Lompat ke isi

Aksara Sunda Baku

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Alfabét Latin
     
Aksara Sunda Baku
ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥ
Jenis aksara
Abugida
BasaSunda
Periode
sakitar abad ka-17 nika ayeuna
Silsilah
Aksara dulur
Bali
Batak
Baybayin
Buhid
Hanunó'o
Lontara
Sunda Kuna
Réncong
Rejang
Tagbanwa
ISO 15924Sund, 362
Arah panulisanCitakan:ISO 15924 direction
ngaran Unicode
Citakan:ISO 15924 alias
U+1B80–U+1BBF
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit
Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di Bandung.

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahenteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dumasar kana catetan sajarah, aksara Sunda geus di paké ti abad ka-14. Buktina kudipakéna aksara Sunda dina Prasasti Kawali (prasasti Astana Gede) jeung Prasasti Kabantenan.[1] Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana:

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéun sapopoé.[2]

Komputerisasi

[édit | édit sumber]

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[3].

Salian ti éta, dina taun 2008 geus medal Aksara Sunda Unicode meunang nyampurnakeun tina Unicode 2008 anu disusun ku Dian Tresna Nugraha jeung Kusnet (2005). Unicode téh proses digitalisasi anu bisa mantuan ka pamaké ngetik aksara Sunda dina komputer, sanajan can bisa maca naskah aksara Sunda sacara otomatis[4].

Susunan Aksara Sunda

[édit | édit sumber]

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, di antarana:

  • Aksara Ngalagena
  • Aksara Swara
  • Rarangkén
  • Angka

Aksara Swara

[édit | édit sumber]
Répréséntasi grafis
= a = é = i = o
= u = e = eu = reu = leu

Aksara Ngalagena

[édit | édit sumber]
Répréséntasi grafis
= ka = ga = nga = ca = ja = nya
= ta = da = na = pa = ba = ma
= ya = ra = la = wa = sa = ha
= fa = qa = va = xa = za
= kha = sya

Rarangkén

[édit | édit sumber]

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

  • Rarangkén Luhur = 5 rupa
  • Rarangkén Handap = 3 rupa
  • Rarangkén Sajajar = 5 rupa

A. Rarangkén Luhur

Panghulu, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [i].

Conto: = ka → ᮊᮤ = ki.

Pamepet, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ə].

Conto: = ka → ᮊᮨ = ke.

Paneuleung, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ɤ].

Conto: = ka → ᮊᮩ = keu.

Panglayar, nambahan konsonan [r] dina tungtung engang.

Conto: = ka → ᮊᮁ = kar.

Panyecek, nambahan konsonan [ŋ] dina tungtung engang.

Conto: = ka → ᮊᮀ = kang.

B. Rarangkén Handap

Panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [u].

Conto: = ka → ᮊᮥ = ku.

Panyakra, nyalusupkeun sora [r] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮢ = kra.

Panyiku, nyalusupkeun sora [l] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮣ = kla.

᮰ᮬ Pamintel, nyalusupkeun sora [m] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto : = ka → ᮊᮬ = kma.

᮰ᮭ Papasangan, nyalusupkeun sora [w] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto : = ka → ᮊᮭ = kwa.

C. Rarangkén Sajajar

Panéléng, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɛ].

Conto: = ka → ᮊᮦ = ké.

Panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɔ].

Conto: = ka → ᮊᮧ = ko.

Pamingkal, nyalusupkeun sora [j] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮡ = kya.

Pangwisad, nambahan sora [h] kana sora asalna.

Conto: = ka → ᮊᮂ = kah.

Patén atawa Pamaéh, ngaleungitkeun sora [a] dina aksara Ngalagena.

Conto: = ka → ᮊ᮪ = k.

Répréséntasi grafis
= 1 = 2 = 3 = 4 = 5
= 6 = 7 = 8 = 9 = 0

Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.
Conto: |᮲᮰᮲᮲| = 2022

Conto Dipakéna Aksara Sunda

[édit | édit sumber]

Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok lulumpatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jang lancah.

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. Faturohman, Taufik (2017). Cahara Basa. Bandung: Geger Sunten. p. 106. ISBN 978-602-7785-33-5. 
  2. Dangiang Aksara Sunda, teuleuman filsafat Abah Surya ngeunaan aksara Sunda di Sundanét.com
  3. http://jamparing.sytes.net/aksara/ Archived 2008-08-28 di Wayback Machine
  4. Ruhaliah (2012).Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan:Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung

Tumbu luar

[édit | édit sumber]

Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').