Lompat ke isi

Ki Umbara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Wiredja Ranusulaksana
Gumelar10 Juli 1914
Kuningan
Tilar dunya2005
Ngaran pénaKi Umbara
PagawéanPangarang
KabangsaanIndonésia
GénréCarpon, Novel

Ki Umbara (ngaran sabenerna mah nyaéta Wiredja Ranusulaksana) [1] nyaéta salah saurang sastrawan Sunda. Lahir di désa Bendungan (Kuningan) ping 10 Juli 1914.[1] Taun 1933 tamat ti Normaal School Serang.[1] Taun 1954 lulus ti SGA Bandung.[1] Mimiti ngajar di SD, tuluy ditempatkeun salaku Kepala SMP Muslimin III nepi ka pengsiunna (1971).[1] Sanajan geus pangsiun, Ki Umbara tetep aktip dina widang atikan, saperti aktip kénéh jadi Ketua I Lembaga Pendidikan Muslimin Pusat di Bandung.[1]

Disagigireun éta, Ki Umbara jadi rédaktur Manglé (ti 1963) jeung Pélét (1965-1967.[1] Ki Umbara sok ngarang ti jaman saméméh perang kénéh nalika masih sakola di Serang.[1] Karangan-karanganana sumebar dina majalah Parahiangan, Sipatahoenan, Timbangan, Warga, Majalah Sunda, Langen Sari, Manglé jeung réa-réa deui.[1] Taun 1973 meunang hadiah sastra ti majalah Manglé sarta taun 1967 meunang hadiah ti IKAPI Jawa Barat.[1] Salian ti éta kungsi ogé nyieun naskah sandiwara pikeun TVRI.[1].

Ki Umbara kasohor jadi pangarang nu parigel dina ngagambarkeun suasana batin orang Sunda, boh tinu golongan santri, boh nu masih kénéh percaya kana kakuatan goib.[2] Sanajan dina datana euweuh catetan kungsi mondok di pasantrén, tapi Ki Umbara tapis pisan nalika nyaritakeun carita dina atmosfer pasantrén.[2] Salian ti éta, Ki Umbara ogé kasohor jadi pangarang misteri.[2] Dina karya-karyana urang bisa niténan yén éta carita misteri téh pikeun ngingetan urang yén jalma téh leuwih mulya ti batan jurig atawa siluman.[2]

Karya-karya Ki Umbara

[édit | édit sumber]

Karya KI Umbara nu geus medal dina wangun buku di antarana nyaéta:

  1. Dewi Sri (1964)
  2. Béja ti Manéhna (1965)
  3. Diwadalkeun ka Siluman (1965)
  4. Teu Tulus Paéh Nundutan (1966)
  5. Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén (1966)
  6. Singa Allah (1967)
  7. Kongkorong Béntang (1967)
  8. Maju Jurang Mundur Jungkrang (1967)
  9. Nu Tareuneung (1968)
  10. Si Bedog Panjang (1968).[1]
  11. Si Lamsijan Kaédanan
  12. Utara-Utari

Salian ti karya sastra Sunda, KI Umbara ogé ngarang carita barudak ku basa Indonésia di antarana waé nyaéta:

  1. Dewi Sri (Pustaka Jaya, 1973)
  2. Si Golok Panjang (Pustaka Jaya, 1974)
  3. Dalem Boncel (Pustaka Jaya, 1975).[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage
  2. a b c d Sunda Santai Islam Santai Archived 2011-08-26 di Wayback Machine (Diakses tanggal 13 Oktober 2011)
Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAyip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNingrum DjulaéhaNano. SNazarudin AzharPopon SaadahRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraSamsoediS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Syarif AminTatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana