Guha

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Guha pawon taun 1920-1932

Guha nyaéta liang rubak anu aya dina taneuh, batu atawa di gunung kalawan bisa diasupan ku jalma.[1][2] Ayana guha ku alatan taneuh jeung batu anu aya di éta tempat saeutik-saeutik leyur kabawa cai, lila kalilaan ngawangun liang anu rubak (speleogenesisi).[1][3] Guha ogé ilahar dipaké pikeun nyebut kana liang anu leutik tina tumpukan batu karang anu aya di jero laut.[4]

Pedaran[édit | édit sumber]

Guha ngawujud ku ayana rupa-rupa kajadian géologi saperti lini, kagiatan mikroorganisme, bisa waé ngaliwatan prosés kimia, érosi, cai, sarta ayana tekenan jeung pangaruh atmosfer.[5] Guha ilaharna aya di gunung apu, ku alatan ayana cai hujan anu rembes kana rengat anu aya di éta gunung, cai anu rembes tuluy suub asup ka jero ngaleyurkeun apu anu aya, lila kalilaan rengat beuki ngagedéan antukna ngawangun lombang jeung liang anu rubak.[2]

Guha ngawujud ku kajadian alam disabudeureunna.[4] Batu, apu, jeung taneuh anu leyur kabawa rembesan cai biasana aya di jero taneuh kalawan mibanda ukuran anu gedé.[4] Sawaréh guha aya ngawangun speleothem ku alatan rembesan cai tina lalangit guha anu tuluy-tuluyan dina waktu pohara lilana .[4] Pikeun maluruh umur jeung kajadian geologis anu dirandapan hiji guha bisa ditempo dina urut namperna cai dina dasar éta guha (isotop).[5]

Rupa-rupa guha[édit | édit sumber]

Ditempo tina lumangsungna kajadian anu ngawangun hiji guha, aya sababaraha téori anu nyebutkeun guha dibedakeun kana tilu rupa :

  1. Téori Vadose; hiji guha ngawujud ku alatan ayana cai anu rembes ka jero kalawan ngaleyurkeun batu, taneuh, jeung apu anu kaliliwatan nepika ngawangun hiji liang.[1]
  2. Téori Deep Phreatic ; cenah guha téh ngawujud ku alatan cai anu ngocor kahiji tempat, tempat liliwatan éta cai ngalaman koropok anu antukna kabawa palid sarta ninggalkeun hiji lombang anu badag.[1]
  3. Téori Water Talbe ; numutkeun téori ieu cenah guha téh ngawujud ku alatan cai anu ngocor dina waktu anu lila dina dasar guha kalawan nimbulkeun dasar guha paragi liliwatan cai ngawangun hiji rohangan anu démprak.[1]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Surya Cipta Ramadhan Kete (2016). "Goa". Pengelolaan Ekowisata Berbasis Goa: Wisata Alam Goa Pindul. Sleman: deepublish. pp. 46–49. ISBN 978-602-401-143-7. 
  2. a b Jonathan Rigg (1862). "G". A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: LANGE & CO. pp. 46–49. 
  3. Malam dkk., John (2005). A Marshall, ed. Intisari Ilmu: Planet Bumi. London: PT Penerbit Erlangga. ISBN 979-781-078-x Check |isbn= value (bantuan). 
  4. a b c d "Cavern Geology" (PDF). National Caves Association. Diakses tanggal 29 June 2016.  Archived 5 Oktober 2016 di Wayback Machine
  5. a b Laureano, Fernando V.; Karmann, Ivo; Granger, Darryl E.; Auler, Augusto S.; Almeida, Renato P.; Cruz, Franciso W.; Strícks, Nicolás M.; Novello, Valdir F. (2016-11-15). "Two million years of river and cave aggradation in NE Brazil: Implications for speleogenesis and landscape evolution". Geomorphology 273: 63–77. doi:10.1016/j.geomorph.2016.08.009. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0169555X16306985.