20 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

20 Méi nyaéta poé ka-140 dina sataun (ka-141 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 225 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1293 – Raja Sancho IV ti Kastile ngadegkeun Estudio de Escuelas de Generales (hiji universitas panalitian) di Alcalá de Henares (ka asup wilayah Madrid).
  • 1498 – Pangjajah Portugis, Vasco da Gama, manggihan rute laut ka India wanci manéhna nepi ka Kozhikode (Kalikut), India.
  • 1570 – Kartographer Abraham Ortelius medalkeun Theatrum Orbis Terrarum, atlas modérn nu munggaran.
  • 1609 – Soneta Shakespeare munggaran dipedalkeun di London, meureun sacara illegal, ku juru cétak Thomas Thorpe.
  • 1631 – Kota Magdeburg di Jérman dikepung ku pasukan Karajaan Romawi Suci sarta loba pangeusina ditandasa dina hiji kajadian pangbantéyan pang pinuh getihna dina Perang Tilu Puluh Taun.
  • 1813Napoleon Bonaparte mingpin tentara Perancisna ka Patempuran Bautzen di Sakson, Jérman, ngalawanan pasukan gabungan Rusia jeung Prusia. Réngsé poé isukna pikeun kameunangan Perancis.
  • 1873Levi Strauss jeung Jacob Davis narampa patén AS pikeun blue jeans nu make ripét tambaga.
  • 1875 – Panandatanganan Konvénsi Méter ku 17 nagara nungtun kana diadegkeunna Sistém Interanasional Unit.
  • 1882Aliansi Tilu antara Karajaan Jérman, Austria-Hongaria jeung Karajaan Italia diwangun.
  • 1883Gunung Krakatau mimiti bitu; sabada tilu bulan ti harita korban jiwa nepi ka leuwih ti 36.000 urang.
  • 1891 – Pamintonan munggaran tina prototype kinetoskop-na Thomas Alva Edison.
  • 1908 – Dr. Soetomo saparakanca ngadegkeun Budi Utomo hiji organisasi pamuda Indonésia di jaman pangjajahan. Kiwari tanggal ieu dipiinget minangka Poé Kabangkitan Nasional.
  • 1902 – Kuba meunangkeun kamerdékaanna ti Amérika Sarikat, Tomás Estrada Palma jadi présidén kahiji nagara éta.
  • 1927Perjangjian Jéddah: Karajaan Inggris ngaku kana kadaulatan Raja Ibnu Saud ti Karajaan Hijaz jeung Najd, nu jagana ngagabung jadi Karajaan Arab Saudi.
  • 1932Amelia Earhart ninggalkeun Newfoundland dina lalampahanna pikeun jadi wanita munggaran nu ngapung sosoranganan teu reureuh meuntas Atlantik.
  • 1941Perang Dunia II: Patempuran Krete: Pasukan parasut Jérman nyerang Krete.
  • 1948 – Jéndral Chiang Kai-shek meunangkeun pamilihan présidén taun 1948 sarta disumpah minangka Présidén Cina di Nanjing.
  • 1949 – Di Amérika Sarikat, Agénsi Kaamanan Pasukan Basanjata, pijadieun NSA, diadegkeun.
  • 1956 – Dina Operasi Redwing, bom hidrogén dipuragkeun di saluhureun Atol Bikini di Samudera Pasifik.
  • 1964 – Panimuan radiasi kasang tukang galura mikro kosmik ku Roberrt Woodrow Wilson jeung Arno Penzias.
  • 1969Patempuran Pasir Hamburger di VIétnam, lekasan.
  • 1983 – Béja munggaran tina panimuan virus HIV nu ngabalukarkeun AIDS dina jurnal Science ku Luc Montagnier.
  • 1983 – Hij bom mobil nu dipasang ku Umkhonto we Sizwe ngabeledug di Jalan Garéja di Ibu Kota Afirka Kidul, Pretoria, nelasan 19 jalma sarta nyideraan 217 lianna.
  • 2002 – Kamerdékaan Timor Wétan diaku ku Portugal, sacara rasmi ngeureunan pamaréntahan Indonésia salila 23 taun sarta tilu taun mangsa administrasi PBB (Portugal sorangan baheulana kungsi ngajajah Timor Wétan nepi ka taun 1976).
  • 2012 – Dua puluh tujuh jalma palastra sarta 50 lianna cidera nalika gempa 6,0 mw narajang Italia kalér.
  • 2013 – Hiji tornado EF5 narajang pasisian Kota Oklahoma, Moore, nelasan 24 jalma sarta nyideraan 377 lianna.
  • 2013 – Saratus tilu puluh tilu jalma palastra sarta 283 lianna ciidera dina tutuluyan galura kaheurasan di Irak.
  • 2015 – Lima bank utama dunia (JPMorgan, Barclays, Citigroup, RBS jeung UBS) didenda AS$5,7 milyar alatan ngamanipulasi pasar.
  • 2019Sistém Unit Internasional (SI): Unit-unit dasar dipuguhkeun deui, ngajadikeun prototipe internasional kilogram tinggaleun.
  • 2019 – Google ngareureuhkeun dukunganna kana sistém Android Huawei alatan ningkatna perang téhnologi antara AS jeung Tionghoa.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

  • Poé Kabangkitan Nasional (Indonésia)
  • Poé Dokter Indonésia
  • Poé Nyiruan Dunia
  • Poé Méteréologi Dunia
  • Poé Tepung Taun Kodam III Siliwangi

Tumbu luar[édit | édit sumber]