Diponegoro

Dipanegara[1] (éjahan Jawa: Diponegoro) atawa anu leuwih dipikawanoh Pangéran Diponegoro (gumelar di Yogyakarta, 11 November 1785 – tilar dunya di Makassar, Sulawesi Kidul, 8 Januari 1855 dina umur 69 taun) dina yuswa 69 taun) nyaéta salah sahiji Pahlawan Nasional Républik Indonésia anu ditetepkeun ku SK Présidén Nomer 087 taun 1973.[2] Pangéran Diponegoro kasohor ku tarékahna mingpin Perang Diponegoro balukar tina lalampahan pamaréntah Hindia Walanda anu harita sangunahna baé henteu ngahargaan budaya jeung tradisi masarakat satempat, ogé larapan pajég anu luhur ka rahayat.[3]
Hirup hurip
[édit | édit sumber]Pangéran Diponegoro réréhan ti Sultan Hamengku Buwono III anu indungna téh salah saurang selir nyaéta R.A. Mangkarawati asal ti Pacitan.[1][3] Diponegoro keur leutik dipaparin ngaran Radén Mas Antawirya (éjahan Jawa: Ontowiryo).[1] Nalika rék dijadikeun raja, Diponegoro nampik nu kalakah milih ninggalkeun karaton.[3] Kajadian ieu alatan anjeunna rumasa teu boga hak salaku anak ti saurang selir, lain permaisuri.[3]
Diponegoro ogé leuwih kabita ku kahirupan agamis tur ngarahayat sangkan leuwih resep netep di Tegalrejo, padumukan nini buyutna, Ratu Ageng Tegalrejo, permaisuri HB I.[3] Lian ti éta, Diponegoro ogé henteu resepeun kana pacorok kokodna Hindia Walanda anu kaleuleuwihi di sabudeureun karaton.[3] Mangsa harita Diponegoro miboga 3 urang pamajikan, nyaéta Bendara Radén Ayu Kedhaton, Radén Ayu Ratnaningsih, jeung Radén Ayu Ratnaningrum.[1]

Pangéran Diponegoro téh kasohor minangka jalma pinter, resep maca, jeung ngulik hukum Islam-Jawa.[4] Anjeunna leuwih mikacinta kana urusan agama tibatan kana urusan pamaréntahan karaton, sarta leuwih milih hirup bareng jeung rahayat. Diponegoro ogé leuwih resepeun cicing di Tegalrejo, deukeut ka imah nini buyut putrina, nya éta Gusti Kangjeng Ratu Tegalreja (randa permaisuri Sultan Hamengkubuwana I), tibatan kudu cicing di jero karaton. Ti leuleutik kénéh, Diponegoro geus deukeut jeung rahayat jeung para santri. Dina Babad Dipanagara dicaritakeun yén anjeunna kungsi diajar melak pare jeung pagawéan rahayat séjénna ti nini na di Tegalrejo, anu ngajadikeun anjeunna deukeut pisan jeung rahayat sarta ngarti kana sangsara urang Jawa di handapeun kakawasaan pamaréntah Hindia Walanda.[5]
Diponegoro ogé kacida resepna kana kuda. Waktu cicing di Tegalrejo saméméh perang, anjeunna miboga leuwih ti 60 urang Jawa pikeun miara kuda-kudana. Ibarat cai badag tina témbok pikeun nginum kuda masih katingali nepi ka taun 2021. Kandang jeung istalna kacida lega, nepi ka Sentot ngora, anu cicing di Tegalrejo ti umur 6 taun sanggeus lanceukna awéwé nikah jeung Diponegoro, leuwih milih diajar tunggang kuda tibatan jadi santri. Nalika Perang Jawa mimiti meletik, kuda hideung gagah tunggangan Diponegoro, Kiai Gitayu (Gentayu), jeung kaahlianna dina tunggang kuda dicatet ku komandan kavaleri Walanda. Dina mangsa perang, kaparigelan Diponegoro nunggang kuda mindeng pisan nyalametkeun dirina tina kejaran musuh, utamana waktu ngaliwatan Kali Progo. Anjeunna apal kana sakabéh bagian walungan anu dangkal, sahingga bisa ngaliwat kalayan aman tanpa kabawa ku caah anu gedé.[6]
Kahirupan salaku pangéran
[édit | édit sumber]Sanajan lolobana hirupna dijalankeun di Tegalrejo, Pangéran Diponegoro tetep ngalaksanakeun kawajibanana minangka pangéran Karaton Ngayogyakarta. Anjeunna sok datang kana acara Grebeg Maulud jeung Grebeg Puasa, dua upacara gedé dina tradisi Islam-Jawa.
