Lauk asin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lauk asin di pasar tradisional

Lauk asin nyaéta lauk cai atawa lauk laut beunang nguyahan anu terus dipoé nepi kagaring, cara ngaleungitkeun asinna lauk asin kudu dikeueum ku ciuyah haneut kuku lilana kurang leuwih satengah jam terus dibersihkeun ku cai biasa, terus dipoé deui.[1]

Cara nyieun Lauk asin[édit | édit sumber]

  1. Bahan-bahan :

Mimitina urang kudu bisa milih lauk anu masih seger kénéh, ku sabab kualitas lauk bakal nangtukeun mutu produk hasil lauk asin anu hadé.[2] Bahan baku nyieun lauk asin bisa dikolompokeun jadi 2 bagian lauk anu ukurana:

Lauk anu ukurana gedé kudu disiit sangkan bersih tina sisitna, asang, eusi beuteung jeung dibelah sapanjang garis tonggongna kaarah beuteung (tapi teu nepi ka beulah dua).[2] Bagian anu masih kandel dibeulah sisina, lamun anu dipakéna lauk anu ukurana sedeng, bisa dibeulah atawa henteu ogé, sedengkeun lauk anu ukuranan leutik cukup dikumbah ku cai nu bersih.[2]

Lauk anu geus diprosés maké uyah sangkan awét ku sabab uyah bisa maéhan bakteri nu nyababkeun lauk jadi buruk, ku sabab kitu uyah diperlukeun pisan dina nyieun lauk asin.[2] Uyah anu dipaké nyaéta uyah dapur (NaCl) murni, artina uyah anu loba miboga kandungan NaCl.[2]

Kandungan gizi[édit | édit sumber]

Kandungan giji 100 gram lauk asin di antaran lauk bandeng miboga protéin 20 gram, lemak 4,8 gram, jeung zat beusi 2 gram.[3] Lauk gabus anu garing miboga kandungan protein 58 gram, lemak 4 gram, zat besi 1 gram.[3] Lauk kembung miboga protein 22 gr, lemak 1 gr, jeung zat bezi 1 gr.[3] Kerang miboga kandungan protein 13,8 gr, lemak 3,8 gr, jeung zat besi 1,1 gr.[3] Kitu ogé sarua saperti sajumlahing lauk laut olahan, saperti lauk asin miboga kandungan protein 42 gr, lemak 1,5 gr, jeung zat beusi 2,5 gr.[3] Sardén miboga kandungan protéin 21,1 gr, lemak 27 gr, jeung zat besi 3,5 gr.[3] Lauk teri garing kandungan protein 33,4 gr, lemak 3 gr, jeung zat besi 3,6 gr.[3] Lobana kandungan giji dina lauk, utamana lauk laut loba gunana pikeun kaséhatan.[3] Salain ti éta kandungan asam omega 3 dina lauk laut miboga mangpaat pikeun nyingkahan sajumlahing panyakit degeneratif, saperti jantung, penyumbatan pembuluh darah, kangker, jeung hipertensi.[3] Ku cara loba ngadahar lauk sacara tuluy-gumuluy, terbukti bisa nyingkahan dampak goréngna panyakit jantung.[3]

Numutkeun ahli gizi, ngadahar lauk 30 gram dina sapoé, bisa nyingkahan maot alatan panyakit jantung nepi ka 50 persen.[3] Tapi dina ngadahar lauk urang kudu merhatikeun paktor distribusinya.[3] Artina, kuat heteuna éta asin biasana sakeudeung.[3] Jadi kudu buru-buru di konsumsi dina kaayaan seger kénéh.[3] Kitu ogé sarua jeung ngadahar lauk asin saperti teri jeung sardén.[3] Aya pananlungtikan yén olahan lauk sacara tradisional saperti nyieuna lauk asin, osok teu higienis.[3] Ku sabab nalika ngolahna atawa nalika moékeun éta asin osok kaenteupan laleur.[3] Salain ti éta asin anu geus dimasak kandungan asam lemak omega 3 bakal rusak dina prosés ngagoréngna lauk asin, alatan masak asin dina suhu 80 derajat celsius atawa leuwih anu ngabalukarkeun ngurangan kandungan gizi dina lauk.[3] Ku sabab kitu sangkan teu ngaleungitkeun kandungan dina lauk, nalika ngagoréng lauk ulah leuwih ti suhu 80 darajat.[3]

catetan[édit | édit sumber]

  1. [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h Pembuatan Ikan Asin Archived 2011-10-04 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 10 November 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Manfaat Gizi pada Ikan Archived 2011-11-11 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 10 November 2011)