Al Qomar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Al-Qomar)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Al-Qomar
الْقَمَرُ
Informasi
Harti Bulan
Golongan Makiyyah,
Surah ka 54
Juz Juz 27
Waktu turun wahyu 46 [1]
Statistik
Jumlah ruku' 3 ruku'
Jumlah ayat 55 ayat
Jumlah kecap 342
Jumlah aksara 1423 [2]

Surat Al-Qomar (Arab: الْقَمَرُ, "Bulan") nyaéta surat ka-54 dina Al-Qur'an. Ieu surat kawengku 55 ayat jeung kaasup golongan surat Makkiyah. Diturunkeun sabada surat At-Thoriq (surat ka 86 nurutkeun tartib mushaf/ 36 nurutkeun turuna) dingaranan Al-Qomar (Bulan), dicokot tina ayat kahiji ieu surat.

Ayat jeung Tarjamah Surat Al-Qomar[édit | édit sumber]


اقْتَرَبَتِ السَّاعَةُ وَانشَقَّ الْقَمَرُ (1) Mun geus deukeut poé Kiamat, jeung bulan geus bejad.
ِِوَإِن يَرَوْا آيَةً يُعْرِضُوا وَيَقُولُوا سِحْرٌ مُّسْتَمِرٌّ (2) Jeung nalika maranéhna (urang musyrikin) nénjo hiji tanda (mukjizat), maranéhna ngabalieur bari pokna, “(Ieu téh) sihir nu teterusan.
وَكَذَّبُوا وَاتَّبَعُوا أَهْوَاءهُمْ وَكُلُّ أَمْرٍ مُّسْتَقِرٌّ (3) Jeung maranéhna nyangsikeun (Muhammad) jeung mawa karep sakahayangna, padahal tiap perkara geus aya katangtuanana.
وَلَقَدْ جَاءهُم مِّنَ الْأَنبَاء مَا فِيهِ مُزْدَجَرٌ (4) Jeung éstu, geus datang ka maranéhna rupa-rupa carita anu eusina ancaman (pikeun kakufuran).
حِكْمَةٌ بَالِغَةٌ فَمَا تُغْنِ النُّذُرُ (5) (Ieu téh) hiji hikmah nu sampurna, tapi pangéling-ngéling éta teu metu (pikeun maranéhna)
فَتَوَلَّ عَنْهُمْ يَوْمَ يَدْعُ الدَّاعِ إِلَى شَيْءٍ نُّكُرٍ (6) Kukituna malieus anjeun (Muhammad) ti maranéhna dina poé (nalika) nu ngagero (malaékat) ngajak (maranéhna) ka hiji perkara nu teu dipikahayang (poé wawales),
خُشَّعًا أَبْصَارُهُمْ يَخْرُجُونَ مِنَ الْأَجْدَاثِ كَأَنَّهُمْ جَرَادٌ مُّنتَشِرٌ (7) Beungeut maranéhna tungkul, nalika kaluar tina kubur, lir papatong nu paburisat.
مُّهْطِعِينَ إِلَى الدَّاعِ يَقُولُ الْكَافِرُونَ هَذَا يَوْمٌ عَسِرٌ (8) kalayan sadrah maranéna gancang datang ka nu ngageroan. Jalma-jalma kafir, pokna, “Ieu poé nu susah.

Poko-Poko Eusi[édit | édit sumber]

  1. Bulan béjad mangrupa tanda kiamat, mu'jizat Nabi s.a.w, pikeun jalma kafir nu sangsi kana kanabian Muhammad s.a.w.
  2. Nabi Muhammad s.a.w, diparéntah nyingkah ti jalma kafir (numutkeun sakaol ieu mansukh, dipupus hukumna tapi ayatna henteu, sapertos ayat khamr(tilu tahap/ undak) dina raraga at-tadaruj fit-tasyri').
  3. Poé wawales, dimimitian hudang ti kubur nyanghareup ka nu ngagero sing kumpul di mahsyar.
  4. Kisoh atawa carita para Nabi a.s, nyaéta kaom Nabi Nuh a.s, kaom 'Ad, kaom Tsamud, kaom Nabi Luth, jeung Fir'aon pikeun pépéling ka manusa.
  5. Kiamat bakal datang jeung siksa naraka nu ngagolak pikeun nu lamokot dosa (mujrimin).
  6. Sagala rupa dicipta bari amar(instruksi)-Na téh sakedét nétra atawa sakiceup, nurutkeun kodar (nu ditangtukeun) Alloh, aya catetanana, nu leutik, nu gedé.
  7. Sakur laku lampah manusa aya catetanana.
  8. Jalma nu takwa (ngajaga diri) bakal asup sorga nu walungan cur cor di jerona, gédéngeun Raja Nu Kumawasa (Alloh) wallahu a'lam.

Tadabbur jeung Tadzakkur[édit | édit sumber]

Hé sakabéh abdi Gusti Alloh hayu urang tadabbur (tina kecap ad-dubur, nu hartosna pengker jadi: bulak-balik neuleuman ayat-ayat-Na), nimba pépéling (tadzakkur, tina kecap ad-dzikr anu hartina inget/éling jeung nyebutkeun/ maca ayat-ayat-Na), bari tafakkur (tina kecap al-fikr anu hartosna ngerok, ngotéktak, ngagali tina ayat-ayat alam, kaoniyyah). Surat ieu nyebutkeun Bulan (ٱلْقَمَرُ) minangka fokus sarta ngaran ieu surat. Ngandung siloka anu jero hartina, pami maké métode tafsir ijmali Syékh Mahmud Syaltut,[3] bisa diibaratkeun bulan di tengah bunderan séntralna, tuluy dijujut pesen-pesen liana nu kabéhanana ngiblat kana bulan. Dina ieu surat nandeskeun bakal digampangkeun ad-dzikr/ tadzakkur anu ngandung amanat kudu ingét/ éling, nyebut tur maca Al-Qur'an. Wallohu a'lam.

Bulan Beulah[édit | édit sumber]

Ieu surat ngébréhkeun pangéling-ngéling pikeun manusa yén kiamat geus deukeut, ditandaan ku bejadna bulan (وَٱنشَقَّ ٱلْقَمَرُ ). Bulan teu leupas tina simbolna ajaran Islam nu dicandak ku Nabi Muhammad s.a.w. Bulan dijadikeun dasar itungan dina Taun Hijriyah sok dingaranan ogé taun Qomariyyah, nu dumasar kana muterna bulan ngurilingan marcapada salila 29 atawa 30 poé nu disebut sabulan. Béda jeung taun Maséhi nu dumasar kana muterna marcapada ngurilingan panon poé, salila sataun ku kituna dingaranan taun Syamsyiyyah. Ogé bulan jadi tanda di luhureun belenong masigit mangrupa bulan sabit. Cindekna, bulan mangrupa hiji di antara simbol dina ajaran Islam nu kacatur dina Al Qur'an jeung hadis. Balik deui.

Mangsa harita urang kafirin nganggap ieu kajadian (bulan bejad) téh sihirna Abu Kabsyah (tukang sihir kasohor di tanah Arob). Padahal geus loba warta jeung carita umat baheula tepi kana ceuli maranéhna, anu eusina ajur leburna umat nu teu daék ngadéngé pépéling nu dicandak ku Rosululloh Muhammad s.a.w, utamana deukeutna kiamat nu ditandaan ku bejadna bulan. Padahal teu nginjeum ceuli jeung mata, nejo sapisan bulan nu bejad, tapi dasarna umat mantangul dianggapna sihir waé, da mémang ahéng, mangrupa ujian kaimanan. Ti dinya maranéhna nuduh Nabi s.a.w, ku sabab bisa meulah bulan dianggapna tukang sihir, na'udzu billah, astagfirulloh. Maranéhna sangsi ka Nabi Muhammad s.a.w, tuluy tarékah satékah polah mawa karepna ngahalang-halang bari teu mikir piakibateunana, padahal sagala perkara geus aya katangtuanana kaasup deukeutna kiamat.

Padahal geus loba carita (الأَنْبَآءِ) ngandung harti, carita umat baheula, Al Qur'an. Anapon (مُزْدَجَرٌ) boga harti nu mepes/ meper ma'siat (bisa rupana larangan atawa ancaman).

Umat Bihari/ Baheula[édit | édit sumber]

Disusul carita umat baheula nu di'azab ku sabab mantangul kana pépéling nu dibawa para nabi a.s

Kaom Nabi Noh a.s.[édit | édit sumber]

Kaom Nabi Enoh a.s, teu percaya kana iber nu dibawa nabina, malihan nabina dijejeléh disebut jalma gélo, kacida.

Kaom 'Ad[édit | édit sumber]

Kaomna Nabi Hud a.s. ogé teu béda laku lampahna, pépéling nu matak pipaureun teu metu.

Kaom Tsamud[édit | édit sumber]

Kaom Nabi Soléh a.s., sarua calutak tur nganggap rémeh ka nabina.

Kaum Nabi Luth a.s[édit | édit sumber]

Ieu kaom diragragan siksa ku sabab laku lampahna nu nirca, sulaya tina tabéat kamanusaan nu papasangan lalaki jeung awéwé.

Fir'aon[édit | édit sumber]

Ieu raja nu dugal jeung kumawasa nu akhirna tumpur.

Wallohu a'lam. Cag teundeun heula dihanjuang siang.....

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi iqtarobatis-sa'ati wansyaqqol qomar, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. Konsep Syukur Dina Al-Qur'an, S.M. Yusup, S.Ag, IAIN Bandung, 1997. Syékh Mahmud Syaltut kungsi jadi Grand Syékh atawa Rektor Universitas Al-Azhar Mesir nu ngarintis tafsir ku metode ijmali (fokus kana eusi séntral hiji surat naha dumasar ngaran atawa liana tuluy éta pesen séntral téh dijujut pakuat pakait jeung pesen liana), salah sahiji tina 4 metodeu, nyaéta (1) Tahlili (nafsirkeun Al-Qur'an runtut ti awal dugi ka akhir ku rupa-rupa corak kumaha élmuna mufasir), (2) Métodeu Ijmali (tafsir global), (3) Métode Muqoron (tafsir babandingan antara mufasir/ tafsir contona Perbandingan tafsir Hamka jeung tafsir As-Shiddiqie (Al-Furqon)), jeung (4) Métode Maudhu'i (tafsir tématik anu dirintis Dr.Abdul Hayy Al-Farmawi, dumasar téma, contona Syukur nurutkeun Al-Qur'an)

Pranala luar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
An-Najm
Surat 54 Surat saparantosna:
Ar-Rohman
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit
Nulis.jpg