Mundinglaya Dikusumah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Carita Mundinglaya Dukusumah anu dipedalkeun ku kalawarta Kudjang.

Mundinglaya Dikusumah nyaéta salah sahiji lalakon dina carita pantun Sunda. Eusina nyaritakeun kahirupan Mundinglaya Dikusumah, saurang ménak Sunda dina jaman Karajaan Sunda anu pinuh kaprihatinan terus diangkat jadi raja ngagantikeun ramana nyaéta Prabu Silihwangi. Karajaan Sunda mindeng disebut ku sakumna urang Sunda sareng menak Jawa minangka Pajajaran (ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda) sanggeus Cirebon jeung Banten misahkeun diri ti éta karajaan. Ieu carita téh biasana dipintonkeun dina acara ruwatan panganténan[1].

Taun 1931 dijieun versi gending karesmén ku M. Sastraprawira jeung Idris Rd. Purwakarta Djajaatmadja[2]. Ieu lalakon kungsi dijieun versi tinulisna dina kalawarta Kudjang ku Djaja Supena. Tuluy kungsi dibahas ogé ku Ajip Rosidi dina bukuna "Mundinglaya Dikusumah[3], sarta digubah deui kana tilu basa (Sunda, Indonésia, Inggris) ku Rohmat Tasdik Al-Garuti kalawan judul "Cinta Bersemi di Muaraberes" taun 2005[4].

Sumber[édit | édit sumber]

Ieu lalakon carita téh sumberna tina tradisi lisan urang Sunda anu disebut carita pantun, anu saterusna osok ditulis dina wangunan buku carita ku para panulis boh dina Basa Sunda atanapi Bahasa Indonesia. Lalakon pantun Mundinglaya Dikusumah dicaritakeun ku Ki Enjum, anu direkam dina proyek dokumentasi carita pantun ngaliwatan Proyek Sundanologi taun 1987[1]. Caritana direkam ku Uking Sukri di Ujungberung, Bandung[1].

Diropéa Kana Tembang Cianjuran[édit | édit sumber]

Lalakon Mundinglaya Dikusumah dina mangsa kamekaran tembang Cianjuran taun 1830-an diropéa (digubah) kana wangun tembang. Sababaraha épisode tina Mundinglaya Dikusumah dijieun rumpakana, boh dina wangun pupuh atawa syair, tuluy dipirig ku kacapi indung jeung suling. Utamana, lalakon pantun téh dipidangkeun dina wanda tembang papantunan jeung jejemplangan. Sababaraha judul tembang Cianjuran anu nyaritakeun sempalan carita Mundinglaya Dikusumah di antarana: Mupu Kembang, Muarabérés, Pangapungan, Kaléon, Papatet (Papatat), Rajah, Rajamantri.

Ringkesan[édit | édit sumber]

Prabu Silihwangi ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Tejamantri sarta Nyimas Padmawati anu jadi permaisuri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi ngengingkeun saurang putra nyaéta Guru Gantangan. Sedengkeun ti permaisuri Nyimas Padmawati, raja ngenginkeun putra anu diwastaan Mundinglaya. Béda umur antara Guru Gantangan jeung Mundinglaya pohara jauhna. Waktu Guru Gantangan ditunjuk jadi bupati di Kutabarang sarta geus lakirabi, Mundinglaya masih kénéh budak leutik.

Alatan henteu miboga anak, Guru Gantangan miara anak kukut anu dibéré ngaran Sunten Jaya. Guru Gantangan ogé hayang ngurus jeung ngagedekeun Mundinglaya minangka anakna. Waktu Guru Gantangan ménta Mundinglaya ti prameswari Nyimas Padmawati, prameswari maparin putrana sabab uninga yén Guru Gantangan pohara mikanyaahna ka Mundinglaya.

