Lompat ke isi

Ahmad Bakri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ahmad Bakri
Gumelar11 Mei 1917
Ciamis
Tilar dunya18 Juli 1988
Ciamis
PagawéanPangarang, Guru
KabangsaanIndonésia
GénréCarpon, Novel, Carnyam

Ahmad Bakri, guru jeung pangarang dina basa Sunda sarta Indonésia.[1] Lahir di Ciamis ping 11 Mei 1917 tur ngantunkeun ping 18 Juli 1988. Satamatna ti sakola Rayat 3 taun, Ahmad Bakri neruskeun ka Scahake School(sakola sambungan) di Ciamis.[2] Meunang sawatara bulan kungsi masantrén di Genténg jeung Sadéwa.[2] Taun 1937, milu keurseus montir di Bandung, tapi teu kungsi tepi ka tamat.[1] Ti dinya digawé di PTT, tepi ka jaman Jepang.[1] Satutasna pengakuan kedaulatan (taun 1949), Ahmad Bakri sakulawrga pindah ka Bandung, lantaran kaayaan di lemburna teu aman balukar gangguan gorombolan.[1] Kungsi ngajar di SD Cicadas (1952), tuluy milu ujian persamaan SGB, ditéma deui ku KGA, anu sabada tamat diteruskeun ka B-1 Basa Sunda.[2] Nalika éta, carpon Ahmad Bakri geus aya nu dimuat dina majalah Warga.[1] Sanggeus kitu, diajakan aktif di LBSS ku R.I Adiwijaya sarta dijadikeun Wakil Ketua Bagéan Basa kapangurusan hasil kongrés 1958.[1] Ti taun 1963, Ahmad Bakri loba nyieun carpon jeung carnyam nu dimuat dina Manglé jeung Hanjuang.[1] Sanggeus ngantongan diploma B-1, Ahmad Bakri ditempatkeun jadi guru SPG di Ciamis, nepi ka pangsiunna (1973).[2] ti dinya terus diangkat jadi Kepala SPG Muhammadiyah Ciamis, tapi kalah ménta diturunkeun jadi Wakil Kepala, sabab hayang aya waktu anu laluasa pikeun ngarang.[1]

Karya-karyana

[édit | édit sumber]

Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di Pananjung, Sanghiang Lutung Kasarung, Srangéngé Surup Mantén, Sudagar Batik, Mayit dina Dahan Jéngkol, Jurutulis Malingping, Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki Merebot, Kabandang ku Kuda Lumping,Nu Seungit Dipulang Asih .[1][2] Salian ti éta, carpon-carponna ogé dikumpulkeun dina buku Dina Kalangkang Panjara jeung Dukun Lepus.[1] Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang favorit dumasar kana hasil angkét majalah Manglé dina taun 80-an.[2] Tangtu aya dasarna hasil angkét Manglé téh; karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna.[2] Lantaran salian ti produktivitasna dina nyieun karya, kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida hirup tur seger pisan.[1] Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi.[1] Minangka karya hiji Guru, karya-karyana pinuh ku amanat anu nyamuni dina carita nu ditepikeunana.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  2. a b c d e f g Bakri,Ahmad.2001.Dina Kalangkang Panjara.Bandung:PT Kiblat Buku Utama


Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAyip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNingrum DjulaéhaNano. SNazarudin AzharPopon SaadahRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraSamsoediS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Syarif AminTatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana