Nawawi al-Bantani

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


syékh Muhammad Nawawi al-Jawi al-Bantani (bahasa Arab: محمد نووي الجاوي البنتني, babar di Tanara, Serang, 1230 H/1813 M - pupus di Mekkah, 1314 H/1897 M) mangrupa ulama Sunda Indonesia  nu kakoncara ka mancanagara (ulama Sunda Indonesia  internasional) jeung Imam Masjidil Harom. Pangnénéh nisbat al-Bantani  karana anjeunna ti Banten, Indonesia. Ulama jeung inohong nu produktif nulis kitab, dina rupa-rupa widang, fiqih, tauhid, tasawuf, tafsir, jeung hadis. Jumlah karyana kurang leuwih 115 kitab. ku kituna Syékh Nawawi Al-Bantani dilélér gelar Sayyid Ulama Al-Hijaz (Pamingpin 'Ulama Hijaz), Al-Imam Al-Muhaqqiq wa Al-Fahhamah Al-Mudaqqiq (Imam Nu Jero élmuna), A’yan Ulama Al-Qarn Al-Ram Asyar li Al-Hijrah (Inohong 'Ulama Abad 14 H), Imam Ulama’ Al-Haramain (Imam 'Ulama Dua Kota Suci).[1]

Babar jeung Atikan[édit | édit sumber]

Babar[édit | édit sumber]

Dibabarkeun kalayan asma  Muhammad Nawawi bin ‘Umar bin ‘Arabi di Kampung Tanara, hiji désa  di kacamatan Tirtayasa, Kabupatén Sérang, Propinsi Banten (kiwari di Kampung Pesisir, désa Pedaleman, Tanara, Sérang Kecamatan Tanara, Sérang payun Masjid Jami’ Syékh Nawawi Al-Bantani) taun 1230 H atawa 1815 M nasabna ka Maulana Hasanuddin Putra Sunan Gunung Jati, Cirebon. Turunan ka-12 ti Sultan Banten. Ramana,‘Umar bin ‘Arabi, ibuna Zubaédah.

Syaikh Nawawi al-Bantani al-Jawi nikah sareng Nyai Nasimah, gadis asal Tanara, Banten gaduh putra 3 nyaéta: Nafisah, Maryam, Rubi’ah. Bojona pupus mayunan anjeunna.

Guru-Guruna[édit | édit sumber]

  • Syékh Achmad Khotib Al-Syambasi ( 1217 H/1802 M - 1289 H/1872 M),
  • Syékh Abdul Ghoni Bima,
  • Syékh Yusuf Sumbulawéni,
  • Syékh Abdul Hamîd Daghéstani,
  • Syékh Sayyid Ahmad Nahrowi,
  • Syékh Ahmad Dimyati,
  • Syékh Ahmad Zaéni Dahlan,
  • Syékh Muhammad Khotib Hambali, jeung
  • Syékh Junéd Al-Batawi di Mekah, sarta ulama  Madinah, nyaéta:
  • Syékh Muhammad Khotib.

Tapi guru nu gedé pangaruhna nyaéta  Syékh Sayyid Ahmad Nahrowi, Syékh Junéd Al-Betawi dan Syékh Ahmad Dimyati, ulama kasohor di Mekah. Liwat  tilu Syékh ieu karakterna masagi. Ogé dua ulama kasohor Madinah dina widang pamikiran, nyaéta Syékh Muhammad Khotib dan Syékh Ahmad Zaéni Dahlan.

Nasionalisme jeung Masjidil Harom[édit | édit sumber]

Tiga taun mukim di Mekah, tuluy balik deui ka Banten. Pamaréntah Hindia Walanda keur meuweuh nindas rahayat, umat Islam. Teu kalékéd  anjeunna nguriling di  Banten ngagedurkeun sumanget jihad. Tangtu waé pamaréntah Walanda ngalarang anjeunna khutbah di masigit-masigit. Malihan dituduh anték  Pangeran Diponegoro nu harita keur ngalawan ka imperialis Walanda (1825- 1830 M).

Minangka inohong anu merjuangkeun kaadilan jeung bebeneran, kapaksa Syékh Nawawi nyingkir ka Mekah. Di Mekah anjeunna neuleuman élmu agama ka guru-guruna salila 30 tahun, mimiti 1830 dugi 1860 M. Dumuk di Syi'ib ‘Ali, Mekah tur ngajar di  payuneun bumina. Muridna loba ti unggal madhab saantéro dunya ku kituna Syékh Nawawi al-Bantani jadi ulama kawentar dina widang agama, utamana  tauhid, fiqih, tafsir, jeung tasawwuf.

anjeunna mingkin kakoncara sabada ditunjuk gaganti Imam Masjidil Harom, Syékh Achmad Khotib Al-Syambasi (1217 H/1802 M - 1289 H/1872 M) [2][3] Ti mimiti harita nelah Syékh Nawawi al-Bantani al-Jawi, ulama nu nyongcolang  dina élmu agama, kamasyhur ka mana-mana. Lain hungkul di kota Mekah jeung Madinah tapi ogé tepi ka nagri Mesir  malihan nalika Indonésia mardéka, Mesir nagara nu pangheulana ngadukung  Indonésia mardéka.[4]

Murid-Muridna[édit | édit sumber]

Sanajan luhur ku élmu Syékh Nawawi, ceuk Snouk Oréntalis Walanda  Syékh Nawawi mangrupa ulama nu handap asor, teu adigung sadia korban keur agama tur bangsa. Murid-muridna jadi ulama kasohor, di antarana:

  • K.H. Hasyim Asyari (nu ngadegkeun Nahdhatul Ulama),
  • K.H. Ahmad Dahlan (nu ngadegkeun Muhammadiyah),
  • K.H. Khalil Bangkalan,[5].
  • K.H. Asnawi Kudus,
  • syékh Tubagus Ahmad Bakri as-Sampuri Sempur, Plered, Purwakarta,
  • K.H. Arsyad Thawil, dan lain-lainnya.
  • Kiai Hasan Genggong, ti Pasantrén Zainul Hasan Génggong, Génggong

Kacarita, K.H. Hasyim Asyari nalika keur ngajar santri-santrina di Pasantrén Tebu Ireng sok rembay cipanon ngawulang Kitab Fiqih Fath al-Qorîb  anggitan guruna,  Syékh Nawawi. Jigana haté  K.H. Hasyim Asyari émut nyoréang ka tukang nalika nyukcruk élmu dugi teu kiat nahan katineung ka guruna nu hadé merhatikeun, nahan haru dina sela-sela baris Fath al-Qarib nu diajarkeun ka santri-santrina.

Jujuluk[édit | édit sumber]

  • Doktor Katuhanan (Ahli téologi/ ahli kalam). 
  • al-Imam wa al-Fahm al-Mudaqqiq (Imam anu jero élmuna).
  • al-Sayyid al-‘Ulama al-Hijâz (Inohong Ulama Hijaz ,  Hijaz nyaéta Jazirah Arab kiwari  Saudi Arabia.
  • Ulama Indonesia masihan jujuluk Bapak Kitab Kuning Indonesia.

Anggitan jeung Karomahna[édit | édit sumber]

Anggitan[édit | édit sumber]

Ulama asal Mesir, Syaikh 'Umar 'Abdul Jabbâr dina kitabna "al-Durûs min Mâdhi al-Ta’lîm wa Hadlirih bi al-Masjidil al-Harâm” (Sababaraha palajaran ti bihari jeung kiwari  Pangatikan di Masjidil Haram) nulis yén Syékh Nawawi kacida produktifna saratus judul leuwih dina rupa-rupa widang élmu:

