Daluang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Daluang téh keretas tradisional, nu dijieun tina kulit tangkal saéh (Broussonetia papyfera vent), tapi réréana mah urang Sunda maké istilah keretas saéh. Biasana daluang jadi bahan nulis dina naskah buhun.[1]

Teu di Sunda hungkul, daluang gé jadi bahan keur kaperluan nulis di daéah Nusantara lianna, dimimitian ti jaman Islam asup ka tanah Jawa, kitu ceuk Pigéaud. Ana saméméhna mah daluang téh ngan dipaké ku para pandita keur upacara agama Hindu, .[2]

Iraha-irahana daluang robah fungsi tina bahan pakéan jadi bahan tulis-tinulis, tacan manggih kapastian. Uli Kozok, ahli naskah Batak jeung Kerinci ti Jérman, kungsi nyieun tés uji karbon kana naskah daluang nu asalna ti Kerinci, Provinsi Jambi. Dina éta uji coba, nu maké métode karbon C-14 di Wellington University Australia taun 2003, nyindeukkeun yén éta naskah téh asalna ti abad ka-14. Tina itungan éta jigana bisa dijieun cecekelan pikeun nangtukeun ti iraha daluang dipaké alat tulis di Nusantara.[3] ku kituna, bisa jadi daluang téh geus dijadikeun média tulis ti jaman pra-Islam kénéh.

Cara nyieun[édit | édit sumber]

Nyieun daluang di tatar Sunda, dimimitian tina mesék kulit dahan saéh, tuluy diteunggeulan maké pameupeuh tina gangsa (perunggu) nepika ipis kawas keretas. Sanggeus kitu, dikumbah nepi ka bérésih laju dipeuyeum kurang leuwih tilu poé tilu peuting, tuluy dipoé dina gebog cau.

Catetan[édit | édit sumber]

Nulis.jpg