Lompat ke isi

Hadis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Hadis (hadits, Basa Arab: حديث‎) nyaéta hiji hal anu ditujulkeun ka Nabi Muhammad saw, boh dina wangun omongan, gawé, atawa kamerenahanana.[1] Hadis mangrupa sumber hukum Islam kadua sanggeus Quran.[1] Firman Allah swt:

... وَمَا ءَاتَاكُمُ الرَّسُولُ فَخُذُوهُ وَمَا نَهَاكُمْ عَنْهُ فَانْتَهُوا...

Hartina: Naon waé anu Rosul bikeun ka maranéh, pék tarima. Naon waé anu Anjeunna larang ka maranéh, pek tinggalkeun...(Q.S Al-Haysr [59]:7)

Fungsi Hadis

[édit | édit sumber]

Ngarojong sarta nguatkeun naon anu disebutkeun ku Alquran.[1] Ngécéskeun Alquran, boh ku cara ngawincik anu global boh ngatakhsis anu umumna. nunjukkeun ka hukum anyar anu henteu disebutkeun ku Alquran.[1]

Anu dimaksud ku sunnah nyaéta sagala anu asalna tina Kanjeng Nabi, naha dina bentuk kecap, perbuatan atanapi sepi Nabi. Kaasup kana sunnah hadis-hadits anu asalna tina babaturan. Hadits téh asup na dalil naqli Archived 2020-07-24 di Wayback Machine. Aranjeunna cicing babarengan sareng Rasulullah SAW, aranjeunna nguping sareng nyaksian gerakanna, teras aranjeunna nyarios dumasar kana naon anu aranjeunna ningali atanapi naon anu aranjeunna nguping.

Rupa-Rupa Hadis

[édit | édit sumber]

Macem-macem hadis aya tilu, nyaéta:

  • Hadis qauliyah, hadis anu dumasar kana sakabéh omongan Nabi Muhammad saw.[1]
  • Hadis fi'iliyah, hadis anu dumasar kana gawéna Rasullullah saw.[1]
  • Hadis taqririyah, hadis anu dumasar dina persetujuan Rasullullah saw. kana naon anu dipigawé ku para sobat Rasullullah saw.[1]

Istilah-Istilah dina Élmu Hadis

[édit | édit sumber]

Aya sawatara istilah anu perlu dipikanyaho dina nyurtian élmu ngeunaan hadis, nyaéta lafadz-lafadz husus anu disatujuan hartina ku para ahli hadis.[2] di antarana sanad, matan, rawi, sarta rijalul hadis.[2]

Tingkatan Hadis

[édit | édit sumber]
  • Hadis sahih, nyaéta hadis nu datang ti Rasullullah saw., hadis anu ti sagi sanadna bersambung sarta teu cacad ti para perawina, kuat ingetanana/perawina (dabit), perawina adil.[1]
  • Hadis hasan, nyaéta hadis anu alus, hadis ieu ampir ngadeukeutan sahih, tapi hadis anu ti sagi sanadnya bersambung, tapi para perawina kurang kuat ingetanana/kurang dabit, mangka tingkatanna di handapeun hadis sahih.[1]
  • Hadis Dha'if, nyaéta hadis anu lemah, alatan henteu minuhan sarat hadis sahih sarta hasan.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j Abdullah, S.Ag. & Helmi, Yusuf, S.Ag. Lembar Kerja Siswa SMA Untuk Kelas X Semester I Agama Islam. Depok; CV.Arya Duta. Kaca 35
  2. a b (id) Tim Dosen Agama Islam UNIVERSITAS INDONESIA. 2009. Islam Tuntutan dan Pedoman Hidup. Bandung; Value Press Bandung. Kaca 51