Lompat ke isi

14 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

14 April nyaéta poé ka-104 dina sataun (ka-105 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 261 poé.

Kajadian

[édit | édit sumber]
  • 1294Timur, incu Kublai, kapilih jadi raja Mongolia sarta Kaésar Dinasti Yuan maké ngaran Oljeitu jeung Chengzong.
  • 1471 – Di Inggris, Urang York dina pingpinan Edward IV ngéléhkeun Urang Lancaster pingpinan Bangsawan Warwick dina Patempuran Barnet; si Bangsawan nemasing pati sarta Edward IV nuluykeun tahtana.
  • 1699 –Agama urang Sikh dirasmikeun minangka Khalsa ku Guru Gobind Singh di India Kalér.
  • 1816 – Bussa, saurang hamba sahaya di Barbados, mingpin pangbarontakan hamba sahaya sarta nemasing pati. Ku hal ieu, manéhna dipiéling minangka pahlawan kahiji Barbados.
  • 1828Noah Webster nyieun hak cipta pikeun kamus munggaranna.
  • 1849Hongaria nyatakeun merdéka ti Austria, Lajos Kossuth jadi pupuhuna.
  • 1865 – Présidén AS Abraham Lincoln ditémbak di Téater Ford ku John Wilkes Booth; manéhna maot poé isukna.
  • 1890 – Pasarikatan Pan-Amérika diadegkeun dina Konférensi Internasional Nagara-Nagara Amérika Kahiji di Washington, D.C.
  • 1894 – Pintonan gambar gumerak komersil nu munggaran dibuka di New York, ngagunakeun Kintoscope, hiji alat nongton pilem ku cara ditoong.
  • 1902James Cash Penney muka tokona nu munggaran di Kemmerer, Wyoming.
  • 1908Bendungan Hauser, hiji bendungan tina waja di Leuwi Missouri di Montana, AS, beulah, ngalirkeun cai nu jangkungna 7.6 nepi ka 9,1 m ka handapeunna.
  • 1912 – Kapal laut Inggris, Titanic, neunggar gunung és di Atlantik Kalér dina jam 23:40 (tilelep dina tanggal 25 April).
  • 1927 – Pamajangan mobil Volvo nu munggaran di Gothenburg, Swédia.
  • 1931Cortes (parlemén) Spanyol nurunkeun Raja Alfonso XIII sarta ngaproklamirkeun Républik Spanyol Kadua.
  • 1935 – Badéy keusik Ahad Hideung nu dianggap pangparah-parahna badéy Mangkok Keusik, narajang ngaliwatan Oklahoma jeung terusan Téxas sarta wilayah sabudeureunna.
  • 1941 – Perang Dunia II: Jénderal Jérman Erwin Rommel nyerang Tobruk.
  • 1944 – Hiji jeleguran tohaga di Palabuan Bombay nelasan 300 jalma jeung ngabalukarkeun karusakan saharga 20 juta pounds.
  • 1945 – Tentara Divisi Kaopat Kanada, sacara ngahaja ngancurkeun kota Jérman Friesoythe ku paréntahna Mayjén Christopher Vokes.
  • 1967Gnassingbé Eyadéma ngarugrugkeun Présidén Togo Nicolas Grunitzky sarta ngangkat manéh minangka présidén anyar, jabatan nu tuluy dicepeng salila 38 taun kahareupna.
  • 1986 – Pangbeurat-beuratna batu hujan silantang (1 kilogram) nu kungsi kacatetkeun dina sajarah niban lemah di Gopalganj, Bangladésh, nelasan 92 jalma.
  • 1988 – Kapal AS Samuel B. Roberts nyerang hiji tambang di Teluk Parsi dina Operasi Earnest Will (Niat Suhud).
  • 1988 – Dina hiji upacara di Jenéwa, Swiss, Uni Soviét néken hiji pasini nu ngajanjikeun manéhna bakal narik pasukanna ti Afghanistan.
  • 1994 – Kacilakaan salah némbak AS nalika Operasi Provide Comfort di Irak Kalér, dua pasawat AU AS sacara teu kahaja némbak dua hélikopter Angkatan Darat, nelasan 26 jalma.
  • 1999NATO salah ngabom hiji konpoy pangungsi étnik Albania. Ceuk pajabat Yugoslavia, 75 urang maraot.
  • 2002 – Présidén Vénezuéla Hugo Chavez mulang ka kantorna dua poé sabada dirubuhkeun jeung ditahan ku militer nagara éta.
  • 2003 – Proyék Genom Manusa réngsé, hasil nata 99% genom manusa.
  • 2003 – Pasukan AS di Baghdad néwak Abu Abbas, pamingpin kelompok Palestina nu nelasan saurang urang Amérika dina pangbajakan kapal pangjalajah Achille Lauro di taun 1985.
  • 2006 – Dua bom waktu ngabeledug nalika jalma keur sarolat asar di hiji Masjid di Délhi, nyideraan 13 jalma.
  • 2010 – Ampir 2.700 jalma palastra nalika lini 6,9 magnitud narajang Preféktur Otonomi urang Tibét, Yushu.
  • 2014 – Dua bom ngabeledug di Abuja, Nigeria, nelasan saheunteuna 75 jalma sarta nyideraan 141 lianna.
  • 2014 – Dua ratus tujuh puluh genep barudak sakola awéwé diculik ku Boko Haram di Chibok, Nigeria.
  • 2019 – Sawelas tornado narajang wilayah kidul AS, nelasan dalapan jalma di Mississipi, Texas jeung Louisiana.

Nu babar

[édit | édit sumber]

Nu pupus

[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit | édit sumber]

Tumbu luar

[édit | édit sumber]