Lompat ke isi

Rukun Iman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Rukun Iman dina ajaran Islam aya 6, nyaéta iman ka Alloh, Malaekat-Na, Kitab-kitab-Na, Rosul-rosul-Na, poé akhir, jeung taqdir-Na nu hadé jeung nu goreng.

Hartina Iman

[édit | édit sumber]

Iman nurutkeun basa

[édit | édit sumber]

Iman nyaéta percaya (dina haté),[1]

فالإيمان قول باللسان واعتقاد بالقلب وعمل بالجوارح وهو يزيد بالطاعة وينقص بالمعصية.

. Ngabenerkeun ku haté, ngucapkeun ku lisan jeung ngamalkeun ku anggota badan, nambah ku toat, ngurangan ku ma'siat.

Iman nurutkeun istilah

[édit | édit sumber]

Iman nyaéta percaya ka Alloh, malaékat-Na, kitab-Na, rosul-Na, poé ahir, jeung taqdir nu hadé tur goréng.[2][3][4] Jalma nu iman disebut mukmin.

Béda Mukmin jeung liana

[édit | édit sumber]

Mu'min nyaéta jalma nu percaya dina haténa kana rukun iman, tuluy dikedalkeun ku maca syahadat dibarengan ku ngalaksanakeun ajaran Islam. Sedengkeun jalma nu fasék (ruksak imana) nyaéta nu boga iman tapi migawé dosa, naha teu ngalaksanakeun atawa ngarempak ajaran Islam. Anapon munafék nyaéta nu teu boga iman dina haténa tapi, laku lampahna kawas nu iman (pura-pura) istilahna beungeut nyanghareup ati mungkir. Musyrik nyaéta jelma nu percaya ka Alloh tapi percaya ogé ka salian ti Alloh, bari nganggapna satata atawa bisa nandingan Alloh, ieu dosa euweuh hampura mun ka bawa maot. Ari Kafir nyaéta nu teu boga iman dina haténa ka Alloh atawa nolak kana ajaran Islam, naha ngamusuh atawa henteu.[5]

6 Rukun Iman

[édit | édit sumber]

Nyaéta nékadkeun kalayan pasti ayana Alloh nu murbéng alam, disembah tur diibadahan, euweuh babandinganana pikeun Alloh S.W.T. Percaya kana asma jeung sifat anu dijéntrékeun dina Al Qur'an jeung hadis nu sohéh, tanpa tahrif (nyalénggor), tanpa tasybih (nyarupakeun jeung mahluk), tanpa takyif (kumaha) jeung tanpa ta'thil (kaleuleuwihi). Iman didadasaran ku ngisat diri ngotéktak rusiah alam (sunnatulloh).

Intina tauhid aya dina kalimah ...لآ اِلَـهَ اِلاَّ لله... (euweuh pangéran iwal Alloh), tauhid uluhiyyah, ngayakinkeun samurni-murnina Alloh S.W.T nu Maha Tunggal, euweuh babandinganana, teu boga pamajikan komo turunan intina diécéskeun dina surat ka 112 Al-Ikhlas ayat 1-4: Pok caritakeun (Muhammad): "Saéstuna Alloh Maha Tunggal. Alloh pamuntangan sakumna mahluk. Anjeunna henteu putraan jeung henteu dibabarkeun. Jeung henteu aya hiji ogé anu nyaruaan Anjeunna". Aya tilu (3) tauhid, nyaéta:

  • Tauhid Uluhiyyah, ngayakinkeun yén Alloh Nu Mahatunggal, euweuh pangéran séjén. Jeung Pangéran aranjeun Pangéran Nu Mahatunggal, teu aya pangéran iwal Anjeuna Nu Mahawelas tur Mahaasih...Alloh teu aya pangéran iwal Anjeuna Nu Mahahirup tur Maha Ngurus sakabéh mahluk.[6] Kecap (الإله ) ngandung harti Dzat nu disembah. Kalimah ...لآ اِلَـهَ اِلاَّ لله..., kalimah nafy (ngeuweuhkeun) jeung itsbat (netepkeun), ku kituna kalimah tauhid ieu ngécéskeun euweuh (nafy) pangéran iwal (itsbat) Alloh.
  • Tauhid Rububiyyah. Ngayakinkeun yén euweuh (robb) nu murbéng (nyipta, ngatur, ngurus) sakabéh alam iwal Alloh.[7] Dawuh-Na:Omongkeun ku Anjeun (Muhammad), “Saha Robb langit jeung bumi?” Kecapkeun, “Alloh.” Kedalkeun, “Naha pantes aranjeun néangan panaggeuhan nu ngariksa salian ti Alloh, padahal maranéhna teu boga kawasa méré manfaat ogé teu bisa nolak madarat pikeun dirina sorangan?[8]
  • Tauhid Asma (ngaran) jeung sifat. Ngayakinkeun yén Alloh Nu ngagaduhan ngaran jeung sifat nu sampurna (kamal), éndah (jamal), jeung agung (jalal) beda jeung sakabéh mahluk (mukholafatu lil hawadits). Ngaran jeung sifat nu disebutkeun Al Qur'an jeung hadis, di antarana. Anjeuna Alloh teu aya pangéran iwal Anjeuna. Nu Mahauninga (al-'Alim) nu goib jeung nu nyata, Anjeuna Nu Mahawelas (Ar-Rohman), Mahaasih (ar-Rohim). Anjeuna Alloh teu aya pangéran iwal Alloh. Maharaja (al-Malik), Nu Mahasuci (al-Quddus), Nu Mahasejahtera (as-Salam), Nu ngajaga Kaamanan (al-Mu"min), Ngaraksa Kasalametan ()al-Muhaimin), Nu Mahagagah (al-'Aziz), Nu Mahakumawasa (al-Jabbar), Nu Boga Kaagungan (al-Mutakabbir), Mahasuci Alloh tina saniskara nu maranéhna musyrikkeun. Anjeuna Alloh nu Nyiptakeun (al-Kholiq), Nu ngayakeun (al-Baari), Nu Ngabentuk Rupa (al-Mushowwir), Anjeuna nu gaduh ngaran-ngaran nu éndah (Asmaul Husna). Naon nu di langit jeung di bumi tasbéh ka Anjeuna. Jeung Anjeuna Nu Mahagagah, Mahawijaksana.[9] Dina hadis disebut aya 99 (salapan puluh salapan) Asma'ul husna ti riwayat sohabat Abu Huraéroh r.a.[10]

Kafirin Qurésy, ngangken Alloh minangka Pangéran (robb) tapi teu nyembah Alloh malah nyembahna patékong. Ieu nu disebut syirik (jalmana musyrik) nyaéta ngaku aya pangéran séjén salian ti Alloh. Musyrikin Qurésy nyieun babandingan pikeun Alloh) zaman jahiliyyah aya 360 patékong (minangka pangéran) nu disembah sakuriling Ka'bah. Ieu nu dipahing dina ajaran tauhid, dosa syirik dosa pangbeuratna moal meunang pangampura ti Alloh.

Iman ka Malaékat

[édit | édit sumber]

Nu dimaksud iman ka malaékat, nyaéta nékadkeun percaya yén Alloh geus nyiptakeun malaékat tina cahya, maranéhna aya teu ma'siat ka Alloh, ngalaksanakeun kana sagala paréntah-Na.[11] Dijentrékeun dina Al Qur'an jeung hadis, saperti malaékat Hamlatul Arsy (malaékat nu ngagédéng Arsy).[12] Di antarana, syékh Nawawi al-Bantani nyebutkeun pamadegan Ahlussunnah waljama'ah (Asy'ariyyah) Aya 10 (sapuluh) malaékat anu kudu nyaho tiap muslim, nyaéta:

  1. Jibril,
  2. Mikail,
  3. Isrofil,
  4. 'Izroil,
  5. Roqib,
  6. 'Atid,
  7. Munkar/ Zabaniyyah.
  8. Nakir,
  9. Malik, jeung
  10. Ridwan.[13]

Iman kana Kitab

[édit | édit sumber]

Makna iman kana kitab, nyaéta percaya Alloh geus nurunkeun kitab ka  para nabi jeung rosul a.s. sabagian disebutkeun dina Al Qur'an sabagian teu disebutkeun. di antarana, nyaéta kitab Torét, Injil, Zabur, suhuf Ibrohim, jeung Al Qur'an.

Iman ka Rosul a.s.

[édit | édit sumber]

Iman ka para rosul a.s. nu disebutkeun dina kitab-Na yén Alloh geus ngutus rosul anu jumlahna nu pasti anging Alloh.

Disebutkeun dina Al Qur'an aya 25 urang anu wajib nyaho, nyaéta:

  1. Adam
  2. Idris,
  3. Nuh,
  4. Hud,
  5. Soléh,
  6. Ibrohim,
  7. Luth,
  8. Ismail,
  9. Ishaq,
  10. Ya'qub,
  11. Yusuf,
  12. Ayyub,
  13. Syuéb,
  14. Musa,
  15. Harun,
  16. Yunus,
  17. Ilyas,
  18. Ilyasa,
  19. Dzulkifli,
  20. Dawud,
  21. Sulaéman,
  22. Zakariya,
  23. Yahya,
  24. Isa jeung
  25. Muhammad s.a.w.

Iman Poé Akhir

[édit | édit sumber]

Iman ka poé ahir nyaéta percaya kana sakabéh iber ti Alloh jeung rosul-Na kana ayana kajadian sabada maot, fitnah kubur, siksa jeung ni'mat, kiamat, timbangan amal, talaga rosul, jambatan (shiroth), syafa'at, surga jeung naraka.

Iman kana Taqdir

[édit | édit sumber]

Iman/ percaya yén Alloh S.W.T nu nyipta hadé jeung goréng dina satiap wujud kalayan ukuran/ katangtuan Alloh S.W.T lumaku dina wanda sunnatulloh (hukum Alloh nu lumaku ka sakabéh mahluk. Naha bangsa jamadat (barang nu paéh), nabatat (tutuwuhan), hayawanat (sabangsa héwan) atawa basyariyat (manusa sacara fisik) jeung sifatna mawahib(paméré) lain makasib (hasil usaha) teu diwiji-wiji, saperti ayana lalaki (jadi lalaki lain kahayang urang) jeung (kitu ogé) awéwé rupa-rupa bangsa (jadi bangsa Indonésa lain kahayang, lamun bisa milih jadi bangsa pinilih meureun), warna kulit jeung basa, aya nu pendék, nu jangkung jeung sajabana.

Béda jeung katangtuan Dinulloh (hukum Alloh anu dipancénkeun ka manusa jeung jin wungkul). Wenang pikeun manusa jeung jin, milih toat atawa hanteu, tapi aya balitunganana di akhérat. Sedengkeun sunnatulloh mah euweuh balitunganana di akhérat (moal ditanya kunaon sababna anjeun pendék atawa jangkung, misalna). Jadi manusa kaasup mahluk dilématis, sagigireun keuna sunnatulloh wajib ogé ngalaksanakeun dinulloh.

Pagawéan abdi-Na dina kahadéan teu leupas tina katangtuan Alloh, dibarengan nyaah jeung ridho-Na, sabab kitu paréntah-Na. Kitu ogé amal nu goréng éta ku takdir Alloh, dina harti aya dina katangtuan Alloh tapi Alloh S.W.T, teu mikaresep tur teu mikaridho abdi-Na milampah kitu sabab dilarang ku Alloh S.W.T. Conto, kudu ibadah, mun teu ibadah ragrag kana dosa, dosa aya ancaman hukuman (naraka). Mun dilakonan bakal meunang ganjaran (sawarga), duanana dina katangtuan Alloh S.W.T. Ngan takdir ieu rusiah Pangéran, manusa jeung jin wajibna ikhtiar.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Prof. Mahmud Yunus, Kamus Arab - Indonesia, Cet. Pertama, Padang - Jakarta, tahun 1393 H/ 1973 M, hal. 49.
  2. H.R. Imam Muslim ti sohabat Umar bin Khothob r.a.
  3. Dr. Sholéh bin Fauzan (1354-1381 H), As-ilah wal Ajwibah fi Masa-ilil Iman wal Kufr, Sual ats-Tsany
  4. Syarah Aqidah al-Wasathiyah Muhammad bin Kholil bin Haras, Daru Ibn ‘Affan, 1423 M/2002 M, Juz 1, kaca 45
  5. Akidah (poko kayakinan) nu dicekel Ahlussunnah wal jama'ah nu tokohna diantarana Abul Hasan al-'Asy'ari (260-324 H) dina kitabna Al-Ibanah 'an Ushulid-diyanah' jeung Abu Manshur al-Maturidhi, Syéh Nawawi Al-Bantani dina kitabna Tijan ad-Darury
  6. QS 2 Al-Baqoroh 163, 255
  7. QS 1 Al-Fatihah ayat 2
  8. QS 13 Ar-Ra'd ayat 16
  9. QS 59 al-Hasyr ayat 22-24; ogé tingal QS 20 Toha ayat 8; QS 17 al-Isro ayat 110; QS al-A'rof ayat 180
  10. H.R. Tirmidzi
  11. QS 66 At-Tahrim ayat 6
  12. QS 40 Al-Mu'min ayat 7; QS 69 Al-Haaqah ayat 17
  13. Syekh Nawawi Al-Bantani, Tijan Darury Syarah Bajuri,

Daftar Bacaan

[édit | édit sumber]
  • Al-Qur'an Jeung Tarjamahna
  • Hadits Sohéh Bukhori Jeung Sohéh Muslim
  • al-Ushuluts-Tsalatsah Syékh Utsaimin