Komunikasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Komunikasi nyaéta proses tina parobahan inpormasi umumna ngaliwatan sistim tina simbol nu geus umum. "Elmu Komunikasi" nyaéta élmu akademik nu ngajarkeun ngeunaan komunikasi.

Komunikasi nyaéta prosés anu ngamungkinkeun mahluk hirup pikeun silih tukeur informasi ku cara maké sababaraha métodeu . Komunikasi nyaratkeun yén sakabéh pihak anu ngalakukeun komunikasi mikawanoh basa anu dipaké bareng dina éta komunikasi.

Silih tukeur informasi merlukeun feedback atawa eupanbalik. Sanajan kitu, kecap komunikasi ogé digunakeun dina konteks anu ngan merlukeun saeutik eupanbalik atawa henteu merlukeun eupanbalik samasakali saperti siaran, ogé dina konteks di mana eupanbalik katunda lantaran pangirim atawa panarima ngagunakeun métodeu , teknoloji, waktu jeung alat uepanbalik anu béda.

Aya cara komunikasi anu bisa didenge saperti ucapan, nyanyian jeung wirahma sora. Aya deui cara komunikasi tanpa ucapan tapi maké cara fisik anu katelah nonverbal saperti basa awak, basa isarat, paralanguage, cabakan, hubungan mata, atawa panggunaan tulisan.

Definisi komunikasi rupa-rupa pisan. Sabagian jelema nganggap yén sato bisa ngalakukeun komunikasi jeung baturna persis saperti manusa, sarta sabagian deui jelema ngadefinisikeun komunikasi leuwih heureut, ngan ngawengku manusa katut paraméter-paraméter interaksi simbulna.

Sanajan kitu, komunikasi biasana digambarkeun ku sababaraha dimensi utama:

  1. Eusi atawa informasi (naon jinis anu dikomunikasikeun)
  2. Sumber/Pamancar/Pangirim/Encoder (saha nu ngirim)
  3. Wangunan (naon wangunannana)
  4. Channel (naon mediyeum anu diliwatan)
  5. Tujuan/Panarima/Sasaran/Decoder (saha anu dikirim)
  6. Tujuan/Aspek pragmatic (naon jinis hasilna)

Komunikasi di antarana kaasup tindakan-tindakan pikeun méré pangaweruh jeung pangalaman, méré nasehat jeung parentah, sarta pertanyaan. Tindakan-tindakan ieu bisa ngawujud dina rupa-rupa wangunan. Wangunanna gumantung kana kamampuhan kolompok anu ngalakukeun komunikasi. Eusi jeung wangunan babarengan ngahasilekun pesen anu dikirim ka sahiji tujuan. Sasaranna bisa diri pribadi, jelema lian atawa mahluk lain, jeung unsur lain (saperti sahiji pausahaan atawa kolompok). Gumantung kana puseur perhatian atawa fokus (saha, naon eusina, naon wangunannana, ka saha, jeung naon hasilna), aya rupa-rupa klasifikasi komunikasi. Sabagian pertanyaan sistemati kasebut diwincik dina Tiori komunikasi.

Komunikasi salaku pangiriman informasi[édit | édit sumber]

Komunikasi bisa dititén salaku prosés pangiriman informasi anu dibangkitkeun ku tilu lapis aturan semiotic:

  1. Syntactic (sifat formal isarat jeung lambang),
  2. pragmatik (patali jeung hubungan antara isarat/paroman jeung anu makena) sarta
  3. semantic (studi ngeunaan hubungan antara isarat jeung simbul katut naon tarjamahannana).

Jadi, komunikasi mangrupa sajinis interaksi sosial di mana saeutikna dua pihak anu ngalakukeun interaksi silih bagi sakumpulan isarat jeung sakumpulan aturan semiotic anu ilahar pikeun éta kadua beulah pihak. (Aturan anu diadegkeun babarengan ieu dina sababaraha harti teu nganggap autocommunication, kaasup intrapersonal communication ngaliwatan dayeri atawa ngomong-sorangan) salaku komunikasi.

Dina modél anu saderhana, informasi atawa eusi (misalna pesen dina basa anu alami) dikirim dina sababaraha wangunan (saperti basa ucap) ti pamancar/pangirim/encoder ka tujuan/panarima/decoder. Dina wangunan anu saeutik leuwih kompleks saurang pangirim jeung saurang panarima dihubungkeun sacara timbal balik.

