Naskah Wangsakerta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Naskah Wangsakerta nujul ka sakumpulan naskah nu disusun ku Pangéran Wangsakerta pribadi atawa nu disusun ku "Panitia Wangsakerta". Dumasar eusi Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa (bagian) V sarga (jilid/naskah) 5 nu mangrupa daptar pustaka, sahanteuna pabukon Karaton Cirebon ngoléksi 1703 judul naskah, 1213 di antarana mangrupa karya Pangéran Wangsakerta saparakanca.[1]

Panitia Wangsakerta[édit | édit sumber]

Dina pamuka unggal naskah karya Wangsakerta salawasna diémbarkeun ngeunaan prosés dijieunna naskah-naskah éta. Panitia—nu dipingpin ku Pangéran—Wangsakerta ieu dimaksudkeun pikeun nyumponan amanat ramana, Panembahan Girilaya, sangkan nyusun kisah karajaan-karajaan Nusantara. Panitia ngadeg pikeun ngayakeun gotrasawala antara para ahli (sajarah) ti sakuliah Nusantara, nu hasilna disusun jeung ditulis jadi naskah-naskah nu kiwari katelah Naskah Wangsakerta téa. Gotrasawala ieu lumangsung taun 1599 Saka (1677 M), sedengkeun panyusunan naskah-naskahna méakeun waktu nepi ka 21 taun (réngsé 1620 Saka, 1698 M).

Karya Panitia Wangsakerta[édit | édit sumber]

Naskah-naskah nu dihasilkeun ku Panitia Wangsakerta bisa digolongkeun kana sababaraha judul:

Kaayaan naskah[édit | édit sumber]

Naskah-naskah Wangsakerta disimpen di Musium Sri Baduga, Bandung. Naskah-naskah ieu ditulis maké mangsi hideung dina kertas daluang. Numutkeun Arsip Nasional, umur ieu keretas téh kira saratus taunan. Sigana, naskah-naskah nu aya téh mangrupa naskah salinan nu ditulis kira ahir abad ka-19.

Kontrovérsi[édit | édit sumber]

Kapanggihna naskah Wangsakerta dina taun 1970-an, lian ti nimbulkeun rasa bungah jeung hélok nu kacida alatan kalengkepanana, pikeun sawatara pihak nimbulkeun rasa mangmang, malah sababaraha ahli nyangka yén ieu naskah téh aspal (asli tapi palsu). Di antara alesan-alesan nu ngaragukeun ieu naskah, nyaéta:

  • historis teuing, teu galib jeung umumna eusi naskah nu sajaman (babad, kidung, tambo, hikayat);
  • akurna eusi naskah jeung karya-karya sarjana Kulon (J.G. de Casparis, N.J. Krom, Eugene Dubois, jsb.), antukna aya sangkaan yén ieu naskah dijieun ngarujuk ka karya sarjana-sarjana tadi (lain dijieun abad ka-17);
  • kaayaan fisik naskah (keretas/daluang, mangsi, wangun aksara) can katalungtik.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-330-5
  • Ékajati, Édi S. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
  • Hérlina Lubis, Nina. 2002. Kontrovérsi tentang Naskah Wangsakerta. Humaniora 1: 20-26.

Bacaeun salanjengna[édit | édit sumber]

  1. Sejarah Peradaban Dunia Lengkap. Indonésia: Pustaka Widyatama. 2019. p. 269. ISBN 9786232447646.  Disungsi11 Juli 2023