-kendat diurus ku Gusti Alloh, anu kagambar dina salapan puluh salapan (99) Asmaul Husna الله الذي لا إلٰه إلا هو الرحمن الرحيم، الملك القدوس السلام المؤمن المهيمن، العزيز الجبار المتكبر، الخالق البارىء المصور، الغفار القهار الوهاب الرزاق الفتاح العليم، القابض الباسط الخافض الرافع المعز المُذل السميع البصير الحكم العدل اللطيف الخبير الحليم العظيم الغفور الشكور العليُّ الكبير الحفيظ المقيت الحسيب الجليل الكريم الرقيب المجيب الواسع الحكيم الودود المجيد الباعث الشهيد الحق الوكيل القوي المتين الولي الحميد المحصي المعيد المحيي المميت الحي القيوم الواجد الماجد الواحد الصمد القادر المقتدر المقدّم المؤخر الأول الآخر الظاهر الباطن الوالي المتعالي البرّ التواب المنتقم العفوّ الرؤوف، مالك الملك ذو الجلال والإِكرام، المقسط الجامع الغني المغني المانع الضارّ النافع النور الهادي البديع الباقي الوارث الرشيد الصبور " [43] Wallohu a'lam.

Pancén beurat keur duaan, nembus langit jeung bumi[édit | édit sumber]

Hé sakabéh abdi-Na nu ngarasa meunang pancén beurat, siap sayagi aranjeun: سَنَفْرُغُ لَكُمْ أَيُّهَ ٱلثَّقَلاَنِ Ieu ayat ngarupikeun pépéling malihan sarupa ancaman pikeun waspada dina ngokolakeun ni'mat Alloh S.W.T. Ogé ngandung harti, Kudu ati-ati aranjeun, Kami bakal balitungan jeung aranjeun, ngaganjar aranjeun saluyu amal aranjeun. Jadi lain Alloh S.W.T sibuk, lain. Da Alloh S.W.T. وَسِعَ كُرْسِيُّهُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلأَرْضَ وَلاَ يَؤُودُهُ حِفْظُهُمَا وَهُوَ ٱلْعَلِيُّ ٱلْعَظِيمُ Lega korsi-Na salega langit jeung bumi bari teu ngarasa beurat ngajaga ngariksa duanana, anjeunna Maha Uninga tur Maha Agung.[44] يٰمَعْشَرَ ٱلْجِنِّ وَٱلإِنسِ إِنِ ٱسْتَطَعْتُمْ أَن تَنفُذُواْ مِنْ أَقْطَارِ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلأَرْضِ فَٱنفُذُواْ لاَ تَنفُذُونَ إِلاَّ بِسُلْطَانٍ. Aya ieu ngandung dua makna, nyaéta. Lamun aranjeun mémang nyaho naon nu di langit jeung bumi, kanyahokeun, moal nyaho aranjeun iwal maké sulthon ('Athiyyah al-'Ufi r.a) atawa lamun aranjeun wenang kaluar ti sisi langit jeung bumi lantaran sieun maot, jig indit (Ad-Dhohhak r.a). لاَ تَنفُذُونَ إِلاَّ بِسُلْطَانٍ ngandung 3 harti, nu dimaksud nyaéta hujjah (Mujahid r.a) hujjah téh iman (Ibnu Bahr), atawa karajaan (kakawasaan) sedengkeun aranjeun teu miboga. يُرْسَلُ عَلَيْكُمَا شُوَاظٌ مِّن نَّارٍ وَنُحَاسٌ فَلاَ تَنتَصِرَانِ Aya sababaraha kaol, الشواظ nyaéta seuneu nu ngabebela, bagéan seuneu nu semu héjo, atawa lebu, bagéan tina siksa. Dupi النحاس ngandung harti lebu panas, pati (nyawa), picilakaeun.

