Aksara Sunda Kuna
Page Modul:Infobox/styles.css has no content.
Aksara Sunda Kuna | |
---|---|
Jenis aksara | abugida |
Basa | Sunda |
Periode | kira-kira abad ka-14 nepi ka-18. |
Silsilah | Nurutkeun hipotésis hubungan antara abjad Araméa jeung Brahmi, mangka silsilahna saperti kieu:
Tina aksara Brahmi diturunkeun jadi:
|
Aksara anu diturunkeun | Aksara Sunda baku |
Aksara dulur | Bali Batak Baybayin Buhid Hanunó'o Jawa Kaganga (Rejang) Lontara (Bugis) Rencong Tagbanwa (Tagalog) |
Aksara Sunda kuna (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮥᮔ) nyaéta aksara anu mekar di wewengkon Jawa Kulon dina Abad XIV-XVIII anu awalna dipaké pikeun nuliskeun basa Sunda kuna. Aksara Sunda kuna mangrupa pamekaran tina Aksara Pallawa anu nepi kana tahap modifikasi hasna, sakumaha anu dipaké dina naskah-naskah lontar abad ka XVI.
Dipakéna aksara Sunda kuna dina wangun pangmimitina di antarana dipanggihan dina prasasti-prasasti anu aya di Astana Gedé, Kacamatan Kawali, Kabupatén Ciamis, jeung Prasasti Kabantenan anu aya di Kacamatan Jatiasih, Kota Bekasi.
Édi S. Ékadjati nétélakeun yén ayana aksara Sunda kuna geus lila pisan kasilih lantaran ayana ékspansi Karajaan Mataram Islam ka wewengkon Priangan, iwal Cirebon jeung Banten. Dina mangsa harita, para ménak Sunda leuwih réa ngajadikeun budaya Jawa minangka anutan jeung tipe idéal. Balukarna, kabudayaan Sunda kasilih ku kabudayaan Jawa. Komo deuih, réa panulis jeung budayawan Sunda anu maké tulisan jeung simbul-simbul Jawa.
Aksara Sunda kuna umumna kapanggih dina naskah-naskah nu bahanna tina daun lontar anu dituliskan dikoét ku péso pangot. Naskah anu ditulis ku aksara ieu di antarana Bujangga Manik, Séwaka Darma, Carita Ratu Pakuan, Carita Parahiyangan, Fragmén Carita Parahiyangan, jeung Carita Waruga Guru. Aksara Sunda kuna nyampak dina kolom 89-92 dina Table van Oud en Nieuw Indische Alphabetten (Holle, 1882).
Dina kamekaranna, Aksara Sunda kuna teu ngeukeuhan sababaraha huruf tina aksara Kawi. Aksara Kawi anu teu dipaké dina aksara Sunda kuna, nyaéta
- Konsonan: kha, gha, cha, jha, ṭa (cerebral), ṭha (cerebral), ḍa (cerebral), ḍha (cerebral), ṇa (cerebral), tha, dha, pha, bha, ṣa (cerebral), jeung śa (palatal).
- Vokal: ā (a panjang), ī (i panjang), ū (u panjang), ṝ (ṛ panjang), dan ḹ (ḷ panjang). Lolobana naskah jeung prasasti teu ngabédakeun huruf jeung tanda diakritik antara sora ӗ (e pepet) jeung ӧ (e pepet panjang/paneuleung), sanjan kitu sababaraha naskah ngabédakeun huruf jeung tanda diakritik antara sora ӗ jeung ӧ.
Sumber
[édit | édit sumber]- (id) Duddy R. S., 2004. Aksara Sunda Kuno Menghiasi Plang Jalan di Kota Tasik, Pikiran Rakyat, 10 Oktober 2004.
- (id) A-148, 2005. Aksara Sunda Harus Diperkenalkan Kembali, Pikiran Rakyat, 19 Juli 2005.
- (nl) Holle, K. F., 1882, Tabel van Oud en Nieuw Indische Alphabetten : Bijdrage tot de Palaeographie van Nederlansch Indie, Batavia. (University of Michigan)
- (nl) Holle, K. F., 1882, Tabel van Oud en Nieuw Indische Alphabetten : Bijdrage tot de Palaeographie van Nederlansch Indie, Batavia. (Bodleian Library)
- (en) Nugraha, Dian Tresna, 2008. Aksara Sunda : Sundanese Script and Writing System
Conto naskah Sunda kuna
[édit | édit sumber]-
Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara Sunda Kuna.
-
naskah lontar Sanghyang Sasana Maha Guru koleksi PNRI, Jakarta (Saméméh abad ka-17).
-
Facsimile halaman kahiji naskah Carita Waruga Guru nu kapanggih kabupatén Galuh (kira-kira abad ka-18).