26 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30  

26 April nyaéta poé ka-116 dina sataun (ka-117 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 249 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1607 – Kolonis Inggris ngadarat di Tanjung Henry, Virginia.
  • 1777 – Sybil Ludington, umur 16 taun, tutunggangan sajauh 40 mil (64 km) pikeun ngabéjaan pasukan kolonial Amérika ngeunaan datangna pasukan réguler Inggris.
  • 1794 – Patempuran Beaumont wanci Kampanye Flanders dina Perang Koalisi Kahiji.
  • 1802Napoleon Bonaparte néken hiji amnesti umum nu ngijinkeun sakabéh émigran Révolusi Perancis kajaba saratus rébu urang nu pangkasohorna dina raraga gerakan rékonsiliasi jeung faksi-faksi Réjim Ancien sarta ujung-ujungna nerapkeun aturanna sorangan.
  • 1803 – Rébuan pecahan metéor murag ti awang-awang L'Aigle, Perancis; Kajadian éta ngayakinkeun élmuwan Éropa kana ayana metéor.
  • 1805Perang Barbar Kahiji: Marinir Amérika Sarikat ngarebut Derne dipingpin ku Létnan Hiji Presley O’Bannon.
  • 1865 – Pasukan Kavaleri Union ningker jeung némbak mati John Wilkes Booth, jalma nu nelasan Présidén Abraham Lincoln, di Virginia.
  • 1903Atlético Madrid A.F.C. diadegkeun.
  • 1923 – Pangéran York ngadahup ka Lady Elizabeth Bowes-Lyon di Westminster Abbey.
  • 1925Paul von Hindenburg ngéléhkeun Wilhelm Marx dina puteran kadua pamilihan présidén Jérman pikeun jadi pupuhu nagara Républik Weimar nu munggaran dipilih sacara langsung.
  • 1933Gestapo, pasukan polisi rahasia rasmi Nazi Jérman, diadegkeun.
  • 1937Perang Sipil Spanyol: Guernica, Spanyol, dibombardir ku pasawat Luftware Jérman.
  • 1942 – Kacilakaan Benxihu Colliery di Manchukuo ngabalukarkeun maotna 1.549 panambang Cina.
  • 1943 – Pakéwuh Paskah lumangsung di Uppsala, Swédia.
  • 1944Georgios Papandreou jadi pupuhu pamaréntahan Yunani di pambuanganna di Mesir.
  • 1944 – Heinrich Kreipe kacerek ku pasukan Sakutu di wilayah pangdiukan Krete.
  • 1945Perang Dunia II: Patempuran Bautzen: Serangan pamungkas tank Jérman nu hasil dina perang sarta kameunangan panungtungan dina Operasi Wehrmacht.
  • 1954Konferénsi Jénéwa, hiji usaha pikeun mulangkeun katingtriman di Indochina jeung Koréa dimimitian.
  • 1956 – Kapal Laut Ideal X, kapal kontainer nu munggaran jalan di dunya, miang ti Palabuan Newark, New Jersey ka Houston, Texas.
  • 1960 – Diteken ku Révolusi April, Présidén Koréa Kidul, Syngman Rhee mundur sabada sacara dictator ngawasa salila 12 taun.
  • 1964Tanganyika jeung Zanzibar ngagabung jadi Tanzania.
  • 1966 – Hiji pamaréntahan anyar diadegkeun di Républik Kongo, dipingpin ku Ambroise Noumazalaye.
  • 1970Konvénsi Pangadegan Organisasi Kakayaan Intelektual mimiti lumaku.
  • 1981 – Dr. Michael R. Harrison ti Universitas California, Puseur Kaséhatan San Fransisco, midangkeun bedah janin manusa nu munggaran.
  • 1982 – Lima puluh tujuh jalma nemasing pati nalika manten patugas pulisi Woo Bum Kon némbakan sakarepna di Propinsi Gyeongsang Kidul. Koréa Kidul.
  • 1982 – Pasukan Argéntina di Pulo Georgia Kidul, deuket Kapuloan Malvinas, nyarerah ka Inggris.
  • 1982Rod Stewart dibégal, mobil Porche-na nu hargana $50.000 dibawa kabur.
  • 1986 – Kacilakaan réaktor nuklir lumangsung di Pabrik Tanaga Nuklir Chernobyl di Uni Soviét (kiwari Ukraina), tilu puluh hiji jalma maraot. Kontaminasi radioaktif nerekab semet ka Éropa Kulon.
  • 1989Tornado paling maut nu kungsi kanyahoan narajang Bangladésh, nelasan nepi ka 1.300 jalma, nyideraan 12.000 urang sarta 80.000 urang leungiteun imahna.
  • 1994 – Pasawat Maskapai Cina nomer 140 murag di Bandara Nagoya di Jepang, nelasan 264 tina 271 jalma di sajeroeunna.
  • 2002 – Robert Steinhäuser nelasan 16 jalma di Gimnasium Gutenberg di Erfurt, Jérman méméh paéh ku témbakanna sorangan.
  • 2005 – Dina tekenan internasional, Suriah narik 14.000 pasukanna nu panungtung ti Libanon, mungkas dominasi nagara éta di Libanon salila 29 taun.
  • 2018 – Komédian Amérika, Bill Cosby, dinyatakeun salah alatan panglécéan séksual.
  • 2019 – Genep kasangka milisi nu pakait jeung téror di Sri Langka sarta sapuluh baturna maraot dina hiji tétémbakan jeung pulisi di Sainthamaruthu.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

  • Poé Kakayaan Intelektual Dunia

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Nuvola apps clock.png