24 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

24 Méi nyaéta poé ka-144 dina sataun (ka-145 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 221 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1607 – Saratus urang Inggris balabuh di Jamestown, padumukan permanén koloni Inggris nu munggaran di Amérika.
  • 1626Peter Minuit meuli Manhattan.
  • 1667 – Angkatan Perang Karajaan Perancis meuntas wates Walanda Spanyol, ngamimitian Perang Devolution ngalawanan Karajaan Spanyol jeung Aliansi Tilu.
  • 1683Muséum Ashmolean di Oxford, Inggris dibuka, minangka muséum universitas nu munggaran.
  • 1798Pangbarontakan Irlandia 1798 ngalawan pamaréntah Inggris dimimitian, dipingpin ku Sarikat Urang Irlandia..
  • 1813 – Pamingpin pangbébasan Amérika Kidul, Simon Bolivar asup ka Merida, mingpin panyerangan ka Vénezuéla, sarta diproklamirkeun minangka El Libertador (Si Pangbébas).
  • 1822Patempuran Pichincha: Antonio José de Sucre mastikeun kamerdékaan ti Kaprésidénan Quito.
  • 1832 – Karajaan Yunani Kahiji dinyatakeun merdéka dina Konferénsi London.
  • 1844Samuel Morse ngirim telegram munggaran nu eusina "What hath God wrought" (hiji kutipan tina injil, Nomer 23:23).
  • 1856 – John Brown jeung balad-baladna nelasan lima urang para pangrojong perbudakan di Pottawatomie Creek, Kansas.
  • 1883Jambatan Brooklyn di Kota New York dibuka sabada pangwangunan salila 14 taun.
  • 1900Perang Boer Kadua: Karajaan Inggris nyapluk Nagara Bébas Oranye.
  • 1915Thomas Alva Edison nyiptakeun telescribe pikeun ngarékam guneman telepon.
  • 1915Perang Dunia I: Italia nyatakeun perang ka Austria-Hongaria, aub kana konflik di pihak Sakutu.
  • 1930Amy Johnson ngadarat di Darwin, Wilayah Kalér, jadi wanita munggaran nu ngapung sosoranganan ti Inggris ka Australia (miang dina tangal 5 Méi).
  • 1940 – Igor Sikorsky midangkeun pangapungan nu hasil tina hélikopter rotor tunggal.
  • 1941Perang Dunia II: Dina Patempuran Atlantik, Kapal Perang Jérman nilemkeun kapal kabanggaan Angkatan Laut Inggris harita, HMS Hood, nelasan kabéh kru kapal kajaba tilu urang.
  • 1958United Press International diadegkeun ngaliwatan panggabungan antara United Press jeung the International News Service.
  • 1967 – Mesir nerapkeun blokade jeung paningkeran ka basisir Laut Beureum Israél.
  • 1981 – Présidén Ékuador Jaime Roldos Aguilera, pamajikanna tur komite kaprésidénanna palastra dina kacilakaan pasawat nalika miang ti Quito ka Zapotillo.
  • 1982 – Pangbébasan Khorramshahr: Iran ngarebut deui kota palabuan Khorramshahr ti Irak dina Perang Iran-Irak.
  • 1991 – Israél ngajalankeun Operasi Sulaéman, ngaévakuasi urang Yahudi Éthiopia ka Israél.
  • 1992 – Diktator pamungkas Thailand, Jénderal Suchinda Kraprayoon, mundur tina jabatanna sabada ayana protés pro-démokrasi.
  • 1992 – Pangbersihan étnis di Kozarak, Bosnia jeung Hérzégowina dimimitian nalika milisi Sérbia jeung pasukan pulisi arasup ka jero kota.
  • 1993Éritréa meunangkeun kamerdékanna ti Éthiopia.
  • 1993 – Kardinal Katolik Roma, Juan Jesús Posadas Ocampo jeung lima jalma lianna ditelasan dina panémbakan di Bandara Internasional Miguel Hidalgo y Costilla Guadlajara di Méksiko.
  • 1994 – Opat jalma kadakwa palaku pangeboman World Trade Center di New York di taun 1993 ditibanan hukuman 240 taun panjara.
  • 1999 – Pangadilan Kriminal Internasional manten Yugoslavia di Dén Haag, Walanda, ngadakwa Slobodan Milosevic jeung opat urang lianna pikeun kajahatan perang jeung kajahatan ngalawan kamanusaan di Kosovo.
  • 2000 – Tentara Israél mundur ti Libanon sabada ngadiukan salila 22 taun.
  • 2002 – Rusia jeung Amérika Sarikat néken Perjangjian Moskow.
  • 2014 – Saheunteuna tilu jalma palastra dina hiji panémbakan di Muséum Yahudi Brussels, Bélgia.
  • 2017 – Dua serangan bom maéhan manéh di Terminal Beus Kampung Malayu, Jakarta, ngabalukarkeun lima urang, kaasup dua palakuna, maot, sarta 10 urang tatu.
  • 2018 – Présidén AS Donald Trump ngabatalkeun pasamoan jeung Koréa Kalér sarta Kidul alatan pernyataan mumusuhan ti Koréa Kidul.
  • 2019 – Dina tekenan kana pangréngséan Brexit, PM Theresa May ngabéwarakeun pangunduran dirina minangka pamingpin Partéy Konservatif, lumaku dina tanggal 7 juni.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]