Pakeman basa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Pakeman basa nyaéta basa anu wangunna angger atawa matok, diwangun ku runtuyan kecap-kecap nu geus matok , cicing, hésé dionggétonggétna, atawa hésé robahna.. najan kitu, teu ngandung harti pakeman basa téh henteu robah, pakeman basa bisa robah najan ngan saeutik [1]. Ceuk Salmun, pakeman basa nyaéta kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang robah, boh robah unina atawa ejahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun [2]. Dina basa Indonésia, pakeman basa disebut ungkapan kata atawa idiom. Ulikan pakeman basa disebutna ''Idiomatik''. Dipatalikeun kana harti nu dikandungna, nyaéta harti idiomatik, ulikan pakeman basa téh bisa digolongkeun kana ulikan harti semantik atawa élmu harti. Ari idiomatik nyaéta maluruh jeung medar sagala rupa gejala idiom (pakeman basa) katut hartina. Enggoning nerangkeun gejala-gejala idiom katut hartina, padika anu ilahar digunakeun ku semantik bisa dimangpaatkeun ku idiomatik.

Ciri-ciri[édit | édit sumber]

Pakeman basa ilaharna ngandung harti husus tur mandiri. Contona wangunan gedé hulu mangrupa pakeman basa anu ngandung harti ' sombong , ria , takabur , béda jeung harti unsur-unsurna boh gedé boh unsur hulu. Prawirasumantri & Suriamiharja ngajéntrékeun tujuh perkara anu kagolong pakeman basa atawa idiom [3]. nyaéta:

  1. Pakeman basa mangrupa raéhan nu mibanda ciri husus tur mandiri, digunakeun pikeun ngabédakeun masarakat hiji jeung séjéna, sok disebut ogé basa wewengkon atawa basa dialék. Conto: téoh (dialek kuningan)= handap Ompod (dialek bogor)= sieunan, borangan
  2. Pakeman basa mangrupa wangunan anu anéh konstruksina nurutkeun tata basa. conto: Nung, manéh geus didahar? Puguh manéhna ogé dijual
  3. Mangrupa wangunan basa anu hartina nyimpang tina harti nurutkeuun tata basa Conto: Jang, pangmiceunkeun tampolong. Néng, pangagedéankeun kompor
  4. Mangrupa wangunan anu hartina henteu bisa dipulangkeun deui kana sajumlahing harti unsur–unsur pangwangunan atawa teu bisa dihartikeun sacéréléwéna. Conto; béak déngkak Abong biwir teu diwengku
  5. Mangrupa gaya basa has pikeun hiji jalma atawa pangarang. Conto gaya Moh Ambri, gaya Ahmad Bakri, Gaya Yus Rusyana.
  6. Mangrupa rakitan basa sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingken hiji hal jeung hal séjéna. Conto: "Siga tunggul kahuru", "Kawas ucing jeung anjing".
  7. Mangrupa kecap-kecap anu ngandung harti injeuman. Conto: Wah haji etamah ngeupeul pisan Ulah hayang ciatah waé atuh!

Wanda[édit | édit sumber]

Sudaryat ngabagi pakeman basa jadi 12 wanda. ieu di handap dijéntrékeun saperluna. Dina basa sunda aya rupa-rupa ungkara atawa kecap anu kaasup kana pakeman basa (idiom), di antarana waé, (1) kekecapan, (2) babasan, (3) paribasa, (4) kecap kiasan, (5) rakitan lantip, (6) cacandran, (7) uga, (8) candrasangkala, (9) caturangga, (10) caturangga ucing, jeung (11) repok. Jaba ti éta aya ogé nu disebut (12) Wirasat kayaning wanci, karang, lelemah piimaheun, jeung (13) Pranata mangsa [4].

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Sudaryat,Yayat : "Pakeman Basa", kaca 9. Pustaka Jaya, 2016
  2. Salmun, MA: "Kandaga Kasusastraan", kaca 84. Ganaco, 1963
  3. Prawirasumantri, Abud & Agus Suriamiharja: " Idiomatik Sunda", kaca 4-5. FKSS IKIP, 1973
  4. Sudaryat,Yayat. Pakeman Basa, kaca 14. Pustaka Jaya, 2016