Mangkat rumaja katangen pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana anu sae budi. Tebih pisan bentenna sareng Suntenjaya anu sipatna awon pisan. Kumargi Nyi Mas Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik pisan ka Munding Laya. Guru Gantangan ogé jenten timburu, gaduh sangki anu awon sareng ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. nyaéta pisan anu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub anu ahirna Mundinglaya dikerem di pangberokan Kutabarang, ku margi dianggap ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya the masih kacida rumajana.

Di Pajajaran, puseur karajaan Sunda, harita téh nuju meujeuhna angkeub, halodo entak-entakan sareng loba jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna pacengkadan di lingkungan kulawarga karaton sabadana Mundinglaya diberok.

Dina hiji waktos Nyi Mas Padmawati ngimpen ningali Layang Salaka Domas nu aya di Jabaning Langit kalayan dijaga ku Guriang Tujuh. Dina impenannana, aya wartos wirehna sing saha anu tiasa ngengingkeun éta layang, baris kenging kahormatan, kabagjaan, katengtreman, karaharjaan sareng kasalametan kanggo nagara miwah rahayatna. éta impenan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu Silihwangi hemeng galihna henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat ka Jabaning Langit bari nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang Tujuh; asa pamohalan pisan.

Antukna Prabu Silihwangi ngayakeun gempungan di pasewakan kangggo nangtoskeun saha anu sanggem ka Jabaning Langit. Pasewakan diluuhan ku rahayat Pajajaran, Nyi Mas Tejamantri, Guru Gantangan sareng putrana, Suntenjaya. Tapi heneuweuh saurang ogé anu nembongkeun kasayagianana. Ki lengser, ngusulkeun supados Mundinglaya anu aya di pangberokan Kutabarang ogé ditaros.

Sanaos usulan ki Lengser henteu disatujuan ku Suntenjaya sareng Guru Gantangan, nu ngariung rempug satuju kana usul ki Lengser. Mundinglaya diusulkeun supados enggal dibébaskeun. Patih Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung nyuhunkeun idin ka Guru Gantangan supados ngaluarkeun Mundinglaya tina pangberokan.

Saparantosna ngalakonan sadaya panalek ti balaréa, Mundinglaya kalawan henteu ngawagu langsung baé nampi sagala pancen ti ramana, Prabu Siliwangi. Patih Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung gasik tatahar kanggo miangkeun Mundinglaya ka Jabaning Langit.

Sababaraha dinten Mundinglaya dilatihan perang sareng rupi-rupi elmu gelut sinareng ngagunakeun rupi-rupi pakarang kanggo mayunan sagala hahalang dina lalampahanana. ogé henteu kakantun Mundinglaya diancrubkeun kana Leuwi Sipatahunan supados bérésih jiwana.

Dina dinten anu tos ditangtoskeun Mundinglaya angkat, kalawan pangesto ti ibu sareng ramana, diiring ku Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung, ogé ti sakumna rahayat Pajajaran.

Kumargi Mundinglaya henteu kungsi aangkatan ka luar Pajajaran, anjeunna henteu terang jalan. Sumerah ka nu Maha Kawasa, Mundinglaya angkat ngalangkungan leuweung geledegan kanggo ngajugjug Jabaning Langit. Dina lalampahan ka Jabaning Langit, Mundinglaya ngalangkung ka karajaan bawahan / karajaan alit nyaéta karajaan Muarabérés atanapi nagri Tanjung Barat (nua aya di Pasar Minggu Jaksel kiwari). Di éta nagri, Mundinglaya papendak sareng Dewi Asri. Dewi Asri anu dikenal ogé minangka Dewi Kania atanapi Dewi Kinawati téh putrina Mental Buana incuna Munding Kawati. Mundinglaya sareng Dewi Asri kedal pasini jangji bade patepang deui saparantos Mundinglaya rengse mancen tugas ti ingkang rama.

Salajengna Mundinglaya dijajap ku Patih Gelap Nyawang sareng Patih Kidang Pananjung ogé teuteup Dewi Asri. Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung gura-giru nyayagikeun parahu kanggo Mundinglaya ngajugjug Atas Angin. Dugi ka Pulo Putri. Patih Kidang Pananjung sareng Patih Gelap Nyawang dipiwarang nungguan Mundinglaya dugi ka rengsena ngemban pancen nyangking Layang Salaka Domas.

Lalakon lalampahan Mundinglaya salajengna sihoreng sanes nyorang jalan ngabulungbung anu caang padang narawangan, malihan jalan anu rembet, rumpil sareng loba cucuk rungga sareng rangrangna anu ngahalang-halang kana lajuna lalampahan Mundinglaya. Namung sanaos kitu anjeunna henteu unggut kalinduan. Tekadna buleud disarengan ku kasadaran wireh anjeunna baris nyorang sagala hahalang.

Dina lalampahan anjeunna pendak sareng raksesa Jonggrang Kalapitung anu ngahalangan jalanna. Numung éta raksesa tiasa diayonan ku Munding Laya.

Rengse ngayonan Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya reureuh heula. Ngumpulkeun deui lelembutanana anu kabengbat ku urusan gelut. Mundinglaya nyangsaya kana tangkal katapang nyawang pilampaheun anu natrat na angen-angenna. Manahna manteng ka Nu Maha Agung sangkan laksana panedana. Sukmana kumalayang ngambah awang-awang.

Kalawan dijajap ku Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya naek ka langit kahiji, kadua, katilu, sareng saterasna dipungkas dugi ka langit anu katujuh. Di langit ka tujuh Mundinglaya paamprok sareng Guriang Tujuh anu ngajaga layang salaka domas. Mundinglaya nyarioskeun maksadna wireh anjeunna peryogi layang salaka domas kanggo nagarana anu nuju nyorang katunggaraan, pacengkadan, kasawat sareng hahalodoan. Namung éta layang henteu dipasihkeun ku Guriang Tujuh.

Mundinglaya mesat keris. Namung dumadakan aya gelap ngabaranyay disarengan sora ngajegur matak katorekan. Mundinglaya tipental, ragrag ka langit kagenep ngalempreh teu empes-empes.

Di kahiyangan, para pohaci pating lalengis maridangdam. Utamina pohaci Wirumananggay anu kacida prihatinna ningali Mundinglaya ngalungsar ngababatang. Mundinglaya disangkeh terus disenderkeun dina lahunan, lalaunan embun-embunanana ditiup bari diparancahan.

Saparantos Mundinglaya hirup deui, Nyi Pohaci mamagahan anjeunna supados henteu ngalawan ku cara anu heuras malih kedah ngalawan ku kasabaran, nurutkeun kumaha kahayangna. Mundinglaya naek deui ka langit katujuh. Pendak deui sareng Guriang Tujuh. Guriang Tujuh ngawitan ngaharegaan kana karep Mundinglaya anu gaduh tekad bade ngadamel kasaéan. Layang Salaka Domas dipaparin ka Mundinglaya.

Di Kutabarang, Suntenjaya sasat jigrah saangkatna Mundinglaya ka Jabaning Langit. Asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Meungpeung Mundinglaya nuju suwung di nagara, Suntenjaya bade maranan Dewi Asri kanggo diolo supados kersaeun dijantenkeun bojona. Sunten Jaya mapeg wadia balad miang ke Muarabérés.

Dina waktos anu harengheng, Mundinglaya dugi ka Pajajaran teras ka Muarabérés. Sunten Jaya kasoran mundur ti Muarabérés. Salajengna Prabu Silihwangi ngangkat Mundinglaya janten raja di Pajajaran kalayan gelar Mundinglaya Dikusumah. Henteu lami ti harita Mundinglaya ngajodo sareng Dewi Asri. Pajajaran janten aman deui sareng subur makmur.

Rujukan[édit | édit sumber]