Komunikasi ucapan[édit | édit sumber]

Communication major dimensions scheme

salah sahiji conto komunikasi nyaéta komunikasi ucapan. Komunikasi ucapan sacara husus nurutkeun rupa-rupa cara pangiriman logika nu kadang-kadang dilakukeun kurang alus antukna pihak lain ngira-ngira. Conto paling umum komunikasi ieu, mungkin wangunan komunikasi paling alus, nyaéta dialog. Dialog mangrupa sahiji wangunan komunikasi di mana kadua beulah pihak kalibet dina pangiriman informasi. Dialog disebut wangunan anu alus lantaran ayana eupanbalik.

Communication code scheme

Kahadiran gangguan komunikasi atawa anu disebut "nois komunikasi" dina channel pangiriman (rohangan hawa, dina hal ieu) ngakibatkeun eusi atawa informasi nu katarima jadi ruksak, dina harti yén eusina bakal ngandung kasalahan, jadi henteu ngakibatkeun hasil anu diharepkeun.

Tiori coregulation ngajelaskeun yén komunikasi mangrupa prosés daya cipta (kréatif) jeung dinamik anu sinambung.

Komunikasi simbulik[édit | édit sumber]

Komunikasi simbulik nyaéta komunikasi anu ngagunakeun perlambang. Dina komunikasi simbulik, lambang-lambang dibéré harti jeung ngagambarkeun sahiji gagasan. Contona, bendera Amerika mangrupa perlambang anu ngagambarkeun kabébasan pikeun urang Amérika, atawa ngagambarkeun imperialisme sarta kajahatan pikeun nagara-nagara lianna.

Maksud[édit | édit sumber]

Komunikasi mangrupa silih tukeur informasi antara para anggota sakolompok mahluk hirup. Lamun sahiji interaksi gagal ngalakukeunnana, éta lain komunikasi. Hal ieu henteu dijelaskeun dina tiori komunikasi simbulik, tapi silih tukeur pesen anu bisa ngarobah a priori harepan kajadian, tetep lumaku.


Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Bentuk Komunikasi[édit | édit sumber]

Bentuk jeung komponen komunikasi manusa[édit | édit sumber]

Manusa ngalakukeun komunikasi pikeun babagi pangaweruh jeung pangalaman. Bentuk umum komunikasi manusa ngawengku bahasa isarat, omongan, tulisan, basa awak, jeung siaran. Komunikasi bisa interactive, transactive, ngahaja, atawa teu dihaja; ieu ogé bisa mangrupa verbal atawa nonverbal. Sajaba ti eta, komunikasioge bisa intrapersonal atawa antar pribadi.

Téhnologi Komunikasi[édit | édit sumber]

Dina telekomunikasi, pamancaran radio dua arah meuntasan Atlantik mimiti kajadian dina tanggal July 25 1920.
(tingali oge: semafor, telegraf, telefon, radioteletype, jaringan telefon global – anu dikenal ogé minangka Jaringan Telefon pikeun Umum (tarjamahan tina Public Switched Telephone Network, satelit komunikasi, ethernet, jeung internet – sahiji jaringan tina jaringan-jaringan kompiyuter).

As the technology evolved, communication protocol also had to evolve; for example, Thomas Edison had to discover that hello was the léast ambiguous greeting by voice over a distance; previous greetings such as hail tended to be lost or garbled in the transmission.

As regards human communication these diverse fields can be divided into those which cultivate a thoughtful exchange between a small number of péople (debate, talk radio, e-mail, personal letters) on the one hand; and those which disseminate broadly a simple message (Public relations, television, cinema).

Our indebtedness to the Romans in the field of communication does not end with the Latin root "communicare". They devised what might be described as the first réal mail or postal system in order to centralize control of the empire from Rome. This allowed Rome to gather knowledge about events in its many widespréad provinces.

As the Romans well knew, communication is as much about taking in towards the centre as it is about putting out towards the extremes. Thus peace is a side-effect of communication, starting, for example, when the August 30th 1963 communication hotline between U.S. and Soviet léaders went into operation.

In virtual management an important issue is computer-mediated communication.

The view péople take toward communication is changing, as new technologies change the way they communicate and organize. In fact, it is the changing technology of communication that tends to maké the most frequent and widespréad changes in a society. The latest trend in communication, decentralized personal networking, is termed smartmobbing.

Hahalang komunikasi[édit | édit sumber]

Kahariwang dina komunikasi disebut communication apprehension. Kahariwang saperti kitu condong dipangaruhan ku konsep-diri sahiji jelema. Sajaba kahariwang, komunikasi bisa ruksak alatan bypassing, indiskriminesyen, jeung polarisesyen. Kagagalan pikeun ngagunakeun basa anu umum digunakeun dina hii komunitas ogé mangrupa hahalang.

References[édit | édit sumber]

[1] Dance, Frank. "The 'concept' of communication. Journal of Communication, 20, 201-210 (1970).

Jejer nu patali[édit | édit sumber]

Tumbu Kaluar[édit | édit sumber]