Napoleon Bonaparte

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Lukisan Napoleon Bonaparte (1805)

Napoléone di Buonaparte atawa anu aksohor Napoléon Bonaparte nyaéta jéndral dina mangsa révolusi Perancis jeung konsul Perancis (11 Nopémber 1799 - 18 Méi 1804) anu gumelar tanggal 15 Agustus 1769 di kota Ajaccio, Corsica, Perancis[1][2]. Napoléon anu jenius ieu nyaéta teureuh ménak ti kulawarga Bounaparte asal Italia[2]. Napoléon kasohor alatan kamampuh dina mingpin Perancis nepi ka bisa ngawasaan sabagéan wilayah Éropa boh ngaliwatan jalur diplomasi atawa perang[1][2]. Nagara-nagara anu kungsi dikawasa ku Napoléon Walanda, Swedia, sabagian wilayah Italia anu direbut ti Austria jeung Polandia[2].

Napoléon jadi siswa di Akademi Militer Brienne taun 1779 dina umur 10 taun, tuly lulus dina umur 15 taun[2]. Karir militérna mulai naék sabada ngéléhkeun Austria jeung Prusia[1][2]. Pébruari 1800, Napoléon diangkat jadi konsul Perancis, tuluy ngabebenah sistem nu aya di Perancis[1]. Napoléon diangkat jadi kaisar di Katedral Notre-Dame, taun 1812, Napoléon diasingkeun ka Elba lantaran éléh perang[1]. Dina peperangan Waterloo, tenatara Perancis diéléhkeun ku gabungan tentara Inggris, Walanda, jeung Prusia anu nyababkeun Napoléon diasingkeun ka pulau Saint Helena salaku tawanan perang Inggris[1][2]. Dina bulan Méi 1821, Napoléon maot alatan kanker beuteung[1].

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Tokoh pulitik-biografi- Napoleon Bonaparte (diaksés tanggal 3 Désémber 2011)
  2. a b c d e f g Biografi Napoleon Bonaparte (diaksés tanggal 3 Désémber 2011)
Nulis.jpg