Ki Hadjar Déwantara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ki Hajar Déwantara
Ki Hajar Déwantara dina taun 1949
Menteri Atikan Nasional Républik Indonésia ka-Hiji
Masa jabatan
2 Séptémber 1945 – 14 Nopémber 1945
Présidén Sukarno
Sanggeusna Todung Sutan Gunung Mulia
Katerangan lian
Gumelar Raden Mas Soewardi Soeryaningrat
Walanda Yogyakarta, mangsa Hindia Walanda
Pupus gumelar 2 Méi 1889 – maot 26 April 1959 dina umur 69 taun
Indonésia Yogyakarta, Indonésia
Ageman Islam

Radén Mas Soewardi Soerjaningrat (diéjah: Suwardi Suryaningrat, ti taun 1922 jadi Ki Hadjar Déwantara, diéjah: Ki Hajar Déwantara, éjahan Jawa Ki Hajar Déwantoro; gumelar di Yogyakarta, 2 Méi 1889 – maot di Yogyakarta, 26 April 1959 dina umur 69 taun; nu saterusna disingget jadi "Soewardi" atawa "KHD")[1] mangrupa salah saurang ti kulawarga turunan Karaton Yogyakarta[2] Anu satuluyna merjuangkeun kamerdikaan Indonésia, ogé jadi pangbaladah di widang atikan hususna mah atikan pikeun bangsa Indonésia.[3] Anjeunna ogé nyaéta pangadeg Paguron Taman Siswa nu nikakeun tilar dunyana tumerus mingpin ieu paguron.[3] Anjeunna ditetepkeun minangka salah saurang pahlawan nasional ku SK Présidén nomor 305 taun 1959, ping 28 Nopémber 1959.[4]

Atikan jeung Perjoangan[édit | édit sumber]

Minangka golongan ningrat, Ki Hadjar Déwantara meunang hak pikeun ngabéréskeun atikan anu méré nah ti Hindia Walanda.[3] Sabérés namatkeun ELS, anjeunna neruskeun pangajaranna ka STOVIA, ngan hanjakal ku sabab gering anjeunna teu bisa neruskeun atikanna di STOVIA.[3] Anjeunna terus digawé minangka wartawan di babaraha surat kabar, di antarana De Express, Utusan Hindia, jeung Kaum Muda.[5] Minangka panulis anu mahér, tulisanna bisa ngabangkitkeun sumanget antikolonialisme rahayat Indonésia.[5] Dina ping 3 Juli 1922 anjeunna ngadegkeun Paguron Taman Siswa, tug nikakeun wafatna anjeunna terus mingpin ieu paguron.[3] Taman Siswa nyaéta hiji paguron anu watekna nasional jeung ngabeuratkeun kana rasa kabangsaan ogé sumanget perjoangan kamerdikaan Indonésia.[3] Perjoangan Ki Hadjar Déwantara henteu ngan saukur liwat Taman Siswa wungkul, minangka panulis, Ki Hadjar Déwantara tetep produktif nulis pikeun sawatara surat kabar.[3] Tulisan Ki Hadjar Déwantara eusina nyaéta konsép-konsép atikan jeung kabudayaan anu miwawasan kabangsaan, jeung liwat konsép-konsép éta téh anjeunna ngahasil neundeun dasar-dasar atikan nasional pikeun bangsa Indonésia.[3]

Kagiatan Pulitik[édit | édit sumber]

Dina widang pulitik Ki Hajar Déwantara jabung jeung Budi Utomo, nu saterusna ngadegkeun Indische Partij minangka partéy pulitik munggaran anu aliranna nasionalisme Indonésia dina ping 25 Désémber 1912 barengan jeung dua sobatna, Douwes Dekker jeung dr. Cipto Mangunkusumo.[5] Ki Hajar Déwantara ogé milu ngabaladahan kawagunna Komite Bumiputra dina taun 1913 minangka wangun protés kana raracangan Walanda pangingetan kemerdikaanna jeung Perancis.[5] Anjeunna terus nyieun hiji tulisan nu cohag dina surat kabar De Express anu judulna “Als lk een Nederlander” (Saupamana Kuring Urang Walanda).[5] Liwat tulisan ieu, anjeunna nyindiran Walanda anu baris ngarayakeun 100 taun kemerdikaanana jeung Perancis di negeri jajahan jeung maké uang rahayat Indonésia.[5] Balukarna, Walanda ogé langsung ngahukum ku hukuman pangasingan.[5] Bareng jeung Douwes Dekker ogé dr. Cipto Mangoenkoesomo, anjeunna dipiceun ke Walanda.[5] Di Walanda, Ki Hajar Déwantara ngamangpaatkeun kasempetan neuleuman masalah atikan jeung pengajaran.[5] Sanggeus balik ka Indonésia, Ki Hajar Déwantara muserkeun perjoangan liwat atikan ku ngadegkeun Paguron Taman Siswa.[5]

Ajaran di Widang Atikan[édit | édit sumber]

Ajaran Ki Hajar Déwantara anu kakoncarana nyaéta ing ngarsa sung tulodo, ing madya mangun karsa, jeung tut wuri handayani.[5] Nu artina nyaéta di hareup méré tuladan, di tengah méré sumanget, jeung di tukang méré dorongan.[5] Ku jasana anu dominan di widang atikan mangka pameréntah netepkeun anjeunna minangka Bapak Atikan jeung ping gumelarna, 2 Méi jadi Poé Atikan Nasional.[5] Dina taun 1957, anjeunna meunang gelar Doctor Honoris Causa ti Universitas Gadjah Mada.[5] Dua taun sanggeus meunang gelar éta, anjeunna tilar dunya Yogyakarta terus dikurebkeun di Taman Wijaya Brata.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. merdeka.com. 2014. "Ki Hajar Déwantara. Merdeka: Profil Index.
  2. Okezone.com. 2014. "Ki Hajar Déwantara, dari Bangsawan yang Pahlawan. Jakarta: Okezone News.
  3. a b c d e f g h Suyitno, Y. 2009. Tokoh-tokoh Pendidikan Dunia (dari dunia timur, timur tengah dan barat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
  4. Kementerian Sosial Republik Indonesia, 2014. Daftar Nama Pahlawan Nasional Republik Indonesia Archived 2016-10-21 di Wayback Machine, disorang 30 Désémber 2014.
  5. a b c d e f g h i j k l m n o http://www.pahlawanindonesia.com. 2014. "Biografi pahlawan pendidikan, Ki Hadjar Déwantara. Jakarta: Pahlawan Indonesia.