Prasasti Batutulis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Prasasti Batutulis di Bogor

Prasasti Batutulis nyaéta hiji prasasti nu perenahna di jalan Batutulis, Kalurahan Batutulis, Kacamatan Bogor Selatan, Kota Bogor. Komplek Prasasti Batutulis legana 17 x 15 méter. Batu prasasti jeung barang-barang lianna paninggalan karajaan Sunda aya di komplek ieu. Dina batu ieu diukir kalimah-kalimah dina basa jeung aksara Sunda kuna. Aksara anu dipaké sarupa jeung anu dina prasasti Huludayeuh.[1]

Alih aksara[édit | édit sumber]

Prasasti Batutulis geus dialihaksarakeun ku sababaraha urang ahli, di antarana Friederich (1853), Holle (1869), Pleyte (1911), Poerbatjaraka (1921), jeung Noorduyn (1957), Danasasmita, jeung Djafar (2009)[2]:

  1. θ θ wang na pun ini sakakala, prĕbu ratu purane pun, diwastu
  2. diya wingaran prĕbu guru déwata prana diwastu diya dingaran sri
  3. baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu de
  4. wata pun ya (siya) nu nyusukna pakwan diya anak rahiyang dewanis
  5. kala sang sida mokta di guna tiga i(ny)cu rahiyang niskala wastu
  6. ka(ny)cana sang sida mokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakaka
  7. la, gugunungan, ngabalay, nyiyan samida, nyiyan sang hiyang talaga
  8. (wa)rna mahawijaya, ya siya pun θ θ i saka, panyca panda
  9. wa ngĕ(m)ban bumi θ θ

Tarjamah[édit | édit sumber]

Tulisan nu diukirkeun dina prasasti Batutulis

Tarjamahna kira-kira kieu:

  1. muga-muga salamet ieu tanda paringetan, Prabu Ratu almarhum, dinobatkeun
  2. anjeunna kalayan jeneng Prabu Guru Dewataprana, dinobatkeun (deui) anjeunna kalayan ngaran Sri
  3. Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu De-
  4. wata anjeunna nu nyieun susukan di Pakuan anjeunna anak Rahyang Nis-
  5. kala nu dikurebkeun di Gunatiga incu Rahyang Niskala Wastu
  6. Kancana, nu dikurebkeun di Nusalarang, anjeunna nu nyieun paringet-
  7. an gugunungan, ngabalay nyieun hambalan keur leuweung Samida, nyieun Sanghyang Talaga
  8. rena Mahawijaya, (dijieun) dina (taun) Saka, "Panca Panda-
  9. wa Ngemban Bumi" [3].

Baca ogé[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Saléh Danasasmita. 2003. Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Catetan suku[édit | édit sumber]

  1. Nastiti & Djafar. 2016. Prasasti-prasaasti dari Masa Hindu Buddha Abad ke-12–16 Masehi) di Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Purbawidya 5(2):101–16.[1]
  2. Djafar, H. 2011. Prasasti Batutulis Bogor. Amerta 29(1) kac. 1-13.[2]
  3. Ieu mangrupakeun sangkala nu hartina 5 5 4 1 atawa lamun dibalik 1455 Saka


Arjuna Wayang.jpg