Kekecapan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kekecapan asalna tina kecap (kaucap, kaomongkeun) dirajék dwipurwa binarung rarangkén tukang -an (Rdp-an).[1] Kecapna sorangan ngandung harti bagéan kalimah anu bisa madeg mandiri sarta ngandung harti nu tangtu. Sajalantrahna mah kekecapan téh nyaéta kecap-kecap anu geus jadi kailaharan atawa kecap-kecap matok anu geus jadi ucapan kabiasaan. Kekecapan nyaéta kecap-kecap atawa gundukan kecap anu geus jadi omong-omongan atawa kailaharan, hartina langsung atawa henteu ngandung harti injeuman. Kekecapan ilaharna mangrupa kaayaan hiji jalma, ngaran tradisi kagiatan atawa kecap-kecap nu geus jadi kailaharan.[1]. Kekecapan jeung babasan mibanda sasaruaan, nyaéta pada-pada mangrupa kecap kantétan atawa gundukan kecap.[1] Bédana téh kekecapan mangrupa gundukan kecap nu geus jadi kailaharan tapi teu ngandung harti injeuman, ari babasan mangrupa gundukan kecap nu geus jadi kailaharan bari ngandung harti injeuman. Conto babasan dinangna néngné = dipiara atawa dipikanyaah, teu éléh géléng = teu éléh kakuatan, paéh pikir = euweuh kahayang.[1]

Wanda Kecap Dasar[édit | édit sumber]

Kecap Barang[édit | édit sumber]

Nyaéta sajumlah kecap nu sakurang-kurangna mibanda salah sahiji ciri ieu di handap:[2]

  1. Kecap barang mangrupa kecap nu nuduhkeun barang jeung naon-naon nu nuduhkeun barang, saperti jalma, sato, tutuwuhan, barang, tempat, jeung hal.
  2. Kecap barang bisa dipiheulaan kecap bilangan saperti lima jeung dalapan dina wangunan: lima imah, dalapan entragan.
  3. Kecap barang bisa dipieulaan kecap pangantét saperti di, ka, jeung ti dina wangunan prasa: di Bandung, ti lembur.

Kecap Pagawéan[édit | édit sumber]

Nyaéta sajumlah kecap anu mibanda salah sahiji ciri ieu di handap:[2]

  1. Kecap pagawéan ngandung ma'na bawaan (inhérén) 'kalakuan, 'proses', jeung 'kaayaan'. Contona: lumpat, leyur, jeung resep.
  2. Kecap pagawéan, utamana miboga ma'na inhérén 'kalakuan', bisa dijadikeum wangun paréntah (imperatif). Conto lumpat, asupkeun
  3. Kecap pagawéan bisa dipiheulaan ku kecap bari Conto: bari lumpat

Kecap Kaayaan atawa Kecap Sipat (Adjéktiva)[édit | édit sumber]

Nyaéta sajumlah kecap anu umumna miboga salah sahiji ciri ieu di handap:[2]

  1. Kecap sipat ngabogaan harti bawaan 'sipat' (kualitas) jeung 'kaayaan' (statif). Sipat jadi bagian langsung anu angger tur ngahiji jeung barang, sabalikna kaayaan mah henteu. Conto sipat: leutik, beurat, beureum, buleud. Conto kaayaan; Baseuh, beunghar, ramé
  2. Kecap sipat bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani, contona : ageung + leuwih = leuwih ageung. Conto lianna: Luhur + mani = Mani luhur
  3. Kecap sipat bisa dituturkeun ku kecap pisan, contona; bageur + pisan= Bageur pisan

Kecap Bilangan[édit | édit sumber]

Nyaéta sajumlah kecap anu umumna miboga ciri-ciri di antarana:[2]

  1. Nudukeun jumlah, beungkeutan, urutan, jeung tahapan tina barang
  2. Bisa dituturkeun kecap kali, nu hartina 'titikelan': lima kali.
  3. Bisa dituturkeun kecap barang; dalapan sakola.

Ciri-Ciri Kekecapan[édit | édit sumber]

Sudaryat nétélakeun sawatara ciri-ciri kekecapan di antarana:[3]

  1. Kekecapan mangrupa kecap atawa kantétan kecap
  2. Kekecapan geus jadi kedaling kailaharan atawa kabiasaan
  3. Kekecapan umumna henteu ngandung harti injeuman

Kabeungharan Kekecapan[édit | édit sumber]

Numutkeun Sudaryat, aya 727 kekecapan nu geus didaftarkeun. Béréndelanana geus dibukukeun dina buku Pakeman Basa Sunda Ulikan Idiomatik Sunda yasana Yayat Sudaryat.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Sudaryat,Yayat (2016): Pakeman Basa Sunda,:kaca. Pustaka Jaya, Bandung
  2. a b c d Sudaryat Dkk, Yayat (2007). Tata Basa Sunda KIwari. Bandung: YRAMA WIDYA. pp. 69–135. ISBN 979-543-526-4. 
  3. a b Sudaryat,Yayat : "Pakeman Basa Sunda", kaca 16. Pustaka Jaya, 2016