30 Januari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

30 Januari nyaéta poé ka-30 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 335 poé (336 dina taun kabisat).

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1648 – Perang Dalapan Puluh Taun: Perjangjian Münster ditaréken, ngaréngsékeun pacéngkadan antara Walanda jeung Spanyol.
  • 1703 – Opat puluh tujuh ronin, dina pingpinan Ōishi Kuranosuke, males pati kana maotna guru maranéhna ku cara nelasan Kira Yoshinaka.
  • 1789 – Pasukan Tây Sơn meunang perang ngalawan tentara Qing sarta ngabébaskeun puseur nagri Thăng Long (Hanoi).
  • 1820 – Edward Bransfield nempo Bobojong Trinity sarta ngaku geus manggihan Antartika.
  • 1826 – Jambatan Suspénsi Menai dibuka, dianggap minangka jambatan suspénsi modérn, ngahubungkeun Pulo Anglesey ka basisir Kalér Kulon Wales.
  • 1835 – Dina usaha kahiji panelasan présidén AS, Richard Lawrence misleuk némbak Présidén Andrew Jackson, sarta dicarerek ku kurumunan di dinya.
  • 1889 – Putera Mahkota Pangéran Rudolf ti Austria, pawaris raja Austria-Hongaria, kapanggih geus maot bareng jeung pamajikanna Putri Mary Vetsera di Mayerling.
  • 1902 – Aliansi munggaran Inggris Jepang ditéken di London.
  • 1908 – Pamingpin India nu anti perang, Mohandas Karamchand Gandhi dibébaskeun ti panjara ku Jan C. Smuts sabada disidang jeung dihukum dua bulan panjara dina awal bulan éta.
  • 1933Adolf Hitler disumpah minangka kanselir Jérman.
  • 1942Perang Dunia II: Patempuran Ambon. Pasukan Jepang nyerang Pulo Ambon di Hindia Walanda. Sajumlah 300 tahanan Sakutu dibantéy di landasan pasawat Laha. Tilu parapat tina sésa tahanan perang taya nu hirup nepi ka réngséna perang, kaasup 250 jalma nu dipindahkeun ti Pulo Hainan di Laut China Kidul, teu kungsi marulang deui.
  • 1944 – Perang Dunia II: Patempuran Cisterna, bagéan tina Operasi Shingle, dimimitian di puseur Italia.
  • 1945 – Perang Dunia II: Kapal Wilhelm Gustloff, nu pinuh ku pangungsi Jérman, tilelep di Laut Baltik sabada ditorpédo ku kapal selam Soviét, nelasan kurang leuwih 9.500 jalma.
  • 1945 – Perang Dunia II: Serangan ka Cabanatuan: Saratus dua puluh genep Ranger Amérika jeung para pajoang pertahanan Philipina ngabébaskeun leuwih ti 500 tawanan Sakutu ti kamp tahanan perang Jepang di Cabantuan.
  • 1948 – Mahatma Gandhi ditelasan ku Nathuram Godse, saurang ékstrimis Hindu.
  • 1948 –Pasawat Tudor IV Star Tiger nu British South American Airways leungit di Segitilu Bermuda.
  • 1959 – Pasukan Sultan Muskat ngarebut bénténg pamungkas Imam Oman, Saiq jeung Shuraijah, mungkas Perang Gunung Akhdar di Oman.
  • 1959 – Kapal Laut Hans Hedtoft, nu cenah disebut-sebut minangka kapal pangamanna sarta moal kungsi tilelep persis siga Titanic, neunggar gunung és dina palayaran munggaranna sarta tilelep, sakabéh 95 panumpangna maraot.
  • 1964 – Dina hiji kudéta tanpa getih, Jéndral Nguyễn Khánh nyingkirkeun junta militer Jénderal Dương Văn Minh di Viétnam Kidul.
  • 1968Perang Viétnam: Serangan Tet dipesatkeun ku pasukan Viétkong katut Tentara Viétnam Kalér ka Viétnam Kidul, AS jeung kanca-kancana.
  • 1969 – Pidangan publik panungtungan ti The Beatles, di luhureun Gedong Rékaman Apple di London, Konser dadakan éta dibubarkeun ku pulisi.
  • 1972 – Minggu Getih dina The Troubles:  Pasukan panerjun Inggris nembakan pawéy anti panahanan di Derry, Irlandia Kalér, nelasan 13 jalma; katambah saurang deui dina poé isukna nu maot alatan tatu.
  • 1972 – Pakistan kaluar ti Pasamakmuran alatan protés ku diakuna Bangladesh.
  • 1989 – Panutupan kadutaan AS di Kabul, Afghanistan.
  • 1995 – Para pagawé ti Institut Kaséhatan Nasional ngabéwarakeun geus hasil uji coba kahiji pikeun nambaan panyakit sickle-cell.
  • 2000 – Di leupas basisir Pantéy Gading, Pasawat Kenya Airways 431 murag ka Laut Atlantik, nelasan 169 jalma.
  • 2020WHO ngabéwarakeun kaayaan Darurat Kaséhatan Umum Global alatan sumebarna wabah virus korona. Dina tanggal ieu jumlah jalma nu katarajang korona geus ngaleuwihan jumlah jalma nu katarajang SARS, 8.096 jalma di sakuliah dunya.[1]

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]

  1. "COVID-19 CORONAVIRUS OUTBREAK", Worldometer. 21 Maret 2020.