15 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30  

15 April nyaéta poé ka-105 dina sataun (ka-106 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 260 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1071Bari, wilayah pamungkas nu dipimilik ku Byzantium di Italia Kidul, nyerah ka Robert Guiscard.
  • 1395Timur ngéléhkeun Gorombolan Emas (The Golder Horde) dina Patempuran Leuwi Terek. Puseur nagri Gorombolan Emas, Sarai, diratakeun jeung lemah sarta Timur tuluy ngadegkeun pamaréntahan bonéka.
  • 1450Patempuran Formigny: Rék nepi ka pangujung Perang Saratus Taun, Perancis nyerang jeung ngancurkeun pasukan Inggris, mungkas dominasi Inggris di Perancis Kalér.
  • 1632Patempuran Hujan: Dipingpin ku Gustavus Adolphus, Swédia ngéléhkeun Karajaan Romawi Suci nalika Perang Tilu Puluh Taun.
  • 1689 – Raja Perancis Louis XIV nyatakeun perang ka Spanyol.
  • 1755 – Kamus bahasa Inggris Samuel Johnson dipedalkeun di London.
  • 1783 – Artikel perdaméyan awal nu bakal mungkas Perang Révolusi Amérika (Perang Kamerdékaan Amérika) diratifikasi.
  • 1817 – Thomas Hopkins Gallaudet jeung Laurent Clerc ngadegkeun sakola pikeun nu tarorék nu munggaran di Amérika, di Hartford, Connecticut.
  • 1861 – Présidén Abraham Lincoln ngagero 75.000 sukarélawan pikeun ngeureunan pangbarontakan nu engkéna bakal jadi Perang Sipil Amérika.
  • 1865 – Présidén Abraham Lincoln nemasing pati sabada katémbak dina peuting saméméhma. Wakil Présidén Andrew Johnson jadi panggantina.
  • 1892 – Pausahaan General Electric diadegkeun ku cara ngagabungna pausahaan nu Thomas Edison jeung Pausahaan Listrik Thomson-Houston, nu dialpukahan ku J.P. Morgan sarta disahkeun di New York.
  • 1896 – Upacara panutupan Olimpiade Kahiji di Athéna, Yunani.
  • 1912 – Kapal panumpang Inggris, Titanic tikelebuh di Atalantik Kalér dina jam 2:20 a.m., dua jam opat puluh menit ti sabada neunggar gunung és. Ngan 710 urang tina 2.227 panumpang jeung kru nu bisa salamet.
  • 1923Insulin digunakeun sacara umum pikeun narékahan diabétes.
  • 1924 – Rand McNally medalkeun atlas jalanan nu munggaran.
  • 1936 – Poé munggaran révolusi Arab di daérah Mandat Palestina.
  • 1941 – Dina Belfast Blitz (serangan kilat ka Belfast), dua ratus pasawat pangebom Luftware Jérman nyerang Belfast, nelasan rébuan jalma.
  • 1945 – Kémp Konséntrasi Bergen-Belsen dibébaskeun.
  • 1969 – Insidén panémbakan EC-121: Koréa Kalér némbak pasawat Angkatan Laut AS di saluhureun Laut Jepang, nelasan 31 jalma jeroeunna.
  • 1970 – Nalika Perang Sodara di Kamboja, pangbantéyan ka minoritas urang Viétnam ngahasilkeun 800 bugang nu ngambang di Leuwi Mekong di Viétnam Kidul.
  • 1986 – AS mesatkeun Operasi Jurang El Dorado, serangan bom ka targét-targét Libya dina raraga ngaréspon kana pangeboman di Jérman Kulon nu nelasan dua pagawé sipil Amérika.
  • 1989Tragédi Hillsborough: Pakéwuh lumangsung di Stadion Hilsborough, kandang Sheffield Wednesday, dina Semifinal FA Cup, ngabalukarkeun maotna 96 urang bobotoh Liverpool.
  • 1989 – Maotna Hu Yaobang jadi cukang lantaran dimimitianna protés di Alun-Alun Tianamen di Cina.
  • 1994Pasini Marrakesh nu patali jeung dasar diadegkeunna World Trade Organization diadopsi.
  • 1996 – Saurang tentara némbakan sakarepna di Bandara Timika, nelasan 16 jalma, 11 tentara jeung 5 urang sipil.
  • 2011 – Bom maéhan manéh di Masjid Pulisi di Cirebon, wanci Sholat Jum'at, nyideraan 28 jalma.
  • 2013 – Dua bom ngajelegur di deukeut garis finish maraton Boston, di Boston, Massachusetts, nelasan tilu jelema jeung nyideraan 264 lianna.
  • 2013 – Hiji galura pangeboman di Irak nelasan saheunteuna 75 jalma.
  • 2014 – Pangparahna pangbantéyan dina Perang Sodara Sudan Kidul, saheunteuna 200 jalma ditémbak mati nalika keur nyaralindung di tempat-tempat ibadah jeung rumah sakit.
  • 2019Katedral Notre-Dame de Paris di Perancis ruksak parah alatan kahuruan.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

  • Poé Budaya Universal
  • Poé Seni Dunia

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Nuvola apps clock.png