Diponegoro ogé kasohor minangka salah sahiji panaséhat pribadi pikeun ramana, boh nalika ramana masih kénéh jadi putra mahkota boh sanggeus diangkat jadi Sultan Hamengkubuwana III. Loba urusan karaton anu dibahas bareng Diponegoro, kaasup nalika mutuskeun ngangkat Danurejo IV pikeun ngagentoskeun Danurejo III anu geus kolot.[7] Diponegoro kungsi nolak pamundut ramana jeung Residén Inggris, John Crawfurd, pikeun jadi sultan, komo nepi ka dua kali. Padahal anjeunna téh putra lalaki pangkolotna jeung dianggap mampuh mingpin. Tapi Diponegoro boga alesan, lantaran indungna ngan ukur garwa ampeyan (selir), lain permaisuri, jadi anjeunna ngarasa teu pantes pikeun jadi sultan. Sajaba ti éta, anjeunna henteu daék jadi sultan lantaran ningali posisi sultan waktu harita henteu mandiri, loba kapangaruhan ku tekanan Inggris jeung Walanda.[5]
Sanggeus Hamengkubuwana III pupus, adi lalaki Diponegoro anu kakara umur 10 taun diangkat jadi Hamengkubuwana IV. Diponegoro merhatikeun pisan atikan adina éta. Anjeunna sok datang ti Tegalrejo pikeun nyaritakeun carita kapahlawanan Fatih al-Muluk (Kameunangan Para Raja) jeung méré rekomendasi maca rupa-rupa téks.[7] Ngan, Hamengkubuwana IV mah henteu kaasup jalma anu rajin diajar. Anjeunna leuwih resep kana kasenian jeung tunggang kuda tibatan kana maca karya-karya sastra Jawa.
Perwalian Hamengkubuwana V
[édit | édit sumber]Sanggeus Hamengkubuwana IV pupus sacara ngadadak dina bulan Désémber 1822, indungna, nyaéta Ratu Ageng, jeung randé almarhum, Ratu Kencono, ménta ka Résiden Walanda anu ngaranna De Salis supaya putra mahkota anu kakara umur dua taun langsung dinobatkeun jadi Hamengkubuwana V. Maranéhna ogé ménta sangkan Paku Alam I henteu deui dijadikeun wali raja.

Ku lantaran meunang rojongan ti Gubernur Jéndral Van der Capellen, De Salis ngusulkeun sangkan dibentuk dewan perwalian anu eusina opat urang: Ratu Ageng, Ratu Kencono, Pangéran Diponegoro, jeung Pangéran Mangkubumi. Dua ratu téh dibéré tanggung jawab pikeun ngasuh raja ngora éta, sedengkeun Diponegoro jeung Mangkubumi ngatur urusan karaton nepi ka sultan geus cukup umur. Duanana pangeran ogé meunang hak pikeun narima pajeg pasar jeung cukai gapura sakitu 100 rébu dolar Spanyol unggal taun, tanpa kudu ngaliwatan Patih Danurejo IV. Patih ngan meunang ngalakukeun campur lamun dua pangeran éta lalawora kana tugasna.[7]
Moal lila sanggeus Hamengkubuwana V naék tahta, aya kaputusan pikeun mupuskeun sewa taneuh ti urang Éropa, anu ngajadikeun karaton kudu mayar ganti rugi ka para nyéwa. Diponegoro jeung Mangkubumi, anu dibéré tugas ngatur kauangan karaton, ngalakukeun rundingan jeung Résiden Nahuys. Sabab tuntutan kompensasi téh gedé teuing, maranéhna nolak jeung nawarkeun 26 rébu dolar Spanyol. Tapi, Ratu Ageng ngareuah-reuah Danurejo IV sangkan narima tawaran éta tanpa idin ti dua pangeran. Akibatna, kauangan karaton beuki ipis nepi kudu nginjeum ka Kapitan Cina, sarta Diponegoro kapaksa kudu satuju.
Dina rupa-rupa urusan, utamana kauangan, Ratu Ageng jeung Danurejo IV leuwih milih nurut ka kahayang Walanda demi ngajaga Hamengkubuwana V anu masih budak. Diponegoro mah ngan saukur dijadikeun formalitas pikeun ngantétkeun cap persetujuan, sedengkeun kaputusan penting sok dijieun tanpa ngiluan anjeunna. Hal éta ngajadikeun Diponegoro henteu sapuk jeung cara perwalian sapertos kitu.[7]
Tungtungna, Diponegoro jeung Mangkubumi milih mundur tina jabatan wali sabab henteu satuju jeung cara ngatur kauangan anu ngarugikeun karaton jeung ngan nguntungkeun Walanda jeung kroni-kronina, kaasup Danurejo IV.[5] Ti dinya mah, sagala urusan karaton pinuh diatur ku Residen Smissaert, Asisten Residen Chevallier, Ratu Ageng, Danurejo IV, komandannana Wironegoro, jeung juru basa Karésidénan Johannes Godlieb Dietreé.[7]
Ngaran jeung gelar kapangéranan
[édit | édit sumber]Pangéran Diponegoro lahir ku ngaran aslina Radén Mas Muntahar. Dina 3 Séptémber 1805, nalika yuswana 20 taun, anjeunna meunang ngaran déwasa jeung gelar Bendara Radén Mas Antawirya.[7] Dina umur éta ogé anjeunna ngamimitian lalampahan spiritual ka basisir kidul, sarta dina perjalanan éta anjeunna ngaganti ngaranna jadi Syékh Ngabdurahim, anu asalna tina basa Arab. Ngaran éta sigana diwawarkeun ku guru ruhaniahna di Tegalrejo. Ku ngagunakeun ngaran samaran kitu, Diponegoro hayang henteu kawanoh ku jalma séjén sarta némbongkeun yén anjeunna hayang jadi santri.[7]

Sanggeus bapana jadi raja jeung nyekel kalungguhan salaku Hamengkubuwana III, Antawirya dilantik jadi pangéran kalayan gelar Bendara Pangéran Harya Dipanegara dina bulan Juli 1812. Gelar ieu mémang geus kungsi dipaké ku pangeran séjén ti kulawarga karaton, tapi geus lila henteu dipaké di Yogyakarta ti taun 1787. Ku sabab kitu, Hamengkubuwana III masrahkeun deui éta gelar ka anak cikalna anu jadi putra karesepna. Dina mangsa engké, Diponegoro nurunkeun éta gelar ka anakna, Diponegoro II, nalika anjeunna keur di pengasingan. Anjeunna ogé ngajelaskeun ka pangawalnya, Julius Knoerlé, yén harti ngaranna nyaéta “jalma anu méré pencerahan, kakuatan, jeung kamakmuran ka hiji nagara”.[7]
Diponegoro ogé boga ngaran Islam nyaéta Abdul Hamid atawa Ngabdulkamit.[8] Dina Babad Dipanegara disebutkeun yén anjeunna kungsi ngadéngé sora gaib anu nyebut anjeunna ku ngaran Ngabdulkamit. Dina mangsa Perang Jawa, anjeunna maké gelar anu panjang pisan: Sultan Abdul Hamid Erucokro Kabirul Mukminin Sayyidin Paneteg Panatagama Kalifatu Rosulillah ing Tanah Jawa. Eta gelar téh nuduhkeun yén anjeunna dianggap Ratu Adil, pamimpin agama, panata agama, jeung khalifah Rasulullah di tanah Jawa.[7]
Nalika anjeunna diasingkeun ka Manado jeung Makassar, Diponegoro leuwih resep disebut “Pangéran Ngabdulkamit” atawa ngawanohkeun dirina minangka fakir Ngabdulkamit. Pilihan ngaran éta sigana aya patalina jeung Sultan Abdul Hamid I ti Turki Utsmani anu ngaku dirina minangka khalifah umat Islam di sakuliah dunya. Sanggeus Perang Diponegoro réngsé, loba kulawarga jeung baraya Diponegoro anu dicap pemberontak sarta diasingkeun ku pamaréntah Walanda. Ti harita, gelar pangeran Diponegoro dilarang dipaké deui ku kulawarga karaton-karaton Jawa kidul.[7]
Perang Diponegoro
[édit | édit sumber]Diponegoro taakna mah nalika Walanda baris ngagusur kuburan karuhunna pikeun dijieunkeun jalan sangkan jadi balukar ngamimitianna Perang.[3] Lian ti éta, Diponegoro ogé kumesel kana lalampahan Walanda anu teu mihormat adat istiadat satempat ogé kacida ngérétanana ka rahayat ku ngabebankeun pajég nu kaleuleuwihi.[1] Perang ieu tumerus kasohor ku ngaran Perang Diponegoro.[1] Perang ieu ti mimiti ping 20 Juni 1825 tur lumangsung salila lima taun anu kacutat minangka salah sahiji perang pangbeuratna anu disanghareupan ku Walanda.[3]