  1. al-Tsamâr al-Yâni’ah syarah al-Riyâdl al-Badî’ah
  2. al-‘Aqd al-Tsamîn syarah Fath al-Mubîn
  3. Sullam al-Munâjah syarah Safînah al-Shalâh
  4. Baĥjah al-Wasâil syarah al-Risâlah al-Jâmi’ah bayn al-Usûl wa al-Fiqh wa al-Tasawwuf
  5. al-Tausyîh/ Quwt al-Habîb al-Gharîb syarah Fath al-Qarîb al-Mujîb
  6. Niĥâyah al-Zayyin syarah Qurrah al-‘Ain bi Muĥimmâh al-Dîn
  7. Marâqi al-‘Ubûdiyyah syarah Matan Bidâyah al-Ĥidâyah
  8. Nashâih al-‘Ibâd syarah al-Manbaĥâtu ‘ala al-Isti’dâd li yaum al-Mi’âd
  9. Salâlim al-Fadhlâ΄ syarah Mandhûmah Ĥidâyah al-Azkiyâ΄
  10. Qâmi’u al-Thugyân syarah Mandhûmah Syu’bu al-Imân
  11. al-Tafsir al-Munîr li al-Mu’âlim al-Tanzîl al-Mufassir ‘an wujûĥ mahâsin al-Ta΄wil musammâ Murâh Labîd li Kasyafi Ma’nâ Qur΄an Majîd
  12. Kasyf al-Marûthiyyah syarah Matan al-Jurumiyyah
  13. Fath al-Ghâfir al-Khathiyyah syarah Nadham al-Jurumiyyah musammâ al-Kawâkib al-Jaliyyah
  14. Nur al-Dhalâm ‘ala Mandhûmah al-Musammâh bi ‘Aqîdah al-‘Awwâm
  15. Tanqîh al-Qaul al-Hatsîts syarah Lubâb al-Hadîts
  16. Madârij al-Shu’ûd syarah Maulid al-Barzanji
  17. Targhîb al-Mustâqîn syarah Mandhûmah Maulid al-Barzanjî
  18. Fath al-Shamad al ‘Âlam syarah Maulid Syarif al-‘Anâm
  19. Fath al-Majîd syarah al-Durr al-Farîd
  20. Tîjân al-Darâry syarah Matan al-Baijûry
  21. Fath al-Mujîb syarah Mukhtashar al-Khathîb
  22. Murâqah Shu’ûd al-Tashdîq syarah Sulam al-Taufîq
  23. Kâsyifah al-Sajâ syarah Safînah al-Najâ
  24. al-Futûhâh al-Madaniyyah syarah al-Syu’b al-Îmâniyyah
  25. ‘Uqûd al-Lujain fi Bayân Huqûq al-Zaujain
  26. Qathr al-Ghais syarah Masâil Abî al-Laits
  27. Naqâwah al-‘Aqîdah Mandhûmah fi Tauhîd
  28. al-Naĥjah al-Jayyidah syarah Naqâwah al-‘Aqîdah
  29. Sulûk al-Jâdah syarah Lam’ah al-Mafâdah fi bayân al-Jumu’ah wa almu’âdah
  30. Hilyah al-Shibyân syarah Fath al-Rahman
  31. al-Fushûsh al-Yâqutiyyah ‘ala al-Raudlah al-Baĥîyyah fi Abwâb al-Tashrîfiyyah
  32. al-Riyâdl al-Fauliyyah
  33. Mishbâh al-Dhalâm’ala Minĥaj al-Atamma fi Tabwîb al-Hukm
  34. Dzariyy’ah al-Yaqîn ‘ala Umm al-Barâĥîn fi al-Tauhîd
  35. al-Ibrîz al-Dâniy fi Maulid Sayyidina Muhammad al-Sayyid al-Adnâny
  36. Baghyah al-‘Awwâm fi Syarah Maulid Sayyid al-Anâm
  37. al-Durrur al-Baĥiyyah fi syarah al-Khashâish al-Nabawiyyah
  38. Lubâb al-bayyân fi ‘Ilmi Bayyân.[6]

Karomah[édit | édit sumber]

Kawijakan pamaréntah Arab Saudi yén nu dikubur salila sataun tulang-tulang si mayit dicokot terus dikubur di luar kota. Tanpa pilih kasih naha pajabat atawa jalma biasa, kaya atawa miskin, disaruakeun. Ieu ogé nu tumiba ka kuburan Syékh Nawawi. Satutasna sataun kuburan anjeunna digali. Tapi ahéngna para patugas kuburan teu manggihan tulang nu aya jasadna  masih beleger. Teu kurang sasieur teu lécét-lécét acan. Ogé kaén kapan bodas nu nutup jasad teu soéh. ku kituna kuburan anjeunna teu janten dialihkeun.

Pupusna[édit | édit sumber]

Syékh Nawawi pupus/ wafat (sampurna) di Mekah dina tanggal 25 syawal 1314 H/ 1897 M, ogé aya nu nyatet  taun wafatna taun 1316 H/ 1899 M. Makamna di pekuburan Ma'la kota Mekah. Makam anjeunna gédéngeun makamna putri Sayyidina Abu Bakar Ash-Shiddiq, Asma΄ binti Abû Bakar al-Siddîq.[7]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. http://talimulquranalasror.blogspot.co.id/2013/10/jenazah-syech-nawawi-al-bantani-masih.html
  2. https://sabrial.wordpress.com/syaikh-nawawi-al-bantani-1/
  3. http://www.bintang.com/lifestyle/read/2380645/imam-besar-masjidil-haram-dari-banten-keturunan-cucu-rasulullah
  4. Salmah, dkk, Perjalanan 3 Wanita, (Jakarta: Trans TV, pukul 06:30-07:00), Selasa, 10 Juli 2007 M.
  5. http://www.dokumenpemudatqn.com/2013/04/biografi-singkat-syekh-kholil-bangkalan.html
  6. Kiai Muhammad Syafi’i Hadzami, Majmu’ah Tsalâtsa Kutub Mufîdah, (Jakarta, Maktabah al- Arba’in, 2006 M/1427 H), h.
  7. Nurul Huda, Sekilas tentang, h. 5.

Pranala luar[édit | édit sumber]