Al-Waqi'ah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Al-Waqi'ah
الواقعه
Informasi
Harti Poé Kiamat
Ngaran séjén 'Surotul Ghina
Golongan Makiyyah,
Surah ka 56
Juz Juz 27
Waktu turun wahyu 46 [1]
Statistik
Jumlah ruku' 3 ruku'
Jumlah ayat 96 ayat
Jumlah kecap 378
Jumlah aksara 1703 [2]

Surat Al-Waqi'ah (Arab: الواقعه, "Poé Kiamat") nyaéta surat ka-56 dina Al-Qur'an. Ieu surat  kawengku 96 ayat jeung kaasup golongan surat Makkiyah. Diturunkeun sabada surat Ta Ha (surat ka 20/ 45 nurutkeun turuna) dingaranan Al Waaqi'ah (Poé Kiamat, Anu Pasti Kajadian), dicokot tina kecap Al Waaqi'ah nu aya di ayat kahiji.

Ayat 1-96[édit | édit sumber]

Tarjamah[édit | édit sumber]

Kalayan asma Alloh Nu Maha Welas tur Maha Asih.

  1. Mun tumiba poé Kiamat,
  2. euweuh nu nolak kana kajadianana.
  3. (kajadian kiamat) ngagejrétkeun (hiji golongan) jeung ngangkat (golongan nu séjén).
  4. Mun marcapada digenjlongkeun satakerna,
  5. Jeung gunung-gunung diancurkeun saancur-ancurna,
  6. lebuna awur-awuran, paburisat lir silalatu seuneu (katiup angin puyuh)
  7. Jeung aranjeun jadi tilu golongan,
  8. nyaéta golongan katuhu, kacida mulyana golongan katuhu,
  9. jeung golongan kénca, kacida rugina golongan kénca,
  10. Jeung jalma-jalma nu tiheula (ariman), maranéhna nu pangheulana (asup sorga).

Poko-Poko Eusi[édit | édit sumber]

  1. Mun geus cunduk waktuna ninggang mangsana poé pinasti. Taya nu sangsi kana datangna. Nu ngahandapkeun tur nu ngangkatkeun. Mun marcapada digénjlongkeun, gunung-gunung baritu, lebuna awur-awuran. Harita jadi tilu madhab. Madhab katuhu, kacida bagja madhab katuhu? Madhab kénca, kacida cilaka madhab kénca? jeung nu utama (السَّابِقُونَ), nu ti heula iman, kana kahadéan.
  2. Nu utama (السَّابِقُونَ), nu deuheus (ka Alloh) tempatna di Jannat an-Na'im (surga nu pinuh ku ni'mat), Golongan Katuhu ( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ) dina kawaluyaan, jeung golongan kénca (أَصْحابُ الْمَشْئَمَةِ) dina naraka jahim.
  3. Ciri jalma nu hirupna samemena: teterusan nyieun dosa, teu percaya kana poé dihirupkeun tina kubur. Maranéhna bakal dikumpulkeun kabéh, nu bihari ogé nu kiwari dina poé pinasti, kadahareunana zaqqum, caina panas ngagolak.
  4. Kersa Gusti Alloh nyipta manusa tina cai mani, nuwuhkeun pepelakan, nurunkeun cai hujan, seuneu pikeun tatangkalan.
  5. Tasbéh kana kaagungungan Alloh nu éstu sumpah ku ngaplakna béntang marakbak, Al Qur'an nu mulya, dina kitab nu dijaga, teu dicabak iwal ku nu suci, nu lungsur ti Pangéran sakabéh alam.
  6. Nalika nyawa tepi kana genggerong, bari aranjeun nempokeun. Lamun aranjeun wenang naha teu dibalikkeun.
  7. Bener yakin bagja pikeun jalma deuheus ka Alloh ku surga Na'im, salamet pikeun madhab katuhu, jeung dumukna tukang bohong di naraka Jahim.

Tadabbur jeung Tadzakkur[édit | édit sumber]

Nu pasti cunduk[édit | édit sumber]

إِذا وَقَعَتِ الْواقِعَةُ. Lapad (الْواقِعَةُ) ngandung harti sora nu ngajelegur, waktu nu pasti cunduk, kiamat.[3] geus cunduk waktuna ninggang mangsana poé pinasti. لَيْسَ لِوَقْعَتِهَا كَاذَِبَةٌ Taya nu sangsi kana datangna, boh mu'min atawa kafir.[4] خَافِضَةٌ رَّافِعَةٌ Nu ngagejrétkeun (sabagéan nu luhur pangkat di dunya) jeung nu ngangkatkeun (darajat sabagéan jalma nu dianggap hina)[5] ...إِذَا رُجَّتِ الأَرْضُ رَجّاً... Mun marcapada digénjlongkeun satakerna. ...وَبُسَّتِ الْجِبَالَ بَسّاً... jeung gunung-gunung baritu, runtuh, ngaley, rengkah, jeung bubuk.[6] فَكَانَتْ هَبَآءً مُّنبَثّاً lebuna awur-awuran,paburisat [7] lir silalatu seuneu, lir dadaunnan nu katiup angin puyuh.[8]

Tilu Golongan[édit | édit sumber]

وَكُنتُمْ أَزْوَاجاً ثَلاَثَةً (Harita) aranjeun jadi tilu golongan, dua di surga hiji di naraka.[9]فَأصحَابُ المَيْمَنَةِ ما أصحَابُ المَيْمَنَةِ Golongan katuhu, kacida bagja golongan katuhu? Nyaéta ahli sorga. وأصحَابُ المَشأَمَةِ ما أصحَابُ المَشأَمَةِ Golongan kénca, kacida cilaka golongan kénca? Nyaéta ahli naraka. Jeung nu katilu utama (as-Sabiqun). Dicskeun dina: ثم أورثنا الكتاب الذين اصطفينا من عبادنا فمنهم ظالم لنفسه ومنهم مقتصد ومنهم سابق بالخيرات بإذن الله . Satuluyna ieu kitab, Kula wariskeun ka jalma-jalma nu dipilih ti antara abdi-abdi Kula. Ti antarana aya dholim ka dirina sorangan, aya nu sineger tengah, jeung aya tiantarana nu tiheula dina kahadéan kalayan idin Alloh.

