Banten
Alfabét Latin |
| "Iman Taqwa" | |
| Koordinat | 5°7'50" - 7°1'11" LK jeung 105°1'11" - 106°'12" BW |
| Dasar hukum | |
| Tanggal penting | |
| Ibu kota | Sérang |
| Gubernur | Dr. H. Wahidin Halim, M.Si. |
| Lega | 9.160,70 km2 |
| Pangeusi | 7.451.300 |
| Kapadetan | |
| Kabupatén | 4 |
| Kota | 2 |
| Kacamatan | |
| Kalurahan/Désa | 5.778 |
| Suku | Suku Sunda, Suku Jawa, Suku Baduy, Suku Lampung, Suku Minangkabau, Suku Betawi, Suku Melayu, Suku Cirebon. |
| Ageman | Islam (96,6%), Protéstan (1,2%), Katolik (1%), Buda (0,7%), Hindu (0,4%). |
| Basa | Indonésia Sunda Banten Sunda Jawa Sérang |
| Zona waktu | WIB |
| Lagu Daérah | |
|
Ramatloka resmi: http://www.banten.go.id | |
| (?) | |
Banten (Aksara Sunda: ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪, Arab Sunda: بَنْتٓنْ) kuari mangrupa aran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi iyeu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu kebelna mangrupa bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang.
Sajarah
[édit | édit sumber]Di wewengkon Banten baheula kungsi nangtung hiji kasultanan dina abad ka-16, diancurkeun ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda abad ka-18. Propinsi Banten dibentuk taun 2000.
Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiyang atawa prasasti Lebak, anu katimu di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti iyeu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman. Saterusna dina taun 1954, Dinas Purbakala R.I. ngalakukeun transkripsi/maca Prasasti Munjul dina taun 1950.[1] Prasasti Munjul téh eusina kieu:
| Transkripsi (Basa Sansakerta) | Hartosna (Basa Sunda) |
|---|---|
|
vikrānto 'yam vanipateḥ |
Ieu (tanda) kagagahan, kaagungan, |
Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Cisarayu dihajukeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten éta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, Cigedé, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut Wahanten Girang.
Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak nalukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak.
Banten sahajuna asup jadi bagian provinsi Jawa Barat dina taun 1925 sabot Pamaréntah Hindia Walanda nyieun Provinsi Jawa Barat. Dibentukna propinsi éta minangka palaksanaan Bestuurshervormingwet taun 1922, anu ngabagi Hindia Walanda jadi sababaraha provinsi. Saméméh taun 1925, dipaké istilah Soendalanden (Tatar Soenda) atawa Pasoendan, minangka istilah géografi jang nyebutkeun bagian ti Pulo Jawa di palebah kulon Walungan Cilosari sarta Citanduy anu lolobana dicicingan ku anu ngagunakeun basa Sunda minangka basa indung.
Pamaréntahan Provinsi Banten dijieun dina taun 2000.
Basa
[édit | édit sumber]Bangsa asli anu nyicingan propinsi Banten umumna ngagunakeun basa Sunda dialék Banten anu sering disebut ogé ku istilah Basa Sunda Buhun.[2]. Basa Sunda dialék ieu téh sacara linuwistik digolongkeun kana basa anu henteu mikawanoh undak-usuk basa (hierarki basa) saperti anu aya dina basa Sunda modéren.[3]
Sistim undak-usuk basa, anu ngawengku tingkatan ti mimiti lemes nepi ka loma atawa kasar, mimiti ngawujud sarta mangaruhan tatar Sunda nalika Kasultanan Mataram ngawasa wewengkon Parahiyangan dina abad ka-17.[4] Ku sabab pangaruh Mataram teu pati kuat nepi ka Banten, basa Sunda di ieu wewengkon tetep nahan wangun aslina anu leuwih egaliter.[5].
Sanajan kitu, di Sérang sarta Cilegon, Basa Banyumasan dipaké ku étnis pendatang ti Jawa. Sedengkeun, di bagian kalér dayeuh Tangerang, basa Indonésia dialek Betawi ogé dipaké ku pendatang étnis Betawi. Salian ti basa Sunda, di wewengkon Sérang sarta Cilegon dipaké ogé Basa Jawa Sérang (Jawa Banten) ku masarakat anu mibanda patali sajarah jeung mangsa Kasultanan Banten.[6] Di bagian kalér Tangerang, basa Indonésia dialék Betawi ogé dipaké ku masarakat étnis Betawi anu tepung wates jeung Jakarta.[7] Salian ti basa-basa sélér kasebut, basa Indonésia dipaké sacara lega salaku basa resmi sarta basa komunikasi antar-sélér ku para pendatang tina rupa-rupa bagian Indonésia.[8]
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]Propinsi Banten dibagi kana tujuh daérah tingkat dua:
- Kabupatén Sérang
- Kabupatén Lebak
- Kabupatén Pandéglang
- Kabupatén Tangerang
- Kota Cilegon
- Kota Sérang
- Kota Tangerang
- Kota Tangerang Kidul
Gubernur Banten munggaran, Hakamudin Jamal, dipilih ku Pamaréntah Pusat. Lajeng taun 2002, DPRD Banten milih Joko Munandar jeung Atut Chosiyah salaku Gubernur jeung Wakil Gubernur.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]| Artikel ngeunaan Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- ↑ Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Banten (2015). Ragam Pusaka Budaya Banten (Dina basa Indonesia). Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Banten. hlm. 59.
- ↑ Ekadjati, Edi S. (1988). Naskah Sunda: Inventarisasi dan Pencatatan. Universitas Padjadjaran.
- ↑ Ayatrohaedi. (1985). Bahasa Sunda di Daerah Banten. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.
- ↑ Moriyama, Mikihiro. (2005). Sundanese Print Culture: A Social History. Singapore: NUS Press.
- ↑ Lubis, Nina H. (2003). Sejarah Banten: Membangun Tradisi dan Peradaban. Badan Pelestarian Nilai Budaya.
- ↑ Guillot, Claude. (1990). The Sultanate of Banten. Gramedia Book Publishing Division.
- ↑ Chaer, Abdul. (2009). Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.
- ↑ Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa. (2021). Peta Bahasa Provinsi Banten. Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan.