Deungeun sangu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ngawadang deungeunna lalab jeung sambel

Deungeun sangu atawa deungeun dahar (katelah ogé disebut dengeun wungkul; Basa Indonésia: lauk pauk)[1][2] nyaéta salah sahiji jenis batur pikeun kadaharan utama.[3] Baheula mah deungeun sangu téh kaasup anggota tina kelompok opat séhat lima sampurna nu kakoncara.[3] Deungeun sangu bisa ngajadikeun barang dahar nu bareurat téh jadi leuwih ponyo lantaran rasana nu ngadominasi.[3] Sakapeung mah deungeun sangu téh mibanda fungsi pikeun ngaleungitkeun rasa tina kadaharan utama jeung sasayuran nu kurang dipikaresep ku anu ngonsumsina.[3]

Tradisi Sunda[édit | édit sumber]

Di Sunda, deungeun sangu téh wajib aya di mana rék nyarap, ngawadang, dahar peuting atawa dahar-dahar basajan lian. Deungeun nu sok disayagakeun di masarakat Sunda mah kawilang saderhana pisan, deungeun nu disayagakeun cukup ku lauk asin, lalab jeung sambel. Aya ogé nu ditambahan jeung kurupuk. Ngan ieu mah lain mangrupa aturan nu kudu dicumponan dina unggal dahar, tiap-tiap masarakat Sunda mibanda kamonésanna séwang-séwangan dina nyayagakeun deungeun sangu anu varéatif.

Ari nu geus teu ahéngna mah nyaéta tradisi masarakat Sunda nu ngabiasakeun dahar jeung sangu, sangkan sagalaning kadaharan atawa deungeun sangu téh tara ditambulan, éstu didahar jeung sangu. Upamana cilok wéh, sok didahar jeung sangu, istilahna sok disebut "disanguan" (ditambahan ku sangu). Bala-bala, goréng témpé, goréng hayam, goréng oncom, jeung réa deui ti éta sok disanguan ogé. Ieu tradisi nu geus ngulit daging, mun teu disanguan mah acan disebut dahar.

Urang Sunda miboga kayakinan yén nu dimaksud dahar téh nyaéta ngadahar sangu. Sanajan sabéhditueunana mah daharan téh lain saalakadar ngadahar sangu wungkul, ngadahar beuleum dangdeur (bagedud), ketan, oyék jeung kopra gé kaasup daharan. Ngésérna makna dahar nu maksud asalna nuduhkeun aktivitas ngonsumsi sagala kadaharan sangkan diolah di jero padaharan, kiwari jadi aktivitas ngonsumsi kadaharan utama sangu. Nu mantak istilah deungeun dahar sok disebut ogé deungeun sangu.

Tradisi Kulon[édit | édit sumber]

Deungeun kayaning salad, kentang jeung roti biasana mah dipaké dina kadaharan utama mayoritas nagara di dunya kulon. Susuguh deungeun nu anyar kénéh diwanohkeun ka urang kulon mah nyaéta sangu jeung couscous, nu mantak sangu mah lain kadaharan utama di kulon mah, kiwari ieu sangu gé geus kumembang jadi kasohor pisan di sakuliah Éropa, utamana dina acara resmi (kalawan couscous nu sok aya di pésta dahar peuting dina susuguh Wétan Tengah).

Deungeun nu ilahar di dunya kulon:

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Indonesia: Frasa Lingua. p. 120. ISBN 9786026475275. 
  2. Fikminsunda.com. "Deungeun Sangu". web.fikminsunda.com. Diakses tanggal 2017-12-20. 
  3. a b c d "Daftar Nama Lauk Pauk yang Kita Makan / Konsumsi Sehari-Hari". www.organisasi.org. Diakses tanggal 2017-12-20.