Nu Pangheulana ( السابقون )[édit | édit sumber]

والسابقون السابقون Kecap diulang dua kali boga harti nu tiheula iman tiap umat, nu gagancangan ka masigit, nu solat ka kiblatain, para nabi a.s.,[10] kaol lian, aya opat: Hizqil nu iman ti karabat Fir'aun, nu tiheula umat 'Nabi Isa a.s. Habib an-Najar, dua nu tiheula umat Nabi Muhammad s.a.w, Abu Bakar jeung 'Umar r.a.[11] أولئك المقربون. Maranéhna nu deuheus. Kecap ثلة, boga harti satengah.[12] Kalimat من الأولين Boga makna sohabat Nabi s.a.w, kaum Nabi Nuh a.s (nu iman). وقليل من الآخرين Maksudna, sohabat Nabi s.a.w.[13] Riwayat ti Abu Huraéroh r.a. nalika turun ثلة من الأولين وقليل من الآخرين. Para sohabat Nabi s.a.w. ngarasa susah teras turun ثلة من الأولين وثلة من الآخرين. Nabi s.a.w ngadawuh: ...إني لأرجو أن تكونوا ربع أهل الجنة بل ثلت أهل الجنة بل أنتم نصف أهل الجنة وتقاسمونهم في النصف الثاني...Kuring ngarep-ngarep aranjeun 1/4 ahli sorga, malahan 1/3 (sapertilu) jeung malahan satengah (1/2)na. Nu utama (muqorrobin, nu deuheus ka Alloh) tempatna di Jannat an-Na'im (surga nu pinuh ku ni'mat), seulobana tinu bihari, sapalihna tinu kiwari, dariuk bari pahareup-hareup, diladénan ku pelayan nu nyandak tuang leueuteun teu matak weureu, bubuahan nu pinilih, daging nu kadesem, widadari nu panona cureuleuk lir mutiara nu dijaga, teu nyarita iwal nu pisalameteun, teu matak gaflah ogé teu pidosaeun.

Golongan Katuhu ( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ )[édit | édit sumber]

( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ ) aya sababaraha kaol, nyaéta nu hirupna bener, teu kaasup nu deuheus (muqorobin), nu nyangking kitab amal ti katuhu, umat nu tumut tapi teu tepung jeung para nabi a.s, jeung nu nyieun kahadéan ogé kagoréngan tapi tuluy tobat.

Golongan kénca (أَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ)[édit | édit sumber]

وَأَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ مَآ أَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ Teterusan nyieun dosa, teu percaya kana poé dihirupkeun tina kubur. Maranéhna bakal dikumpulkeun kabéh, nu bihari ogé nu kiwari dina poé pinasti, kadahareunana zaqqum, caina panas ngagolak.

Kersa Nu Kawasa[édit | édit sumber]

Alloh Nu nyipta manusa tina cai mani, nuwuhkeun pepelakan, nurunkeun hujan, nyipta seuneu jeung kakaian keur barangasakan.

Sumpah Pangéran[édit | édit sumber]

Tasbéh kana kaagungungan Alloh nu éstu sumpah ku ngaplakna béntang marakbak, Al Qur'an nu mulya, dina kitab nu dijaga, teu dicabak iwal ku nu suci, nu lungsur ti Pangéran sakabéh alam.

Nyawa dina genggerong[édit | édit sumber]

Nalika nyawa tepi kana genggerong, bari aranjeun nempokeun. Lamun aranjeun wenang naha teu dibalikkeun.

Haqqul yakin[édit | édit sumber]

Bagja pikeun jalma deuheus ka Alloh ku surga Na'im, salamet pikeun madhab katuhu, jeung dumukna tukang bohong di naraka Jahim.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi idza waqo'at al-Waqi'ah, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. Tafsir an-Nukat wal 'Uyun (Tafsir Al-Mawardi), Abul Hasan 'Ali bin Muhammad bin Habib al-Mawardi, Surat Al-Waaqi'ah.
  4. Kaol Ibnu 'Abbas jeung Ibnu Kamil r.a.
  5. Kaol Muhammad bin Ka'ab r.a.
  6. Kaol Ikrimah, Muh. Ibnu Ka'ab, Mujahid,jeung Lash Gotfan
  7. Kaol as-Suddi r.a
  8. Kaol Ibnu 'Abbas, Qotadah r.a.
  9. Kaol Sy Umar bin Hottob r.a.
  10. Kaol Hasan, Qotadah, Ibnu Sirin, Ibnu Ka'ab r.a.
  11. Numutkeun Ibnu 'Abbas r.a.
  12. Kaol ad-Dhohhak r.a.
  13. Kaol Al-Hasan r.a.

Pranala luar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
Ar-Rohman
Surat 56 Surat saparantosna:
Al-Hadid
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit