Lompat ke isi

Pakuan Pajajaran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Pajajaran)

Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur dayeuh pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda, wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri Bimapunta Narayana Madura Suradipati".

Salinan gambar "Lokasi dan Tempat Ibu Kota Pakuan Pajajaran" tina buku Kabudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, 2005)

Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha titinggal arkéologis mangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru (abad ka-18), jeung naskah MSA.

Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna mangrupa wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal) handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma (Linggawarman) pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu boga anak lalaki) ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka Tarusbawa ieu ngabalukarkeun Galuh misahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé horéng leuwih milih mingpin sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda (antukna salajéngna ngadeg karajaan Sunda). ku sabab Galuh misahkeun manéh, wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu watesna walungan Citarum: béh kulon ku Sunda, béh wétan ku Galuh.

Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga (ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali, 1487).

Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten dina taun 1579.

Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita, nyaritakeun yén urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi nyukcruk galur mapay laratan éta dayeuh tepi ka dua kali nyaéta taun 1703 jeun taun 1704.

Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya suwargina bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Pakuan Pajajaran dina bukuna "Priangan", taun 1912.

Pajajaran Nurutkeun Naskah Wangsakerta

[édit | édit sumber]

Naskah Wangsakerta, anu mangrupa sumber sekunder (sumber lain ti jamanna anu ditulis ku éta naskah), nyabit-nyabit Pajajaran minangka ngaran karajaan kalayan rajana anu munggara nyaéta Sri Baduga Maharaja (disebut ogé Prabu Siliwangi).

Ngan aya béda antara sumber sekunder kasebut jeung sumber primer (warta ti jamanna) boh mangrupa cutatan saksi mata urang Portugis boh mangrupa eusi Prasasti Tugu. Prasasti Tugu sarta saksi mata urang Portugis nyutat yén ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri Baduga Maharaja jeung Surawisesa téh karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan Pajajaran.

Ngaran Pajajaran minangka karajaan mindeng disebut-sebut ku sumber sekunder mangrupa naskah saenggeus runtagna karajaan Sunda atawa saenggeus ngadegna Kasultanan Banten sarta Kasultanan Cirebon. Jigana ngaran Pajajaran dipaké pikeun ngaran wilayah sesa karajaan Sunda minus Banten, Jayakarta sarta Cirebon. Kecap Pajajaran sorangan ngandung harti “tempat diantara jajaran”, cocog jeung kondisi Pakwan (Pakuwuan) puseur dayeuh urut Karajaan Sunda anu aya di antara 2 jajaran susukan jeung dua watu gigilang anu ngajajar. Jadi, sababaraha ahli sajarah nyindekkeun kamungkinan ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda dipaké pikeun ngaran sesa karajaan Sunda.

Kasultanan BantenKasultanan CirebonSumedanglarangKarajaan SundaKendanTarumanagaraSalakanagara


Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  • Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Ayatrohaédi, 2005, Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Jakarta: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-330-5
  • Saléh Danasasmita, 2003, Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama.