Surah At-Takatsur
| At Takatsur التكاثر |
|
|---|---|
| Informasi | |
| Harti | Paagréng-agréng / paloba-loba |
| Golongan | Makkiyah |
| Surah ka | 102 |
| Juz | Juz 30 |
| Statistik | |
| Jumlah ruku' | 1 ruku' |
| Jumlah ayat | 8 ayat |
Surat At Takatsur(basa Arab:سورة التكاثر) nyaéta surat ka-102 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 8 ayat sarta kaasup kana golongan surat Makkiyah, diturunkeun sanggeus surat Al Kautsar. Dingaranan At Takatsur (paagréng-agréng) dicokot tina kecap At takatsur anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
Poko-poko eusi
[édit | édit sumber]Kahayang manusa pikeun paagréng-agréng (paloba-loba) dina soal kadunyaan, mindeng mopohokeun manusa tina tujuan hirupna. Manéhna kakara sadar kasalahanana éta sanggeus maot ngadatangan manéhna; manusa baris ditanya di ahérat ngeunaan hal éta.
Eusi jeung Tarjamah
[édit | édit sumber]| Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
|---|---|---|
| 1. | أَلۡهَٮٰكُمُ ٱلتَّكَاثُرُ |
Paagréng-agréng téh geus mohokeun aranjeun. |
| 2. | حَتَّىٰ زُرۡتُمُ ٱلۡمَقَابِرَ |
Nepi ka aranjeun datang ka kubur (maot). |
| 3. | كَلَّا سَوۡفَ تَعۡلَمُونَ |
Ulah kitu! Engké aranjeun baris nyaho. |
| 4. | ثُمَّ كَلَّا سَوۡفَ تَعۡلَمُونَ |
Sakali deui, ulah kitu! Engké aranjeun baris nyaho. |
| 5. | كَلَّا لَوۡ تَعۡلَمُونَ عِلۡمَ ٱلۡيَقِينِ |
Ulah kitu! Lamun aranjeun nyaho kalayan élmu yakin. |
| 6. | لَتَرَوُنَّ ٱلۡجَحِيمَ |
Pasti aranjeun baris nénjo naraka jahim. |
| 7. | ثُمَّ لَتَرَوُنَّہَا عَيۡنَ ٱلۡيَقِينِ |
Tuluy pasti sabenerna aranjeun baris nénjo naraka kalawan aénal yakin. |
| 8. | ثُمَّ لَتُسۡـَٔلُنَّ يَوۡمَٮِٕذٍ عَنِ ٱلنَّعِيمِ |
Tuluy saenyana aranjeun baris dipariksa dina poé éta perkara nikmat. |
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- At-Takathur at Sacred Texts
- At-Takathur at Altafsir.com
Rujukan
[édit | édit sumber]- Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
- Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
| Surat sateuacanna: Al Qori'ah |
Surat 102 | Surat saparantosna: Al Asri |
| Al Qur'an | ||
|
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 | ||