Ali Imron

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ali Imron
Informasi
Harti Kulawarga Imron
Ngaran séjén 'Az-Zahro
Alif Laam Miim
Az-Zahrawaén
Golongan Madaniyyah,
Surah ka 3
Juz Juz 03-04
Waktu turun wahyu 89[1]
Statistik
Jumlah ayat 200
Jumlah kecap 3480
Jumlah aksara 14.520 huruf [2]

Surat Aali 'Imron (Basa Arab: سورة آل عمران‎translit. Basa Arab: سورة آل عمران‎, Āl 'Imrān hartina "Kulawarga Imran") geus 3 dina al qur ' an. Ieu surat diwangun ku 200 ayat kaasup Madaniyah (turun di Madinah). Disebut Ali'Imron sabab éta ngandung carita kulawarga Imron dina carita éta disebutkeun kalahiran Nabi Isa, jeung ogé disebut kalahiran Maryam bint Imron. Surat Al-Baqarah jeung Surat Ali 'Imron katelah Az-Zahrowan (Dua nu ngagurilap)

Ngaran Surat[édit | édit sumber]

Ieu surat dingaranan Surat Aali 'Imran (سورة آل عمران) (alif mamdudah-diaos panjang, sanes 'ain) nyaéta isim syakhos (kecap ngaran) nu hartina Surat nu patali Kulawarga 'Imron.[3] Surat ieu sering lepat nyebutna janten Surat Al-'Imron/ Suratul 'Imron hartina Surat nu patali jeung 'Imron. Pami ieu mah disebatna téh al (alif lam ma'rifat).

Dupi kecap Aal (آل) nurutkeun Alfairuzabadi, aya 3 makna: (1) Al-qaum wattaba' (hiji kaum jeung turunana) (QS 3:11), (2) Ahlul bait wal hadirin (kulawarga), (3) al-Qarabah wadzurriyyah (karabat sabondoroyot).[4]

Poko Eusina[édit | édit sumber]

Kaimanan[édit | édit sumber]

  • Dalil-dalil nu ngabantah urang Nasroni nu ngajadikeun Nabi Isa as pangéran.
  • Tauhid minangka dasar risalah para nabi jeung rosul as.

Hukum-hukum[édit | édit sumber]

  • Musyawaroh
  • mubahalah
  • larangan riba

Kisah-kisah[édit | édit sumber]

  • Kulawarga Imron
  • perang Badar jeung perang Uhud tur palajaran tina éta kajadian.

Lain-lain[édit | édit sumber]

  • Golongan manusa tumali ayat mutasyabihat
  • Sifat-sifat Alloh, sifat-sifat jalma nu takwa;
  • Islam hiji-hijina agama nu dipikaridho Alloh.
  • Madhorot ngangkat batur nu kapercaya jalma kafir
  • Alloh ménta janji ka para nabi as.
  • pengéling-ngeling pikeun ahli kitab
  • Ka'bah tempat ibadah nu munggaran tur buktina
  • Faédah dzikir jeung tafakkur [5]

Kautamaan ieu Surat[édit | édit sumber]


عَنْ أبي أُمَامَةَ الْبَاهِلِيُّ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ قَالَ: سَمِعْتُ رَسُولَ اللَّهِ صَلّى اللهُ عَلَيْهِ وسَلَّم يَقُولُ : اقْرَءُوا الْقُرْآنَ فَإِنَّهُ يَأْتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ شَفِيعًا لِأَصْحَابِهِ. اقْرَءُوا الزَّهْرَاوَيْنِ: الْبَقَرَةَ وَسُورَةَ آلِ عِمْرَانَ فَإِنَّهُمَا تَأْتِيَانِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ كَأَنَّهُمَا غَمَامَتَانِ، أَوْ كَأَنَّهُمَا غَيَايَتَانِ، أَوْ كَأَنَّهُمَا فِرْقَانِ مِنْ طَيْرٍ صَوَافَّ تُحَـاجَّـانِ عَنْ أَصْحَابِهِمَا. اقْرَءُوا سُـورَةَ الْبَقـرَةِ فَإِنَّ أَخْذَهَا بَرَكَةٌ وَتَرْكَهَا حَسْرَةٌ وَلَا تَسْتَطِيعُهَا الْبَطَلَةُ.

(Hartina) Abu Umamah al-Bahili ra nyarios: Rasululloh saw ngadawuh: Baca al-Qur’an karana inyana bakal méré syafaat ka para “sohabatna”. Baca “Dua kembang”: surat al-Baqoroh dan surat Aali Imron, dina poé kiamat baringsupagi duanana bakal datang lir ibarat dua gulungan méga, atawa lir ibarat dua bayang-bayang, atawa saperti dua rombongan manuk-manuk nu baris nu ngabéla para “sohabatna”. Baca surat al-Baqoroh karana mun urang nyekel (maca/ngafal) mangrupa kaberkahan jeung ninggalkeunana karugian. Ieu perkara teu mungkin dipigawé ku jalma nu batil (jahat/ goréng lakuna)..[6]

Ayat jeung Tarjamah[édit | édit sumber]


الۤمۤ

(1) Alif laammiim.


ٱللَّهُ لاۤ إِلَـٰهَ إِلاَّ هُوَ ٱلْحَيُّ ٱلْقَيُّومُ

(2) Alloh, teu aya pangéran iwal ti Alloh Nu Maha Hirup Nu Maha jumeneng ku-dzat-Na.


نَزَّلَ عَلَيْكَ ٱلْكِتَٰبَ بِٱلْحَقِّ مُصَدِّقاً لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ وَأَنزَلَ ٱلتَّوْرَاةَ وَٱلإِنْجِيلَ

(3) Alloh nu nurunkeun ka anjeun (Muhammad) Al-Kitab kalayan bener nu ngalempengkeun nu aya di hareup, nu nurunkeun Torét jeung Injil.


مِن قَبْلُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَأَنزَلَ ٱلْفُرْقَانَ إِنَّ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ بِآيَاتِ ٱللَّهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيدٌ وَٱللَّهُ عَزِيزٌ ذُو ٱنْتِقَامٍ

(4) Saméméh (anjeun) jadi pituduh pikeun manusa tur nu nurunkeun furqon (nu ngabédakeun nu hak jeung batil). Saéstuna jalma nu ingkar kana ayat-ayat Alloh, pikeun maranéhna siksa nu kacida peurihna. Jeung Alloh Nu Maha Gagah bari Maha Ngabales.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi Alif Laam Miim dzalikal kitab, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. QS 3 Ali 'Imron ayat 33
  4. Fairuzabadi, Bashair Dzit-Tamyiz, الباب الثاني - فى وجوه الكلمات المفتتحة بحرف الألف, بصيرة فى الآل
  5. Al-Quran dan Terjemahnya, Kementerian Agama RI, 1990, Jakarta, Surat Ali Imran
  6. H.R. Muslim nomor 1337

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
Al Baqoroh
Surat 3 Surat saparantosna:
An-Nisa
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit