Kota Sérang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kota Sérang
Ibu kota
Masjid Agung Banten
Masjid Agung Banten
Bandéra Kota Sérang
Bandéra
Ségel resmi Kota Sérang
Ségel
Ngaran jujuluk: 
Kota Santri
Motto: 
Kota Serang Madani
Lokasi di Banten
Lokasi di Banten
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
RégionJawa
Propinsi Banten
Netep10 Agustus 2007
dasar hukumUU No. 32/2007
Pamaréntahan
 • BadanPamaréntah Daérah Kota Sérang
 • WalikotaH. Syafrudin S.Sos., M.Si.
 • Wakil WalikotaSubadri Ushuludin
Lega
 • Total266,74 km2 (102,99 sq mi)
Pangeusi
 • Total712.166
 • Kapadetan2,700/km2 (6,900/sq mi)
Zona wanciUTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon)
Kode pos
421xx, 429xx
Kode aréa0254
Régistrasi tutumpakanA xxxx A*/B*/C*/D*
IPM 72,44 (2021)
(Citakan:Fontcolor)[2]
Ramatlokaserangkota.go.id

Kota Sérang nyaéta hiji kota sakaligus ibu kota Propinsi Banten, Indonésia. Sacara administratip Kota Sérang kawates ku Kabupaten Sérang di belah kulon, wétan, jeung kidul, sarta Teluk Banten di belah kalér. Kota Sérang ieu diliwatan ku jalur karéta api Merak-Tanah Abang ogé Jalan Tol Jakarta-Merak. Kota ieu aya di titik koordinat 618.000 m2-638.600 m2 ti kulon ka wétan tepika 9.337.725 m2-9.312.475 m2 ti kalér ka kidul sarta 5099'-6022' lintang kidul jeung 106007'-106025' bujur wétan.[3] Nepi ka taun 2021, numutkeun data ti Badan Pusat Statistik Kota Serang, sacara administratip ibukota Banten ieu kabagi kana genep kacamatan jeung 67 kalurahan. Walantaka mangrupakeun kacamatan nu boga kalurahan pang lobana nyaéta 14 kalurahan. Beda jeung Cipocok Jaya, anu boga kalurahan pang saeutikna nyaéta 8 kalurahan.[4]

Toponimi[édit | édit sumber]

Ngaran Kota Serang, mimiti diwanohkeun lantaran ucapanana Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati, anu keur ngalaksanakeun dakwah Islam di wilayah Pajajaran Jawa Kulon. Nalika lalampahan, Sunan Gunung Jati ngaliwatan jalan sawah di Banten, tuluy ngajorowok kecap "Serang!" anu hartina "sawah". Ti harita, éta daérah dingaranan Serang. Kecap Serang, mangrupakeun serapan tina basa Jawa-Banten, se - erang, anu hartina kelompok.[5]

Sajarah[édit | édit sumber]

Lalampahan sajarah Kota Serang, dimimitian taun 1816, nalika Gubernur Vander Capellen mingpin. Walanda datang ka Banten pikeun ngarebut kakawasaan ti Sultan Muhammad Rafiudin. Walanda tuluy ngabagi wilayah Banten jadi tilu, nyaéta Serang, Lebak, jeung Caringin, sarta kapamingpinanana dicekel ku Bupati. Bupati mimiti pikeun Serang nyaéta Pangeran Aria Adi Santika. Nepi ka ahir panjajahan Jepang, sarta Indonésia merdéka, kalungguhan bupati masih kénéh dicekel ku pituin Indonésia. Sanggeus Agrési Militier Walanda II, daérah Serang jadi salasahiji kabupatén di wilayah Propinsi Jawa Kulon.[6]

Dumasar Peraturan Daerah Kabupaten Tingkat II Serang No. 17 taun 1985, hari jadi Kabupatén Serang ditetepkeun 8 Oktober 1526. Hari jadi Kabupatén Serang dicokot dumasar kasar tukang Sultan Maulana Hasanuddin maréntah di kasultanan Banten. 4 Oktober taun 2000, Kabupatén Serang resmi jadi bagéan tina Provinsi Banten. Kota Serang ayeuna mangrupakeun daérah otonom hasil mekarkeun tina Kabupatén Serang. Kota Serang resmi ngadeg dumasar Undang-Undang No. 32 taun 2007 ngeunaan Pembentukan Kota Serang di Provinsi Banten, anu disahkeun di 10 Agustus 2007.[6]

Fasilitas umum[édit | édit sumber]

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Numutkeun kana data ti Kamenterian Kaséhatan Republik Indonésia, aya dua belas rumah sakit umum anu diwangun di ieu kota, sapuluh di antarana nyaéta Rumah Sakit Umum (RSU), jeung dua nu laina nyaéta Rumah Sakit Ibu dan Anak (RS Ibu dan Anak Puri Garcia) jeung Rumah Sakit Khusus Mata (RS Mata Achmad Wardi BWI-DD). Lamun diurutkeun dumasar kapamilikanana, Rumah Sakit Swasta aya genep, nu dibiayaan ku pausahaan aya dua, jeung nu dikokolakeun ku TNI AD, pamaréntah kota, pamaréntah propinsi, jeung Polri masing-masing aya hiji.[7]

Kuliner[édit | édit sumber]

Aya sababaraha jajanan jeung kadaharan has Kota Serang di antarana nyaéta:

  • Rabeg, nyaéta sajenis semur daging domba anu bumbuna rada lada. Rabeg sakapeung ogé make daging embé bagean jeroana. Kadaharan ieu mangrupakeun salasahiji kadaharan karesep bangsawan Kasultanan Banten. Dina bulan Ramadhan, rabeg biasana didahar jeung sangu ketan. Biasana rabeg sok dijual di sababaraha lokasi Magersari, Pasar Lama, Sempu jeung Cipare.[8]
  • Saté bandeng, mangrupakeun oleh-oleh pang populerna ti Kota Serang. Saté bandeng dijieun tina bandeng anu ditumbuk, dicampur bumbu jeung santan kandel anu rasana asin-amis-gurih, tuluy dipanggang. Saté bandeng cocog didahar jeung sangu haneut bari disambelan. Kadaharan has Serang ieu dijual di deukeut Gerbang Tol Serang Timur. Saté ieu ogé bisa kapanggih di sabudeureun jalan Serang-Pandeglang.[9]
  • Nasi sumsum, nyaéta sangu nu dibeuleum ku sungsum jeung bungbu tina daun salam, sereh, cabe, jeung bawang. Sumsum nu dipaké biasana sumsum kebo, sabab leuwih gampang neangana di Sérang sarta leuwih tahan lebur batan sungsum sapi. Sangu sungsum didahar ku sambel kacang, sakapeung jeung otak-otak. Tempat anu ngajualna aya di peuntaseun Polres Serang, Pasar Lama, alun-alun, jeung parapatan Pisang Mas.[11]
  • Sambel burog, nyaéta sajenis sayuran anu bahan utamana kulit melinjo atawa kulit tangkil anu geus beureum. Kulitna diiris ipis-ipis, diasak ku santen, asam jawa (sok belimbing wuluh), cabe beureum, bawang bodas, jeung daun salam. Hidangan ieu sarupa jeung sambel sacara umum bedana make irisan cabe kasar. Kadaharan ieu rasana haseum lada, cocok didahar make ketupat jeung kuah opor.[12]
  • Godog uyah hasem jeung empal daging nyaéta sajenis kari anu diasak make daging sapi, babat atawa peujit. Kuahna biasana aya ras haseum, asin, jeung lada. Biasana kadaharan ieu dijadikeun lauk keur nasi uduk jeung disuguhan ku kiripik. Kadaharan ieu tiasa dipendakan sapanjang jalan sabudeureun Magersari.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2021" (visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2022-07-05 di Wayback Machine
  2. "Indeks Pembangunan Manusia 2020-2021". www.bps.go.id. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2021-12-01 di Wayback Machine
  3. "Kota Serang". Serang Kota. Diakses tanggal 23/02/2023.  Archived 2020-10-25 di Wayback Machine
  4. "Badan Pusat Statistik Kota Serang". serangkota.bps.go.id. Badan Pusat Statistik Kota Serang. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  5. Adryamarthanino, Verelladevanka. "Asal-usul Nama dan Sejarah Serang Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  6. a b Husen, Zulfikar Ali Husen. "Sejarah Perjalanan Nama Serang dari Kolonial hingga Saat Ini, Berikut Fakta Dibaliknya". Koran-Jakarta.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  7. "Data Rumah Sakit di Kota Serang". Ditjen Yankes Kemkes. Kementerian Kaséhatan Republik Indonésia. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  8. "Menikmati Rabeg Legendaris di Kota Serang | BantenNews.co.id -Berita Banten Hari Ini" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  9. Andreas, Ferdinandus (19 Oktober 2021). "Kuliner Nusantara Sate Bandeng Khas Banten". djkn.kemenkeu.go.id. Kementerian Keuangan Republik Indonesia. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  10. Azzahra, Dhiya Awlia. "Resep Pecak Bandeng Khas Banten, Pedas dan Segarnya Endeus!". IDN Times (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  11. Wibowo, Agung Yulianto (30 Oktober 2021). "Tempat Makan Nasi Bakar Sumsum di Serang, Ada yang Pernah Tercatat Rekor Muri, Patut Dicoba". Tribun Banten. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  12. Alwan, Humaeroh (26 April 2022). "Sambal Buroq Kuliner Khas Banten yang Melegenda, Pedas Menggoda Bikin Lebaran Makin Syahdu, Inilah Resepnya". Kabar Banten. Diakses tanggal 27 Pebruari 2023.  Archived 27 Pébruari 2023 di Wayback Machine