Lompat ke isi

Kertas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Keretas)
Salambar kertas

Kertas atawa keretas nyaéta bahan ipis & rata hasil tina komprési serat.[rujukan?] Serat nu dipaké biasana serat alam nu dasarna selulosa.[rujukan?] Bahan pangumumna nyaéta bubur kai, tapi aya ogé nu dijieun tina serat séjénna kayaning kapas, linén, haramay.[rujukan?] Sabeundeul kertas nu lobana 500 lambar disebut sa-rim.[rujukan?]

Pabrikasi

[édit | édit sumber]
Maskapé Kertas Internasional: pabrik kertas kraft di Georgetown, Carolina Kidul

Boh dijieun maké leungeun atawa Mesin Fourdrinier, produksi kertas téh ngaliwatan opat hambalan:

Nyiapkeun serat

[édit | édit sumber]

Bahan nu rék dipaké nyieun kertas dikonversi jadi bubur (pulp). ku sabab lolobana tina bahan alam, prosés ieu sok merlukeun diwilah-wilah jeung dikumbah.[rujukan?] Mun seratna geus kaékstrak, saterusna bisa diwarnaan atawa dibodaskeun luyu jeung hasil ahir nu dipikahayang.[rujukan?]

Dijieun jadi lambaran

[édit | édit sumber]

Bubur serat téa terus diéncérkeun maké cai, laju dialirkeun ngaliwatan saringan sahingga ngahasilkeun ramat serat; watermark biasana ditambahkeun dina hambalan ieu.[rujukan?] Ramat ieu terus diprés sarta digaringkeun jadi lambaran kertas kontinyu.[rujukan?]

Mun kertasna dicitak, buburna diasupkeun kana wadah citakan nu dasarna saringan (atawa alat panggaring lianna), sahingga seratna tinggaleun dina sarinana, sedengkeun caina ngalir.[rujukan?] Pikeun miceun sésa caina, seratna diteken sahingga kapeureut.[rujukan?]

Kertas nu diproduksi massal biasana dijieun maké prosés kontinyu (Fourdrinier).[rujukan?] Sanggeus garing, lambaranana bisa diteukteukan luyu jeung ukuran nu dipikahayang.[rujukan?] Ukuran kertas baku ditangtukeun ku badan pamaréntah kayaning Organisasi Standarisasi Internasional (ISO).[rujukan?]

Digaringkeun

[édit | édit sumber]

Nalika diprosés di pabrik, kertas bisa sababaraha kali ngaliwatan prosés digaringkeun.[rujukan?] Kertas nu garing leuwih kuat batan nu baseuh, sahingga leuiwh hadé dina kaayaan garing sangkan teu pegat dina prosés produksina (mun pegat mah biasana sok dibuburkeun deui).[rujukan?]

Aplikasi

[édit | édit sumber]
Tumpukan kertas manila

Sajarah

[édit | édit sumber]

Kecap paper (basa Inggris, pahpir?) asalna tina bahan tulis Mesir nu disebut papirus, nu dijieun tina tangkal papirus.[rujukan?] Papirus geus dijieun di Mesir ti taun 3000 SM, tuluy di Yunani Kuna jeung Romawi.[rujukan?] Ka kalér, aya perkamén atawa vellum nu dijieun tina olahan kulit domba jeung sapi, sabab papirus mah tumuwuhna di wewengkon subtropis.[rujukan?] Di Cina, mimitina mah tulisan téh dijieun dina awi, beurat jeung matak susah mawana.[rujukan?] Sutra kadang dipaké, tapi mahal teuing.

Cai Lun, nu dines di pangadilan Cina, ngadadarkeun cara modérn pikeun nyieun kertas taun 105 M; anjeunna kacatet salaku jalma munggaran nu nerangkeun cara nyieun kertas tina kapas.[rujukan?] Iber nu leuwih heubeul, cenah mah geus aya ti taun 150 sM (di Cina kénéh).[rujukan?] Kamonésan ieu tuluy sumebar ka luar Cina; budaya Asia Wétan lianna.[rujukan?] Tatacara nyieun kertas ditransfer ka Koréa taun 600, terus ka Jepang dibawa ku pandita Buda, Dam Jing, taun 625, nu maké serat tangkal murbéy.[rujukan?] Sanggeus aya dadagangan antarwewengkon sarta perang Talas, papanggihan ieu sumebar ka Wétan Tengah, diadopsi ku urang India jeung Italia kira abad ka-13.[rujukan?]

Di Indonésia, euweuh catetan anu pasti ngeunaan iraha mimiti mikawanoh kertas.[rujukan?] Tapi sahanteuna geus ti abad ka-15 kénéh, ku ayana naskah-naskah nu ditulis dina daluang (dijieun tina kulit kai).[rujukan?] Saméméh ngagunakeun daluang, naskah ilaharna ditulis dina lambaran daun lontar/nipah.[rujukan?] Pangabisa nyieun daluang nepi ka kiwari geus langka pisan.[rujukan?]

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]