Sikep Diponegoro anu ngalawan ka Walanda kalayan bubukaan ieu jadi perhatian sangkan dirojong ku rahayat.[1] Ku kahayang ti uwana, Pangéran Mangkubumi, Diponegoro incah ti Tegalrejo jeung nyieun markas di hiji guha anu ngaranna Guha Selarong.[1] Harita Diponegoro ngedalkeun yén lalawanana téh nyaéta perang sabil, lalawanan nyanghareupan kaum kafir.[1] Sumanget "perang sabil" anu dikobarkeun ku Diponegoro mawa pangaruh léga nika ka wewengkon Pacitan jeung Kedu.[1] Salah saurang inohong agama di Surakarta, Kyai Maja, ilubiung jabung jeung pasukan Diponegoro di Guha Selarong.[1] Perjoangan Pangéran Diponegoro ieu dirojong ku S.I.S.K.S. Pakubuwono VI jeung Radén Tumenggung Prawirodigdaya Bupati Gagatan.[1]
Nalika Tegalrejo aya dina pangawasa Walanda, Diponegoro bajoang ku cara ngagerilya. Ku hidup pundah-pindah, Walanda héséeun dina rék nangkepna.[3] Salila perang ieu karugian pihak Walanda teu kurang ti 15.000 pasukan jeung 20 juta gulden.[1] Mangrupa-rupa cara terus dilakonan ku Walanda pikeun nangkep Diponegoro.[1] Malihan mah diayakeun sayembara anu hadiahna 50.000 Gulden dibikeun ka saha baé anu bisa nangkep Diponegoro.[1]
Walanda ogé ngalarapkeun taktik Bénténg Stélsel pikeun ngawates lalampahan Diponegoro.[1] pikeun nangkepna, Walanda nyieun jebakan ku ngondang Diponegoro ngarunding di Magelang.[1] Dina tanggal 28 Maret 1830, Diponegoro katangkep jeung dipiceun ka Manado, saterusna dipindahkeun ka Makassar.[1] Antukna Dina ping 8 Januari 1855, Pangéran Diponegoro tilar dunya tur dikurebkeun di Makassar.[3]
Stratégi perang sang pangéran
[édit | édit sumber]Pasukan Pangéran Diponegoro kabagi kana sababaraha batalyon kalayan ngaran béda-béda, saperti Turkiya jeung Arkiya. Unggal batalyon dibéré pakarang jeung amunisi anu dijieun di leuweung. Dina strategi militérna, Diponegoro jeung para panglima ngagunakeun taktik gerilya, pindah-pindah tempat, sarta mindeng ngaleungitkeun markas supaya hésé diserang ku pasukan Walanda. Markas utama di Selarong sok kosong nalika Walanda datang, sarta pasukan anyar balik sanggeus lawan mundur.[9]
Pertahanan utama tuluy dipindahkeun ka Daksa, sedengkeun puseur nagara ditetepkeun di Pléréd. Di dinya, Diponegoro dinobatkeun jadi kapala nagara kalayan gelar “Sultan Abdulhamid Herucakra Amirulmukminin Sayidin Panatagama Kalifatullah Tanah Jawa.” Pertahanan Plered kabuktian kuat, nepi ka serangan gedé Walanda dina 9 Juni 1826 gagal. Sanajan kitu, posisi Kerta Pengalasan engké diganti ku dua panglima ngora, Ali Basha Prawiradirja jeung Prawirakusumah.[9]
Serangan Walanda ka Daksa ogé gagal sabab markas geus dikosongkeun. Nalika pasukan Walanda balik, Diponegoro ngalakukeun panyergapan nu hasil ngancurkeun musuh sarta ngaleungit deui. Dina Oktober 1826, Diponegoro meunang deui dina pertempuran di Gawok, sanajan anjeunna sorangan kakeunaan tatu. Ti dinya, anjeunna pindah ka Sambirata sarta ngadegkeun karaton anyar, tapi serangan Walanda nyababkeun anjeunna kudu mundur deui. Gencatan senjata sempet kajadian dina Oktober 1827, tapi rundingan teu ngahasilkeun kasapukan.[9]
Kakuatan pasukan Diponegoro datang tina dukungan rahayat anu nyayagikeun logistik jeung ngajadikeun mobilitas gerilya leuwih gampang. Sumangat jihad (perang Sabilillah) ngajadikeun pasukan gancang jeung lincah. Walanda nepi ka kudu ngirim loba jenderal, di antarana De Kock, Van Geen, Holsman, jeung Bisschof.[10]
Para senopati Diponegoro ogé ngamangpaatkeun alam minangka “senjata” ku ngalakukeun serangan nalika mangsa hujan gedé, nu ngahalangan gerak pasukan Walanda. Sajaba ti éta, panyakit kayaning malaria jeung disentri ogé jadi ancaman nu ngalemahkeun pasukan kolonial. Dina mangsa gencatan, Walanda biasana ngatur deui strategi, ngalebarkeun mata-mata, nyebarkeun provokasi di désa jeung kota, sarta neken kulawarga pahlawan. Sanajan loba tekanan, perjuangan rakyat anu dipimpin Diponegoro henteu pernah surut.
Ahir hayat Diponegoro
[édit | édit sumber]Nalika katangkep tur rék diasingkeun ka Manado ngagunakeun kapal Pollux, kaayaan Pangéran Diponegoro geus lemah. Anjeunna kakeunaan malaria jeung terus-terusan utah lantaran mabok laut. Dina kapal, aya Letnan Knoorle—ajudan Gubernur Jéndral van den Bosch, nu ngarancang sistem Tanam Paksa—anu ngawal anjeunna. Kadang-kadang maranéhna ngobrol, sarta dina hiji waktos Diponegoro nanyakeun naha geus jadi kabiasaan bangsa Éropa ngasingkeun pamimpin nu éléh perang ka pulo jauh, tebih ti kulawargana. Knoorle ngajawab yén perlakuan éta sarua jeung ka Napoleon Bonaparte, anu ogé diasingkeun waktu yuswana kira opat puluh taun. Pamaréntah Hindia Walanda sieun Diponegoro bisa balik ngalawan deui, ku kituna anjeunna diperlakukeun kawas Napoleon anu ti heula dipiceun ka Elba, lajeng sanggeus kabur, dipindahkeun deui ka pulo leuwih terpencil, nyaéta St. Helena, nepi ka pupus.[11]
Diponegoro babarengan jeung pamajikan, dua anakna, sarta 23 pangiringna nepi ka Manado dina 12 Juni 1830. Saenyana anjeunna rék ditempatkeun di Tondano, tapi lantaran di dinya geus aya Kiai Madja jeung 62 pangiring ti Ambon, ahirna Diponegoro ditahan di Bénténg Manado (Fort Nieuw Amsterdam) ti Juni 1830 nepi ka Juni 1833. Sanggeus sababaraha taun, anjeunna dipindahkeun ka Makassar tur ditahan di Fort Rotterdam, sabab pamaréntah Walanda yakin ngan éta bénténg nu sanggup nahan anjeunna. Sanajan statusna tahanan, pamajikanna Ratnaningsih jeung sababaraha pangiringna tetep ngiring, malah anjeunna kungsi meunang tamu penting saperti Pangeran Henry ti Walanda dina taun 1837. Dina pengasinganna, Diponegoro nyieun naskah ngeunaan sajarah Jawa sarta nulis otobiografinana, Babad Dipanegara.

Beuki sepuh, kaséhatanana ngurangan. Anjeunna pupus dina 8 Januari 1855 jam satengah tujuh énjing. Salapan poé sanggeusna, anak jeung pamajikanna mutuskeun tetep cicing di Makassar. Gubernur Jéndral AJ Duymaer van Twist ngaluarkeun paréntah rusiah yén kulawarga Diponegoro tetep kudu dianggap salaku jalma buangan, sanajan meunang tunjangan 6.000 gulden nu dibayar ku Karaton Yogyakarta.[11] Taun 1885, pamajikanna nyaéta Radén Ayu Retnoningsih pupus. Anjeunna dimakamkeun di Kampung Jera, tempat pangkuburan nu aya di wewengkon Kampung Melayu, pas di gigireun makam Pangeran Diponegoro.[11]
Paninggalan-paninggalan
[édit | édit sumber]Babad Dipanagara
[édit | édit sumber]Babad Dipanagara mangrupakeun kumpulan puisi Jawa tradisional dina wangun macapat anu jumlahna nepi ka 1.170 kaca folio. Eusina nyaritakeun ngeunaan sajarah para nabi, sajarah Pulo Jawa ti jaman Majapahit nepi ka Perjangjian Giyanti (Mataram). Carita ieu ditepikeun langsung ku Pangeran Diponegoro sarta ditulis ku juru tulis ti bulan Méi 1831 nepi ka Pébruari 1832, nalika anjeunna keur diasingkeun di Manado. Naskahna ditulis maké aksara Arab Pegon (tanpa tanda baca) jeung aksara Jawa. Nurutkeun sejarawan Peter Carey, naskah asli Babad Dipanagara ayeuna geus leungit, anu aya ngan ukur salinan nu disimpen di Perpustakaan Nasional jeung di Rotterdam, Walanda.[7]

Dina bulan Juni 2013, UNESCO ngakuan Babad Dipanagara minangka bagian tina Memory of the World (MOW), nyaéta hiji program pikeun ngahargaan jeung miara catetan penting ngeunaan sajarah jeung budaya.[12] Salian ti éta, di Makassar Diponegoro ogé nyerat dua naskah Primbon anu nyarita ngeunaan pangaruh tarekat Qadariyah jeung Naqsyabandiyah kana cara mikir jeung budaya Jawa.[7]
Keris
[édit | édit sumber]Pangéran Diponegoro kasohor sok mawa kerisna. Sababaraha pusaka anu dipibogaanna di antarana: Keris Kiai Omyang (disimpen di Musieum Sasana Wiratama Yogyakarta), Keris Kiai Wisa Bintulu (disimpen di Gedong Pusaka Karaton Yogyakarta), jeung Keris Kiai Naga Siluman. Ti sakabéhna, anu pangsohorna nyaéta Keris Kiai Naga Siluman lantaran kungsi leungit tuluy kapanggih deui di Walanda kalayan nomer registrasi RV-360-8084.[13]
Dina 10 Maret 2020, Keris Kiai Naga Siluman mulangkeun ka Pamaréntah Républik Indonesia ku Raja Willem-Alexander sarta dipasrahkeun langsung ka Présidén Joko Widodo.[14] Nurutkeun kasaksian dina basa Jawa anu ditulis ku Sentot Prawirodirjo, salah sahiji panglima Diponegoro, anjeunna ningali sorangan Diponegoro masrahkeun keris éta ka Kolonél Cleerens, utusan Jéndral De Kock. Tulisan éta ogé kungsi dibaca ku pelukis Radén Saléh.[15] Keris éta tuluy dijadikeun hadiah ku Cleerens ka Raja Willem I taun 1831, teras disimpen di Koninklijk Kabinet van Zelfzaamheden (KKVZ). Sanggeus KKVZ bubar taun 1883, sakabéh koleksina dialihkeun ka sababaraha museum, sarta Keris Kiai Naga Siluman ahirna disimpen di Musieum Volkenkunde, Leiden.[16]
Pikeun manggihan jeung mulangkeun keris éta butuh waktu panjang. Taun 1983, Dubes Walanda pikeun Indonésia, Lodewijk van Gorkom, ngabejaan yén keris Diponegoro aya di ruang bawah tanah Rijksmuseum Amsterdam, sarta nyarankeun sangkan dipulangkeun. Dina taun 1985, panggantina nyaéta Frans van Dongen nulis ka Pieter Pott, diréktur Musieum Étnologi Nasional. Pott ngaku geus manggihan éta keris, tapi sabenerna anjeunna salah idéntifikasi.[17]
Salian ti éta, aya ogé pusaka séjén peninggalan Diponegoro, saperti Keris Kiai Bromo Kedali jeung tumbak Kiai Rodhan (diserahkeun ka Diponegoro II), Keris Kiai Habit jeung tumbak Kiai Gagasono (Raden Mas Joned), Keris Kiai Blabar jeung tumbak Kiai Mundingwangi (Raden Mas Raib), Keris Kiai Wreso Gemilar jeung tumbak Kiai Tejo (Raden Ayu Mertonegoro), Keris Kiai Hatim jeung tumbak Kiai Simo (Raden Ayu Joyokusumo), tumbak Kiai Dipoyono (Raden Ajeng Impun), sarta tumbak Kiai Bandung (Raden Ajeng Munteng).[18]
Anu dianggap pangsakti téh nyaéta Keris Kiai Ageng Bondoyudo, hasil peleburan tina tilu pusaka: Keris Kiai Surotomo, tumbak Kiai Barutobo, jeung Keris Kiai Abijoyo. Keris ieu sok dirumat ku Diponegoro sorangan nepi ka ahir hirupna, sarta dimakamkeun babarengan jeung jasadna dina 8 Januari 1855.[18]
Tongkat
[édit | édit sumber]Pangéran Diponegoro ogé boga hiji tongkat nu dingaranan Kangjeng Kyai Cokro. Ayeuna tongkatna disimpen di Galéri Nasional Indonésia sanggeus dipulangkeun ku Michiel jeung Erica Lucia Baud ka Menteri Pendidikan Anies Baswédan taun 2015.[19] Tongkat ieu panjangna kira-kira 153 cm, aya simbol cakra di tungtungna. Diponegoro meunang éta tongkat ti warga waktu manéhna keur ziarah ka kidul Jawa, kaasup Yogyakarta, taun 1815.[20]
Biasana tongkat ieu sok dibawa lamun manehna ka tempat suci pikeun ngadu’a. Sanggeus Diponegoro katangkep, tongkatna dicekel ku Pangéran Dipati Notoprojo, incuna Nyi Ageng Sérang. Teras ku manehna dipasrahkeun ka Gubernur Jénderal J.C. Baud taun 1834 pikeun ngadeukeutan ka pamaréntah Hindia Walanda. Kulawarga Baud nyimpen éta tongkat salila leuwih ti saratus taun.[19]
Tumbak
[édit | édit sumber]Saterusna aya ogé pusaka séjén nyaéta Tumbak Kiai Rodhan, anu geus dipulangkeun deui ka Indonesia taun 1978. Tumbak ieu dijieun tina kai anu dibungkus ku benang hideung, dipercaya bisa ngajaga jeung méré pertanda lamun aya bahaya. Bagian mata tumbak dilapis ku emas sarta dihias ku permata, ngan dua permata geus leungit waktu éta tombak balik deui ka Indonésia. Tumbak ieu leupas tina panangan Diponegoro nalika anjeunna disergap ku pasukan Mayor A.V. Michiels di gunung Gowong, Kedu. Saterusna tumbak bareng jeung pelana kuda Diponegoro dikirim ka Raja Walanda Willem I minangka hasil rampasan perang.[19]
Paningglan séjén
[édit | édit sumber]Ceuk sejarawan Peter Carey, salian ti keris jeung tongkat, aya deui dua pusaka Diponegoro nu masih kénéh di Walanda, nyaéta surat aslina keur indung jeung anak kahijina, ogé tali kuda. Sedengkeun ceuk Diréktur Musieum Sejarah Kolonial Bronbeek, Pauljac Verhoeven, tali kekang jeung pelana kudana geus balik deui ka Indonésia.[16][15]
Cap mohor
[édit | édit sumber]
Pangéran Diponegoro ogé miboga hiji cap mohor, nyaéta cap resmi nu digunakeun pikeun nandatanganan surat-surat sah ti anjeunna. Dina éta cap mohor aya tulisan ngagunakeun aksara Arab Pegon kieu:
اڠکڠ سنوهن کڠجڠ سلطان عبد الحامد ڠيرچکر كبير المؤمنين سيد ڤنتاݢام خليفه رسول الله ص ايڠ تنه جاوي
Lamun ditulis ku huruf Latin, eusina kieu:
Ingkang Sinuhun Kangjeng Sultan Abdul Hamid Ngerucakra Kabir al-Mukminin Sayid Panatagama Khalifah Rasulullah saw. ing Tanah Jawi.[21]
Jadi pahlawan nasional
[édit | édit sumber]Salaku panghormatan kana jasa-jasa Pangéran Diponegoro dina ngalawan penjajahan Hindia Walanda, loba kota-kota gedé di Indonésia nu ngaranan jalan utamana jadi Jalan Pangéran Diponegoro. Contona di Kota Semarang aya Jalan Pangéran Diponegoro, Stadion Diponegoro, jeung Kodam IV/Diponegoro. Sajaba ti éta, aya ogé sababaraha patung anu didirikeun minangka tanda panghargaan, saperti Patung Diponegoro di Undip Pleburan, di Kodam IV/Diponegoro, jeung di lawang Undip Tembalang.

Dina mangsa kapamimpinan Presiden Soekarno, pamaréntah kungsi ngayakeun Haul Nasional pikeun ngélingan 100 taun pupusna Pangéran Diponegoro dina 8 Januari 1955. Sedengkeun pangakuan minangka Pahlawan Nasional anyar dibikeun dina 6 November 1973 liwat Keppres No. 87/TK/1973.
Panghargaan pangluhurna datang ti dunya internasional. Dina 21 Juni 2013, UNESCO netepkeun yén Babad Diponegoro kaasup kana Warisan Ingatan Dunia (Memory of the World). Ieu babad téh mangrupakeun karya klasik nu ditulis sorangan ku Pangeran Diponegoro basa anjeunna keur diasingkeun ka Manado taun 1832–1833. Eusina nyaritakeun lalakon hirupna, nu ngaranna ti leutik nyaéta Radén Mas Antawirya.[22][23]
Sajaba ti éta, pikeun ngélingan jasana, pamaréntah ogé ngadegkeun Musieum Monumén Pangéran Diponegoro atawa nu leuwih kasohor ku ngaran Sasana Wiratama di Tegalrejo, Yogyakarta, nu nyicingan imah baheulana Pangéran Diponegoro.
Dina budaya populér
[édit | édit sumber]
Dina pilem Pahlawan Goa Selarong (1972), tokoh Pangéran Diponegoro dipaénkeun ku aktor Ratno Timoer. Sedengkeun dina salah sahiji épisode sinétron Lorong Waktu,[24] Diponegoro dipaénkeun ku Andra PSP jeung ku tokoh Zidan sok disebat “Om Dip”. Carita ngeunaan Diponegoro ogé mucunghul dina novél Sang Pangeran dan Janissary Terakhir (2019) karya Salim A. Fillah.
Lukisan S. Sudjojono (1979)
[édit | édit sumber]
Teu ngan ukur dina pilem jeung novel, sosok Diponegoro ogé kungsi dilukis ku pelukis modérén Indonésia, S. Sudjojono (1913–1985). Dina taun 1979, anjeunna nyieun lukisan ngeunaan kekalahan pasukan Walanda dina pertempuran di Désa Kejiwan (antara Kalasan jeung Prambanan) nu kajadian dina 9 Agustus 1826. Dina éta lukisan, Diponegoro digambarkeun maké sorban jeung baju bodas, sedengkeun Mayor Sollewijn katémbong jeung berewok beureum. Lukisan nu judulna “Pasukan urang nu dipingpin ku Pangeran Diponegoro” dilelang di Sotheby’s Hongkong tanggal 6 April 2014 jeung kajual kalayan harga nu kacida gedéna, nyaéta 7,5 juta dolar AS. Ieu jadi rekor anyar pikeun karya pelukis Asia Tenggara pangmahalna dina mangsa harita.[25]
Numutkeun katalog Sotheby’s, éta lukisan lain ngan ukur pikeun ngélingan jasa pahlawan nu gugur, tapi ogé minangka ungkapan prihatin S. Sudjojono ka bangsa Indonesia nu harita keur kateunggeul ku pangaruh asing jeung sumanget revolusionér. Malahan, éta karya bisa disebut minangka kritik sosial anu nekenkeun kana kakuatan iman manusa di tengah tirani politik jeung kaguncangan émosional, bari ogé nunjukkeun aya kasarnaan antara jaman penjajahan Walanda jeung kaayaan politik di Indonesia dina waktu éta.[26]
Baca ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 Satgasnas, 2014. Satganas People: Biografi Pangeran Diponegoro - Pahlawan Nasional Dari Tanah Jawa Archived 2014-12-27 di Wayback Machine, disorang 23 Désémber 2014.
- ↑ Kementerian Sosial Republik Indonesia, 2014. Daftar Nama Pahlawan Nasional Republik Indonesia Archived 2016-10-21 di Wayback Machine, disorang 23 Désémber 2014.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Pahlawan Indonesia, 2014. Pahlawan Indonesia: Biografi Pahlawan Nasional Pangeran Diponegoro Archived 2014-12-08 di Wayback Machine, disorang 23 Désémber 2014.
- ↑ "Memenuhi Ramalan Pangeran Diponegoro". Historia - Majalah Sejarah Populer Pertama di Indonesia (Dina basa Indonesia). 2012-07-19. Diaksés tanggal 2025-09-05. Archived 2022-08-27 di Wayback Machine
- 1 2 3 News, Tagar. "Pangeran Diponegoro Komandan Perang Jawa". TAGAR (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-05.
- ↑ Peter, Carey (2022). Percakapan dengan Diponegoro. Jakarta: KPG (Kepustakaan Populer Gramedia). ISBN 978-602-481-900-2.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 Carey, Peter (2017). Takdir: riwayat Pangeran Diponogoro, 1785-1855. Jakarta: Kompas Media Nusantara.
- ↑ Liputan6.com. "Pangeran Diponegoro Syaratkan Perang Jawa Libur Selama Ramadan". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- 1 2 3 Perpustakaan Nasional RI, Sinematek Indonesia. "Biografi terkait Diponegoro - Situs Web Kepustakaan Pahlawan Indonesia". diponegoro.pahlawan.perpusnas.go.id. Diaksés tanggal 2025-09-07. Archived 2020-03-22 di Wayback Machine
- ↑ "Sentot Ali Basya, Panglima Perang Diponegoro yang Dijuluki Napoleon Jawa". SINDOnews.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-07.
- 1 2 3 Matanasi, Petrik. "Akhir Hidup Diponegoro, Napoleon van Java". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ antaranews.com. "Saat dunia mengakui otobiografi Diponegoro". Antara News (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ Isnaeni, Hendri F. "Keris Pangeran Diponegoro yang Dijual". Historia.ID (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ detikcom, Tim. "Keris Pangeran Diponegoro Dikembalikan oleh Belanda: Asli atau Palsu?". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- 1 2 "Kembalinya Keris Naga Siluman Milik Pangeran Diponegoro | Republika Online". Republika Online. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- 1 2 "Memastikan Keaslian Keris Diponegoro | Republika Online". Republika Online. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ "Kembalinya Keris Pangeran Diponegoro | Republika Online". Republika Online. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- 1 2 Wiratama, Syailendra Hafiz. "Kisah Diponegoro Dikubur Bersama Kerisnya". detikx. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- 1 2 3 Media, Kompas Cyber (2020-03-09). "Selain Keris, Ini Dua Pusaka Pangeran Diponegoro yang Dikembalikan Belanda ke Indonesia". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ Media, Kompas Cyber (2019-12-09). "Biografi Pangeran Diponegoro, Pemimpin Perang Jawa". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ Gallop, A.T. (2019). Malay Seals from the Islamic World of Southeast Asia (1st ed.). Singapura: Universitas Nasional Singapura.
- ↑ "Wonderful Indonesia - Babad Diponegoro dan Negarakertagama Masuk Memory of the World UNESCO". www.indonesia.travel. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ "Babad Diponegoro or Autobiographical Chronicle of Prince Diponegoro (1785-1855). A Javanese nobleman, Indonesian national hero and pan-Islamist | United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization". www.unesco.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ "Streaming LORONG WAKTU 1 Episode 5". Vidio (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ "Saat Diponegoro Mengguncang Sotheby's". Tempo (Dina basa Indonesia). 2014-04-21. Diaksés tanggal 2025-09-04.
- ↑ "(#115) S. Sudjojono". Sothebys.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-04.