Cikur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Cikur
Cikur (Kaempferia galanga L.) .
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Liliopsida
Order: Zingiberales
Kulawarga: Zingiberaceae
Subfamily: Zingiberoideae
Génus: Kaempferia
Spésiés: K. galanga
Ngaran binomial
Kaempferia galanga
(Linn.)

Cikur (Kaempferia galanga L.) nyaéta salah sahiji wanda tutuwuhan nu dimangpaatkeun pikeun ubar anu kagolongkeun kana Zingiberaceae. Rizoma pepelakan ieu ngandung minyak atsiri jeung alkaloid anu dimangpaatkeun minangka parangsang. Ngaran séjénna nyaéta cekur (Malaysia) sarta pro hom (Thailand). Dina pustaka internasional (basa Inggris) mindeng kajadian salah harti kalawan nyebutkeun cikur minangka lesser galangal (Alpinia officinarum) atawa zedoary, anu sabenerna mah spésiés anu béda sarta lain mangrupakeun bubungbuan gaganti.

Guaran[édit | édit sumber]

Cikur mangrupa tumuwuh subur di wewengkon dataran handap atawa pagunungan anu taneuhna gembur sarta henteu réa teuing cai. Jumlah lambaran daun cikur henteu leuwih ti 2-3 lambar kalayan susunan pahareup-hareup. Kembangna kasusun satengah diuk sarta makuta kembang jumlahna antara 4 nepi ka 12, biwir kembang warna lumayung sarta sarta warna bodas leuwih dominan.

Tutuwuhan ieu tumuwuh alus dina usum hujan. Cikur bisa dipelak dina pot atawa di kebon anu cukup sinar panonpoé, henteu baseuh teuing sarta di tempat nu teu katutup aling-aling.

Komposisi kimia rizoma:

  • pati (4,14 %),
  • mineral (13,73 %),
  • minyak atsiri (0,02 %), mangrupa
    • sineol,
    • asam metil kanil sarta penta dekaan,
    • asam sinamat,
    • etil ester,
    • borneol,
    • kamphene,
    • paraeumarin,
    • asam anisat,
    • alkaloid sarta
    • gom.
Rimpang cikur

Étnobotani[édit | édit sumber]

Cikur (ngaran basa Sunda) atawa kencur (ngaran basa Indonésia) dipikawanoh di réa patempatan kalawan ngaran anu béda-béda: cikur (basa Sunda), ceuko (basa Acéh); kencor (Madura), cekuh (basa Bali), cikur, sukung (basa Malayu Manado), asauli, sauleh, soul, umpa (basa-basa di Maluku), sarta cekir (Sumba).

Sagala rupa resép asakan tradisional Indonésia sarta jajamu ngagunakeun cikur minangka komponénna. Cikur dipaké jelema pikeun tonikum kalawan mangpaat nambahan napsu dahar sahingga mindeng dibikeun ka barudak. Jajamu béas cikur ogé pohara populér minangka inuman panyeger.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu ka luar[édit | édit sumber]