Sajarah éjahan basa Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Éjahan basa Sunda robah ti mangsa ka mangsa. Nepi ka kiwari aya sababaraha éjahan anu kungsi dipaké dina basa Sunda. Upama disusun tur dipedar sacara kronologis, bisa kieu:

Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Taun 1912: Terbit buku ngeunaan éjahan basa Sunda anu judulna Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Sunda jeung Aksara Walanda, beunang D. K. Ardiwinata, anu dikaluarkeun ku Commisie voor de Volkslectuur (Komisi Bacaan Rayat). éta éjahan téh suméndér kana éjahan Ch. Van Ophuysen, sarta dipaké nepi ka taun 1947.

Taun 1952: Dina Kongrés Basa Sunda, Surawidjaya ngasongkeun prasaran ngeunaan ” Éjahan Basa Sunda ku Aksara Latén” Malah taun 1956 éta prasaran téh dipedar deui ku R. I. Adiwidjaya. Sanajan kitu, pamaréntah can bisa ngesahkeun éta hasil. Ari alesanana, lantaran éjahan basa Indonésia ogé can puguh kumaha-kumahana.

Taun 1959: Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) ngaropéa sarta ngesahkeun ”Éjahan Basa Sunda ku Aksara Latén”. Ieu éjahan téh diluyukeun jeung Éjahan Suwandi anu dipaké dina basa Indonésia.

Taun 1974: Medal buku Pedoman Umum Ejaan Bahasa Sunda yang Disempurnakan, anu dikaluarkeun ku Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa di Jakarta. Éta éjahan ngindung kana Pedoman Umum Éjahan Bahasa Indonésia yang Disempurnakan anu kaluar taun 1972.

Taun 1989: Dumasar kana hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988, Jurusan Basa jeung Sastra Sunda (Jurusan Basa jeung Sastra Daerah, ayeuna), FPBS IKIP Bandung, nyusun jeung medalkeun Palangeran Éjahan Basa Sunda. Eusina ngalengkepan éjahan basa Sunda saméméhna. Éta éjahan téh dipaké nepi ka kiwari.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Tamsyah, Spk., Budi Rahayu (Maret 1999), Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, pp. 55–56