Lompat ke isi

Angeun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Angeun nyaéta kadaharan anu aya kuahan nu biasana dijadikeun batur sangu nalika dahar.[1][2][3] Jalma mikawanoh rupa-rupa angeun, nu popular di antarana; angeun lodéh jeung angeun haseum.[3] Di kalangan patani Priangan, angeun nu popular nyaéta angeun kacang jeung angeun oncom.[3] Di pilemburan, gulé jeung opor disebut angeun gulé jeung angeun opor.[3] Pokona lamun ya kuahan disebut angeun.[3] Jadi, teuing naon hubunganna, lamun eusina daging disebut angeun daging.[3] Dahar sangu dicampur angeun disebut nguah atawa ngokoh (dikokoh). Nyieun angeun disebut ngangeun.[3]

Angeun Haseum

[édit | édit sumber]
Sayur Haseum

Angeun haseum nyaéta angeun anu bahanna rupa-rupa sayuran saperti potongan waluh siem, terong, kacang panjang, jeung aya ogé anu ditambahan ku engkol, tangkil jeung daun tangkil, jagong ngora, sarta aya anu maké kéréwédan.[3][4] Di Priangan bungbuna henteu digerus heula tapi potongan bungbu éta diasupkeun kitu baé nalika cai angeun keur ngagolak, ku sabab éta warnana masih katempo bening, ogé teu maké suuk, jagong jeung kéréwédan.[3] Di Jakarta digerus heula, ogé seringna maké kéréwédan, jagong, jeung suuk.[3] Disebut angeun haseum lantaran rasana asem seger, anu asalna tina asem anu dijadikeun salah sahiji unsur bungbuna.[3] Ayeuna urang Sunda ogé geus umum nyieun angeun haseum cara Jakarta.[3]

Angeun Kacang

[édit | édit sumber]

Angeun kacang nyaéta angeun anu bahanna kacang beureum atawa kacang galing (sarupaning kacang beureum tapi leuwih leutik jeung rupa-rupa warnana).[3][4] Samarana basajan salian ti gula beureum jeung uyah biasana ditambahan laja, daun salam, saeutik tarasi, tomat, kiamis, jeung combrang (kembang honjé), sarta daun walang.[3] Bungbuna teu digerus tapi diasupkeun kana cai angeun nu keur ngagolak.[3] Tapi, di kota bungbuna digerus heula, dihijikeun jeung bawang beureum nu sarua digerus, sarta jarang maké combrang.[3] Aya ogé angeun kacang panjang anu bahanna tina kacang panjang.[3][4]

Angeun Lodéh

[édit | édit sumber]
Sayur Lodéh

Angeun lodéh nyaéta angeun anu bahanna aya rupa-rupa sayuran teu jauh béda jeung eusi angeun haseum, ditambahan ku daun tangkil nu masih ngora, tapi henteu jeung tangkilna, ogé henteu maké jagong.[3] Hal utama anu ngabédakeun nyaéta angeun lodéh mah maké cipati sedengkeun angeun haseum mah henteu.[3] Aya ogé anu dicampur témpé atawa oncom anu dipotongan laleutik kotak-kotak.[3] Henteu maké kéréwédan siga angeun haseum.[3] Angeun lodeh siga angeun haseum, popular pisan disakabéh kalangan masarakat Sunda.[3]

Angeun Oncom

[édit | édit sumber]

Angeun oncom nyaéta angeun anu bahanna aya oncom (biasana disiksikan kotak-kotak) ditambah cabé héjo, maké cipati.[3][4] Samarana uyah, gula, asem, maké cikur.[3][4]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 16.  Disungsi 24 Mei 2024
  2. Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Rosidi,Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 50
  4. a b c d e Taufik Hidayat, Rachmat Spk.2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung:PT. Kiblat Buku Utama. Halaman 45