Lompat ke isi

Jihad

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Jihad asalna tina kecap “jahada” atawa ”jahdun” (جَهْدٌ) nu hartina “usaha” atawa “juhdun” ( جُهْدٌ) nu hartina kakuatan.[1]

Harti Jihad

[édit | édit sumber]

Harti Jihad Nurutkeun Basa

[édit | édit sumber]

Dumasar kana basa, asal makna jihad téh nyaéta ngedalkeun sagala kasungguhan, kakuatan, jeung kasanggupan kana jalan nu dipikayakin (diiktikadkeun) yén jalan éta téh anu bener.[1]

Numutkeun Ibnu Abbas, salah sahiji sohabat Nabi Muhammad SAW, sacara basa jihad téh hartina “ngedalkeun sakabéh kakuatan kalawan henteu aya rasa sieun pikeun ngabéla (agama) Allah tina carcaan jalma nu nyarca jeung mumusuhan jalma nu ngamusuhan”.[1]

Harti Jihad Nurutkeun Istilah

[édit | édit sumber]

Harti jihad nurutkeun kana istilah lega mokaha hartina, ti mimiti néangan napkah nepi ka merangan kaum kapirin nu ngamusuhan ka Islam jeung kaum Muslim.[rujukan?] Dina istilah saréat, jihad ngandung harti ngedalkeun sakabéh daya jeung upaya pikeun merangan jalma kapir jeung para gorombolan.[rujukan?] Numutkeun Ibnu Taimiyah, jihad téh hakékatna mah usaha kalayan bener-bener sangkan ngahasilkeun sagala rupa nu dipikaridho ku Allah mangrupa amal soléh, kaimanan.[rujukan?] Ogé jihad téh nolak sakabéh anu dibendu ku Allah mangrupa kakapiran, kapasékan, jeung kadorakaan.[rujukan?] Makna jihad leuwih lega cakupannana ti nimbang tarékah perang.[rujukan?] Jihad diantawisna panghartian perang, ngabalanjakeun harta, sagala upaya dina raraga ngadukung agama Allah, bajuang ngalawan hawa nafsu, sarta ngalawan setan.[1] Kecap “jihad” dina bentuk fiil jeung isim disebut 41 kali dina Al-Qur’an, boh anu teu pakuat-pakait jeung perang ogé anu aya kakaitanna jeung perang.[rujukan?]

Makna Jihad

[édit | édit sumber]

Makna Lega Jihad

[édit | édit sumber]

Legana makna jihad yén babaraha ulama ngahartikeun jihad minangka “sagala rupa usaha satekerkebek pikeun ngalarapkeun agama Islam jeung merangan kadzoliman sarta kajahatan, boh nu ninggang ka diri sorangan ogé dina kahirupan masarakat.”[1]

Aya ogé nu ngahartikeun jihad minangka “bajuang kalayan sagala pangorbanan harta jeung jiwa dina raraga ngadirikeun kalimah Allah (Islam) atawa ngabéla kapentingan agama jeung umat Muslim.”[1]

Kecap-kecap jihad dina Al-Quran lolobana ngandung makna lega.[rujukan?] Jadi hartina téh henteu ngan saukur dina perkara peperangan, patempuran, jeung nu ngeunaan pisik hungkul, namung kalingkup ogé sagala rupa kagiatan jeung usaha nu kasamokaha dina raraga da’wah Islam, amar makruf nahyi munkar (nitah kana kaalusan jeung nyaram kana kamungkaran). [rujukan?]

Dina panghartian ieu, jihad téh kudu tumerus dilakonan boh dina kaayaan perang atawa tingtrim, ku sabab tegakna Islam patali kana jihad.[rujukan?]

Makna Heurin Jihad

[édit | édit sumber]

Jihad dina harti heurinna nyaéta “perang ngalawan kaum kafir atawa musuh-musuh Islam”.[rujukan?] Panghartian saperti éta diantawisna dikedalkeun ku Imam Syafé’i yén jihad téh nyaéta “merangan jalma kafir pikeun nanjeurkeun saré’at Islam”.[1]

Ogé sakumaha dikedalkeun ku Ibnu Atsir, jihad hartina “merangan jalma kafir kalayan sabener-benerna, méakkeun daya jeung tanaga dina nyanghareupan maranéhannana (kafir), boh ku omongan boh ku lalampahan.”[1]

Dina Al-Quran, kecap jihad unggal-unggalna diparengan ku kalimah fi sabilillah (dina jalan Allah), jadina jihad fi sabilillah, nyaéta bajuang ku sagala cara maké niat pikeun miharep rdiho Allah SWT (mardhatillah).[rujukan?]

Tujuan Jihad

[édit | édit sumber]
  1. Mertahankeun diri, kahormatan, jeung harta tina laku lampah sangeunahna musuh,[1]
  2. Ngaberantas kadzoliman anu ditojokeun ka umat Islam,[1]
  3. Ngabantu jalma nu lemah (kaum dhu’afa),[1] eujeung
  4. Ngawujudkeun kaadilan jeung kabeneran.[1]

Hukum Jihad

[édit | édit sumber]

Saenyana jihad téh hukumna fardhu kifayah, namung jadi fardhu a’in umpamana[2]:

  1. Mun hiji muslim mukallaf asup di medan perang, jeung teu meunang kabur.[2]
  2. Mun musuh geus asup wilayah, antukna kaum muslim mukallaf wajib merangan.[2]
  3. Mun diparéntah ku pamingpin pikeun ngalakukeun perang, maka harita ogé jadi wajib ‘ain.[2]

Rupa-rupa Jihad

[édit | édit sumber]

Dumasar kana Al-Qur’an surat At-Taubah ayat 20, jihad téh kabagi dua, nyaéta[1]:

  1. Jihadul Maali (jihad ku harta)[1]
  2. Jihadun Nafsi (jihad ku diri atawa jiwa sinareng raga).[1]

Jihad ku harta nyaéta bajuang ngabéla kapentingan agama jeung umat Islam kalayan ngagunakeun matéri (harta kakayaan) anu dipimilik.[rujukan?]

Jihadunnafsi nyaéta bajuang kalayan ngedalkeun sagala pangabisa anu aya dina diri mangrupa tanaga, pipikir, élmu, pangabisa, ogé nyawa nu miharga.[rujukan?]

Ibnu Qayyim ngabagi jihad kana tilu katégori ditingali tina palaksanaanna, nyaéta[1]:

  1. Jihad mutlak,[1]
  2. Jihad hujjah,[1]
  3. Jihad ‘amm.[1]

Jihad mutlak nyaéta perang ngalawan musuh di medan paperangan (bajuang maké pisik).[rujukan?] Jihad hujjah nyaéta jihad nu dilakukeun sangkan silihsanghareupan antara muslim jeung pameluk agama séjén dina ngébréhkeun argumentasi anu kuat ngeunaan kabeneran Islam (sawala, debat, atawa dialoh).[rujukan?] Sedengkeun jihad ‘amm nyaéta jihad anu nyakup sagala aspek kahirupan boh anu pasipatan moral ogé matérial, nyanghareup diri sorangan atawa ka jalma séjén.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Risalah Islam. Pengertian Jihad yang Sebenarnya. http://www.risalahislam.com/2014/08/pengertian-jihad-yang-sebenarnya.html, 06 Nopémber 2014
  2. a b c d Pondok Pesantren Al-Badar Pare-pare Sulsel. Pengertian, Macam, Tujuan dan Hukum Jihad. http://al-badar.net/pengertian-macam-tujuan-dan-hukum-jihad/, 06 Nopémber 2014