Achdiat Karta Mihardja
Page Modul:Infobox/styles.css has no content.
Achdiat Karta Mihardja | |
---|---|
Gumelar | 6 Maret 1911 Cibatu, Garut, Jawa Barat. |
Tilar dunya | 8 Juli 2010 Canbérra, Australia |
Kabangsaan | Indonésia |
Génré | carpon, novel, éséy, drama |
Achdiat Karta Mihardja (lahir di Cibatu, Garut, 6 Maret 1911 – tilar dunya di Canberra, Australia, 8 Juli 2010 ) dikenal ku ngaran péna Achdiat K. Mihardja nyaéta wartawan, dosén jeung pangarang dina basa Indonésia jeung Sunda[1].
Latar Belakang
[édit | édit sumber]Atikan
[édit | édit sumber]Satamatna sakola di HIS Garut, nuluykeun ka MULO di Bandung. Laju nuluykeun deui asup AMS Jurusan Bahasa-basa Barat di Bandung, tapi tuluy pindak ka AMS Jurusan Bahasa-basa Timur (Ooster Letterkundige Afdeling) di Solo, malah kungsi sakelas jeung panyajak kawentar, Amir Hamzah. Tamat taun 1932, laju digawé dina widang surat-kabar ka P.P. Dahler, guruna manten nu simpati kana perjoangan kamerdékaan Indonésia. Ku sabab gering, Ahdiat teu lila digawé di dinya. Anjeunna balik deui ka Bandung, sanggeus cageur tina kasakitna, Ahdiat ngajar deui di Taman Siswa ngarangkep jadi koréspondén kantor berita Aneta jeung kalawarta basa Walanda Mataram nu medal di Yogyakarta.[2]
Pangalaman Jurnalistik
[édit | édit sumber]Ahdiat ogé kungsi jadi rédaktur majalah Panungtun Kamajuan, satuluyna dipénta ku R. Satjadibrata jadi rédaktur Basa Sunda di Balé Pustaka. Nya di dinya minat Ahdiat kana kasusastraan mimiti nguniang. Dina jaman Jepang carita pondokna kungsi meunangkeun hadiah kadua dina pasanggiri ngarang (pinunjul kahijina Usmar Ismail).
Nalika mangsa révolusi, Ahdiat ngungsi ka Garut, medalkeun majalah Gelombang Jaman bari mingpin ogé kalawarta Perjuangan Rakyat (Perdjoangan Rakjat). Nya dina mangsa harita Ahdiat nulis roman anu kawentar Athéis téh (1949). Taun 1948 Ahdiat digawé deui di Balé Pustaka turta nyusun dokuméntasi nu kacida pentingna nyaéta Polémik Kebudayaan (1948) nu mangrupa kumpulan polémik ngeunaan kabudayaan Nasional, Tradisional, jsté nu lumangsung dina taun 1930-an, kayaning S. Takdir Alisjahbana, Ki Hadjar Déwantara, Sanoesi Pane, Dr. Soetomo, jsté. Lamun taya usaha ti Ahdiat pikeun ngumpulkeun éta polémik penting, tinangtu dokuméntasi pamikiran-pamikiran nu ngawangun kabudayaan Indonésia téh tangtu bakal lapur teu kapuluk ku generasi sapandeurieunana.
Dina taun 1948-1950, Ahdiat kungsi milu kuliah-kuliah filsafat ti Prof. Dr. Beerling jeung Peter Dr. Jacobs S.J dosén Filsafat Thomisme di Universiteit van Indonesie nu kiwari Universitas Indonésia, tuluy narjamahkeun buku gurubesar nu judulna Filsafat Dewasa lni (1950). Anjeunna ogé jadi rédaktur majalah Pujangga Baru nu dihirupan deui ku S. Takdir Alisjahbana. Satuluyna, nalika éta majalah téh diganti jadi majalah konfontrasi, anjeunna ogé kacatet jadi anggota rédaksina.
Nalika taun 1956, dina raraga Colombo Plan, anjeunna meunang kasempetan pikeun diajar basa jeung sastra Inggris, sarta kursus ngarang salila sataun di University of Sidney sarta Australian National University di Canberra.[3]
Karya-karyana
[édit | édit sumber]- (id)Polemik Kebudayaan (editor, 1948)
- (id)Atheis (novel, 1949) - dijadikeun film kalawan judul judul nu sarua taun 1974
- (id)Bentrokan Dalam Asrama (drama, 1952)
- (id)Keretakan dan Ketegangan (kumpulan carpon, 1956)
- (id)Kesan dan Kenangan (1960)
- (id)Debu Cinta Berterbangan (novel, Singapura, 1973)
- (id)Belitan Nasib (kumpulan carpon, 1975)
- (id)Pembunuhan dan Anjing Hitam (kumpulan carpon, 1975)
- (id)Pak Dullah in Extrimis (drama, 1977)
- (id)Si Kabayan, Manusia Lucu (1997).
- (id)Si Kabayan Nongol di Zaman Jepang
- (id)Manifesto Khalifatullah (novel, 2006).
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Penulis Atheis Diistirahatkan di Canberra Archived 2012-10-01 di Wayback Machine - Jakarta Post Diaksés ping 25 Juli 2011
- ↑ Rosidi, Ajip (2016). Apa Siapa Orang Sunda. Jakarta: Kiblat Buku Utama. p. 16. ISBN 9789794199800. Diakses tanggal (disungsi) 26 Maret 2020.
- ↑ Tokoh Indonesia Archived 2015-07-16 di Wayback Machine di sungsi kaping 14 April 2015
Artikel ngeunaan sastra ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |