Lompat ke isi

Aksara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
aksara Cina

Aksara sacara étimologi asalna tina basa Sangsekerta anu akarna tina kecap "a" jeung "kshara".[1][2] "A" miboga harti "henteu", sedengkeun "kshara" miboga définisi "kamusnahkeun"[1]. Tina définisi dua akar kecap éta, mangka harti aksara nyaéta hiji hal anu langgeng, atawa teu kamusnahkeun[1]. Alésan "langgeng" ku sabab aksara miboga peran pikeun ngadokuméntasikeun sarta ngabadikeun hiji kajadian kana wangun tulisan[1].

Aksara mangrupa sistim tanda grafis anu dipaké manusa pikeun komunikasi sarta saeutik lobana ngawakilan kedalan[3]. Ti taun 1966, unggal tanggal 8 Séptémber dipiéling minangka poé aksara internasional dina raraga nengetan status kaaksaraan sacara global[1]. Poé aksara internasional anu dipiéling unggal 8 Séptémber ieu ditetepkeun ku UNESCO dumasar Konférénsi Tingkat Mentri Nagara-nagara Anggota PBB dina tanggal 17 Nopémber 1965 di Teheran, Iran[1].

Aksara ogé nunjul kana harti gambar sora ku gurat diringkel-ringkel kauni jeung kabaca, loba pisan rupa aksara kayaning: aksara anggitan, aksara balok, aksara citak, aksara gundul, jeung réa-réa deui.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f Ensiklo.com, Istilah ‘Aksara’ Berasal dari Bahasa Sanskerta yang Berarti Tidak Musnah Archived 2015-07-07 di Wayback Machine. Diaksés 01 Agustus 2015.
  2. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 9.  Disungsi22 Mei 2024
  3. KBBI Online, Arti Kata Aksara. Diaksés 01 Agustus 2015.
  4. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 11. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 19 Des 2020.