Kiamat[édit | édit sumber]

Langit bencar tur beungkah فَإِذَا انشَقَّتِ السَّمَآءُ. Nyaéta poé kiamat, langit lir ibarat kembang mawar beureum.كَالدِّهَانِ ngandung harti, murni (خالصة), bersih (صافية), rupa-rupa warna (ذات ألوان), konéng saperti minyak (صفراء كلون الدهن), taneuh beureum (أديم الأرض الأحمر). Bumi ogé genjlong ku lini[45], ieu kajadian téh pasti [46] kitu ogé bulan milu bencar [47] panonpoé digulung, béntang-béntang maruragan, sagara ngagolak,[48] gunung-gunung awut-awutan lir kapas nu diawur-awur [49] ditiup sangkakala maot sakabéh nu di langit tur bumi anging nu dikersakeun Alloh, ditiup sakali deui harudang maranéhna nunggu kaputusan.[50] Tuluy diadegkeun timbangan, hisab amal, saksi-saksi dihadirkeun. فَيَوْمَئِذٍ لاَّ يُسْأَلُ عَن ذَنبِهِ إِنسٌ وَلاَ جَآنٌّ Mangsa harita manusa jeung jin teu ditanya saniskara dosana (tapi Alloh nyimpen catetan amal maranéhna). Biwir-biwir teu bisa ngomong, nu diidinan cumarita leungeun jeung suku nu jadi saksi.[51] Cahya kaadilan sumirat di mahsyar. Kaputusan diragrageun. Ahli surga jeung ahli naraka digiring ka pitempateunana.

Naraka Jahannam[édit | édit sumber]

Jalma nu doraka. يُعْرَفُ ٱلْمُجْرِمُونَ بِسِيمَاهُمْ فَيُؤْخَذُ بِٱلنَّوَاصِي وَٱلأَقْدَامِ katangen tina ciri-cirina. Beungeutna semu hideung bari teu marahmay.[52] Tuluy dicekel punduk jeung sukuna sagiriwil, ogé diséréd [53] ku malaékat Zabaniyyah dialungkeun ka Naraka [54] Mari dijorowokeun: هَـٰذِهِ جَهَنَّمُ ٱلَّتِي يُكَذِّبُ بِهَا ٱلْمُجْرِمُونَ Yeuh Jahannam anu dibohongkeun ku jalma nu doraka. Naraka Jahannam nu pantona aya tujuh:"(Jahanam) téh ngabogaan tujuh panto. Tiap panto (geus ditetepkeun) pikeun golongan nu tanggtu ti maranéhna".[55] Maranéhna ahli naraka kukurilingan : يَطُوفَونَ بَيْنَهَا وَبَيْنَ حَمِيمٍ ءَانٍ di antara حَمِيمٍ ءَانٍ cai panas nu ngagolak. Angin panas jeung haseup nu hideung. euweuh tiis-tiisna jeung teu ngeunah.[56] wallohu a'lam.

Dua Sorga Kahiji[édit | édit sumber]

Tempat nu genah tur tumaninah pikeun, jalma nu sieun maqom (jumeneng) Pangéran-Na, dua sawarga : وَلِمَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِ جَنَّتَانِ. Harti..وَلِمَنْ خَافَ.. Sieun panalinga-Na, ngalaksanakeun nu fardu, nolak gerentes ma'siat atawa eureun ma'siat, ieu ayat turun tumali jeung Abu Bakar As-Shiddiq r.a..مَقَامَ رَبِّهِ.. ngandung harti, hareupeun jeung hisab-Na [57], balitungan-Na kana laku lampah hadé jeung goréng. Dupi...جَنَّتَانِ..., nyaéta sorga keur jin & sorga keur manusa (Mujahid r.a) atawa Sorga Adn & Sorga Naim atawa dua kebon di antara kebon sorga atawa sorga keur salaki & sorga keur bojona, mungkin ogé istana handap & luhur.'Makna ...ذَوَاتَا أَفْنَانٍ... Mungkin, warna-warni (Ibnu Abbas r.a), rupa-rupa bubuahan, dadahanan (aghshon). Legana nu ka iuhan éta dahan Sabda Nabi Muhammad s.a.w: ..يسير في ظل الفنن منها الراكب مئة سنة.."Lempang jalma handapeun salah sahiji éta dahan saratus (100) taun.[58] Dupi ayat فِيهِمَا عَيْنَانِ تَجْرِيَانِ Di jero éta dua sorga, aya dua walungan (As-Samarqondy) nu caina ngocor, ngalir ngagolontor. Hiji diantarana, Tasnim, nu liana, Salsabil.[59] فِيهِمَا مِن كُلِّ فَـٰكِهَةٍ زَوْجَانِ Di dua sorga téh sing sarwa bubuahan nu keur ditingal tur didahar. Di sorga téh: مُتَّكِئِينَ عَلَى فُرُشٍ بَطَآئِنُهَا مِنْ إِسْتَبْرَقٍ وَجَنَى ٱلْجَنَّتَيْنِ دَانٍ Maranéhna dariuk (الجلوس) atawa gogoléhéan (الاضطجاع) dina permadani anu jerona dijieun tina sutera anu lemes (bakating kuhipuna), bari bubuahan dareukeut pikeun dipetik.[60] Widadari..فِيهِنَّ قَاصِرَاتُ ٱلطَّرْفِ لَمْ يَطْمِثْهُنَّ إِنسٌ قَبْلَهُمْ وَلاَ جَآنٌّ.. Di sorga, widadari-widadari nu heureut deuleu pondok léngkah, panonna tara ngarérét iwal ti ka salaki, teu pernah pa antel jeung manusa atawa jin saméméhna. Kajaga : ..كَأَنَّهُنَّ ٱلْيَاقُوتُ وَٱلْمَرْجَانُ.., lir ibarat yakut (karana bersihna) jeung marjan (kubodas-bodasna). Kahadéan wawalesna iwal kahadéan: ..هَلْ جَزَآءُ ٱلإِحْسَانِ إِلاَّ ٱلإِحْسَانُ..Ibnu Katsir r.a. nyutat hadis : ..عن أنس بن مالك قال: قرأ رسول الله صلى الله عليه وسلم { هَلْ جَزَآءُ ٱلإِحْسَـٰنِ إِلاَّ ٱلإِحْسَـٰنُ } وقال: " هل تدرون ما قال ربكم؟ " قالوا: الله ورسوله أعلم، قال: " يقول: هل جزاء من أنعمت عليه بالتوحيد إلا الجنة " ؟..Ti sohabat Anas bin Malik r.a., yén Rosululloh s.a.w. maca ayat (هَلْ جَزَآءُ ٱلإِحْسَانِ إِلاَّ ٱلإِحْسَانُ), cik naon maksud dawuh Pangéran ieu? Alloh miwah Rosul-Na langkung uninga, jawab sohabat. Teu aya wawales sing saha nu dipaparin ni'mat tauhid, anging sorgaDawuh Nabi s.a.w.

Dua Sorga Kadua[édit | édit sumber]

Salian duanana, dicawiskeun dua sawarga : وَمِن دُونِهِمَا جَنَّتَانِ Dua sorga kadua dicawiskeun pikeun golongan katuhu (لأصحاب اليمين), dupi dua sorga nu kahiji dicawiskeun pikeun golongan nu deuheus (للمقربين) ka Alloh.[61] Sorga kadua ieu rupa warna nu héjo ngémploh (مُدْهَآمَّتَانِ). Caina cur cor mancur pikabetaheun (فِيهِمَا عَيْنَانِ نَضَّاخَتَانِ). Tatangkalan sarupaning pirang-pirang bungbuahan, korma jeung dalima (فِيهِمَا فَاكِهَةٌ وَنَخْلٌ وَرُمَّانٌ). Widadarina hadé wanda jeung rupana geulis (فِيهِنَّ خَيْرَاتٌ حِسَانٌ). Nu teu iligincang tapi cicing di kémah-kémah (حُورٌ مَّقْصُورَاتٌ فِي ٱلْخِيَامِ). Teu pernah kasungsi saméméhna ku manusa ogé teu (kasungsi saméméhna) ku jin (لَمْ يَطْمِثْهُنَّ إِنسٌ قَبْلَهُمْ وَلاَ جَآنٌّ). Ahli sorga caralik dina amparan nu lega tur héjo, ogé maké sutera nu kacida hadéna (مُتَّكِئِينَ عَلَىٰ رَفْرَفٍ خُضْرٍ وَعَبْقَرِيٍّ حِسَانٍ). Mahasuci asma-Pangéran anjeun Nu Maha Agung tur Maha Mulya (تَبَارَكَ ٱسْمُ رَبِّكَ ذِي ٱلْجَلاَلِ وَٱلإِكْرَامِ).

Du'a Harepan[édit | édit sumber]

(تَبَارَكَ ٱسْمُ رَبِّكَ ذِي ٱلْجَلاَلِ وَٱلإِكْرَامِ) Mugi ieu seratan janten amal kasaéan pikeun nu nyerat, nu maosna sarta janten cukang lantaran tambihna syukur kana sagala rupi ni'mat anu parantos dilélérkeun euweuh kendatna ngocor ka urang mahluk sadaya. Mugi urang sadaya janten abdi-Na nu tiasa ngagunakeun sing sarwaning kani'matan lahir batin kalayan sahadé-hadéna dugi kahontal rido-Na sarta teras serat salajengna Al-Waqi'ah. Aamiin (Janari leutik, 10 Sya'ban 1437 H/ 17 Mei 2016 M)

Sumber Bacaan[édit | édit sumber]

  • Al-Qur'anul Karim, Cét. Kementerian Agama RI, 2012.
  • Tafsir Al-Qur'an Al-Karim, Ibnu Katsir (wafat 774 H)
  • Konsep Syukur Dalam Al-Qur'an (Skripsi/ S-1), S. M. Yusup, S.Ag,  IAIN Sunan Gunung Djati,  1417 H/ 1997.
  • Al-Burhan fi Ulum Al-Qur'an, Az-Zarkasyi.
  • Tafsir An-Nukat wal 'Uyun (Tafsir Al-Mawardy), Abul Hasan Al-Mawardy nyaéta 'Ali bin Muhammad bin Habib, ulama mumpuni, pangarang produktif, lahir di Bashroh (364 H/ wafat 450 H).
  • Tafsir Bahrul 'Ulum, As-Samarqondy (pupus 375 H)
  • Bashoir Dzit-Tamyiz, Al-Fairuz Abadi (wafat 817 H).

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi Ar-Rohman, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. ^^Al-Burhan fi Ulumil Qur'an, Az-Zarkasyi, Ma'rifatul Makkiyy wal Madaniyy wama nazala bimakkah wama nazala bil madinah wa tartibu dzalik, Dzikru Tartibi ma nuzila bil Madinah wa huwa tis'un wa tis'una suratan
  4. ^^Tafsir Ad-Durrul Mantsur fi Tafsir al-Ma'tsur surat ar-rohman, As-Suyuthy (wafat 911 H)
  5. QS 54 Al-Qomar ayat 17, 22, 32, 40
  6. QS QS 38 Shood ayat 29.
  7. QS 17 Al-Isra ayat 110.
  8. Imam Al-Fairuzabadi (wafat 817 H), Tafsir Tafsirul Qur'an (Tanwirul Miqbas), Tafsir Ar-Rohman,
  9. QS 2 Al-Baqoroh ayat 185
  10. QS 54 Al-Qomar ayat 17
  11. QS 56 Al-Waqi'ah ayat 77-79
  12. QS 54 Al-Qomar ayat 49
  13. QS 38 Shood ayat 71
  14. QS 56 Al-Waqi'ah ayat 58
  15. QS 95 At-Tin ayat 4
  16. QS 4 An-Nisa ayat 1
  17. QS 2 Al-Baqoroh ayat 31; QS 96 Al-'Alaq ayat 4-5
  18. QS 17 Al-Isro ayat 85; QS 20 Thoha ayat 114
  19. QS 36 Yasin ayat 38; QS 10 Yunus ayat 5
  20. QS 2 Al-Baqoroh ayat 189, 197
  21. QS 2 Al-Baqoroh ayat 61
  22. QS 54 Al-Qomar ayat 20; QS 55 Ar-Rohman ayat 68
  23. QS 56 Al-Waqi'ah ayat 28-29
  24. QS 13 Ar-Ra'du ayat 2;41 Fushilat ayat 12
  25. QS 67 Al-Mulk ayat 5, 3; QS 37 As-Shoffat ayat 6
  26. QS 2 Al-Baqoroh ayat 30 anu unina: Jeung (sing inget) nalika ngadawuh Pangéran anjeun ka para malaékat, "Saéstuna Kaula bakal ngajadikeun kholifah (Adam a.s.) di bumi.
  27. QS 41 Fushilat ayat 9-11
  28. Ibnu Jarir At-Thobari (310 H), Tafsir Jami'ul Bayan fi Tafsir Al Qur'an, Surat ar-Rohman ayat 12
  29. Tafsir An-Nukat wal 'Uyun, Al-Mawardi, Surat Ar-Rohman
  30. Tafsir Mafatih Al-Ghoib, Ar-Rozy (wafat 606 H); Tafsir Al-Qur'anul Karim, Ibnu Katsir (774 H), Surat Ar-Rohman
  31. H.R. At-Tirmidzi, Ibnu Al-Mundzir, Abu Syékh, Al-Hakim (nyohéhkeun), Ibnu mardawaih jeung Al-Baéhaki dina Ad-Dalail
  32. Konsep Syukur Dalam Al-Qur'an (Skripsi), S.M. Yusup, S.Ag., IAIN Bandung, 1997, kaca. 102-103
  33. QS 32 As-Sajdah: 7-8; QS 15 Al-Hijr ayat 26
  34. HR. Muslim ti Ummil mu'minin Siti 'Aisyah r.a.
  35. Tafsir Fath Al-Qodir, Asy-Syaukani (wafat 1250 H), surat Ar-Rohman
  36. Tafsir al-Mawardi, surat Ar-Rohman
  37. Dicutat tina situs http://www.al-eman.com, Tafsir al-Mawardy, surat ar-Rohman ayat 22 diakses 2 Sya'ban 1437 H atawa9/5/2016
  38. Tafsir Shofwat a-Tafasir, Muh. Ali Ash-Shobuni (Tafsir As-Shobuni), Darul Qur'anil Karim, Béirut, 1400 H/ 1980, Jilid 3, hal. 296, surat Ar-Rohman
  39. Al-Fairuzabadi, Bashoir Dzit-Tamyiz, al-bab as-sabi' wal 'isyrun fil kalim al-muftatahat bil waw, bashiroh fi wajh
  40. Tafsir Al-Qusyairi, Surat Ar-Rohman
  41. QS 28 Al-Qosos ayat 88
  42. Tafsir Bahrul Muhith, Abu Hayan, Surat Ar-Rohman
  43. H.R. Tirmidzi, Tafsir Jalalain, Al-Mahalli (W.864 H)wa As-Suyuthy (W.911 H), Surat 17 Al-Isro ayat 110 diakses tina situs http://altafsir.com
  44. QS 2 Al-Baqoroh ayat 255
  45. QS Az-Zalzalah ayat 1
  46. QS 56 al-Waqi'ah ayat 1
  47. QS 54 al-Qomar ayat 1
  48. QS at-Takwir ayat 1-6
  49. QS 101 al-Qori'ah ayat 5
  50. QS 39 az-Zumar ayat 68-73
  51. QS 36 Yasin ayat 65
  52. QS 3 Ali Imron ayat 106
  53. QS 54 al-Qomar ayat 48
  54. Tafsir Bahrul 'Ulum, As-Samarqondy (pupus 375 H), Surat Ar-Rohman ayat 41
  55. QS 15 al-Hijr ayat 44
  56. QS 56 al-Waqi'ah ayat 42-44
  57. QS 83 al-Mutoffifin ayat 6
  58. H.R. Tirmidzi ti Siti Asma binti Abu Bakar Shiddiq r.a. dina Tafsir Ibnu Katsir, surat ar-Rohman ayat 50
  59. Tafsir al-Kasyaf, Az-Zamakhsyary (pupus 538 H), surat ar-Rohman ayat 50
  60. QS 69 al-Haaqoh ayat 23: "Metik buahna ti kadeukeutan". QS 76 al-Insan ayat 14: "Dideukeutkeun iiuhan jeung dideukeutkeun metikna".
  61. QS 56 Al-waqi'ah ayat 11, 38

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Surat Ar-Rohman sora Qori Muhammad Thoha Al-Junéd

Surat sateuacanna:
Al-Qomar
Surat 55 Surat saparantosna:
Al-Waqi'ah
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit