Lompat ke isi

Laja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Laja
Laja (Alpinia galanga)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
A. galanga
Ngaran binomial
Alpinia galanga

Laja atawa laos (Alpinia galanga) nyaéta tuwuhan beubeutian anu populér dijadikeun samara dina talari asakan sarta ubar-ubaran tradisional Indonésia atawa wewengkon Asia Tenggara séjénna. Bagian anu dimangpaatkeun tina laja nyaéta beutina anu boga ambeu anu mandiri.[1]


Morfologi

[édit | édit sumber]

Rimpang gedé bari kandel, aya dagingan, bentuk silindris, diameter antara 2-4 cm, jeung nyabang.[2] luarna warna coklat rada kabeureuman atawa konéng kahéjoan pias, boga sisit-sisit warna bodas atawa kabeureuman, teuas hérang, Sedengkeun jerona warna bodas.[2] daging rimpang nu geus kolot aya serat kasaran.[2] Lamun digaringkeun, rimpang robah jadi rada kahéjoan, jeung seratna jadi teuas bari liat.[2] [3]

Batangna tegak, nyusun ku palapah-palapah daun anu ngahiji ngabentuk batang semu, warna héjo rada kabodas-bodasan.[2] Batang ngora kaluat salaku sirung tina pangkal batang kolot.[2]

Daun tunggal warna héjo, tangkaina pendék nyusun.[2] daun di sabeulah handap jeung luhur biasana leuwih leutik daripada anu di tengah.[2] bentuk daun lansét manjang jeung tungtungna nyungcung, pangkal mintul sarta sisi daun rata.[2] Bentuk daun nyirip, panjang daun antara 20-60 cm, jeung lébarna 4-15 cm. palapah daun kira-kira 15-30 cm, aya alur warna héjo.[2]

Kembang

[édit | édit sumber]

Mangrupa kembang majemuk bentuk lonceng, seungit, warna bodas kahéjoan atawa bodas kakonéngan.[2] ukuran kumpulan kembang kurang leuwih 10-30 cm x 5-7 cm. Jumlah kembang bagian handap tandan leuwih loba ti batan luhurna.[2] panjang biwir kembang 2,5 cm, warna bodas aya garis nyéngkong warna beureum ngora dina ungal sisi. Mahkota kembang anu masih nguncup, dina bagian tungtungna warna bodas , sedengkeun pangkalna warna héjo.[2]

Buahna mangrupa buah buni, bentuk buleud, teuas.[2] Lamun keur ngora warna héjo konéng, geus kolot robah jadi hideung kacoklatan, diaméter kurang leuwih 1 cm. aya ogé anu buahna warna beurum.[2]

Pamangfaatan

[édit | édit sumber]
Kembang laja

Bagian laja anu loba dimangfaatkeun jeung boga loba nilai ékonomina nyaéta bagian rimpangna. Rimpang laja bisa dipanén nalika umur antara 4 nepi ka 7 bulan.[2] Dina dunya industri, rimpang laja dijual dina bentuk simplisia. Sakumna cara nyieun simplisia dina jenis rempah-rempah lian, rimpang laja dibersihan jeung dipotongan sarta digaringkeun henteu maké panas panon poé langsung.[2] Hal ieu pikeun nyegah ngurangan kandungan minyak asiri tina rimpang laja.[2] Simplisia rimpang laja ieu dina dunya industri dipikawanoh salaku Galanga Rhizome.[2] Salian umum dipaké dina dunya kulinér, sababaraha mangfaat laja anu liana nyaéta :[2]

  • Rimpang laja beureum anu dimasak jeung ditambahan ku cuka éncér, biasa dipaké salaku inumeun awéwé anu karak ngababarkeun. tehnik ngubaran ieu di masarakat dipercaya bisa ngagancangan ngabersihan rahim.[2]
  • Rimpang laja anu dicampuran bawang bodas maké perbandingan 1:4, tuluy dicampuran cuka loba dipaké pikeun ngubaran borok, panu kudis, jeung koréng.[2]
  • Keur saha waé anu katarajang kasakit rématik, rimpang laja ogé mujarab pisan pikeun mantuan ngubaran kasakit reumatik.[2]

References

[édit | édit sumber]
  1. Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. p. 2. Diakses tanggal (disungsi – 16 Fébruari 2025). 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w (id)Laos si Lengkuas Archived 2016-02-02 di Wayback Machine diakses 20 Juli 2015
  3. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.