27 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

27 Méi nyaéta poé ka-147 dina sataun (ka-148 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 218 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1199John distrénan minangka Raja Inggris.
  • 1257Richard ti Cornwall, jeung pamajikanna, Sanchia ti Provence, diistrénan jadi raja jeung ratu di Katédral Aachen, Jérman.
  • 1644 – Bupati Manchu, Dorgon, ngéléhkeun pamingpin pangbarontak, Li Zicheng ti Dinasti Shun dina Patempuran Shanhai Pass, méré jalan ka urang Manchuria pikeun asup tur nalukkeun puseur nagri Béijing.
  • 1703Tsar Peter Agung ngadegkeun Kota Saint Petersburg (Leningrad).
  • 1798Patempuran Oulart Hill lumangsung di Wexford, Irlandia; Pangbarontak Irlandia ngéléhkeun sarta nelasan sadétasemén milisi.
  • 1799Perang Koalisi Kadua: Pasukan Austria ngéléhkeun Perancis di Winterthur, Swiss.
  • 1860Giuseppe Garibaldi ngamimitian nyerang Palermo, Sisilia, minangka bagéan tina pangahijian Italia.
  • 1883Alexander III diistrénan minangka Tsar Rusia.
  • 1896 – Tornado F4 narajang St. Louis, Missouri jeung St. Louis Wétan, Illinois, nelasan saheunteuna 255 jalma.
  • 1905Perang Rusia-Jepang: Patempuran Tsushima dimimitian.
  • 1919 – Pasawat NC-4 anjog ka Lisboa sabada ngaréngsékeun pangapungan trans-atlantik nu munggaran.
  • 1927Pausahaan Motor Ford ngareureuhkeun pabrik Model T Ford sarta mimiti ngawangun pabrik keur nieun Ford Model A.
  • 1930 – Adegan Chrysler, 1.046 kaki (319 m), di Kota New York, pangjangkungna adegan mangsa harita, dibuka pikeun umum.
  • 1933Walt Disney medalkeun kartun Tilu Babi Leutik.
  • 1937 – Di California, Jambatan Golden Gate dibuka pikeun liliwatan nu laleumpang, muka jalur penting antara San Fransisco jeung Marin County, California.
  • 1940Perang Dunia II: Dina pangbantéyan Le Paradis, 99 soldadu ti Résimén Karajaan Norfolk ditarelasan sabada nyarerah ka pasukan Jérman; dua salamet.
  • 1941 – Perang Dunia II: Kapal perang Jérman, Bismarck, tilelep di Atlantik Kalér, nelasan ampir kana 2.100 urangna.
  • 1942 – Perang Dunia II: Dina Operasi Anthropoid, pamingpin Nazi, Reinhard Heydrich tatu parna di Praha; manéhna maot dalapan poé ti harita.
  • 1960 – Di Turki, hiji kudéta militer nyingkirkeun Présidén Celal Bayar sarta sakabéh pamaréntah démokratik.
  • 1971 – Pasukan Pakistan nelasan leuwih ti 200 urang Béngal dina pangbantéyan Bagbati.
  • 1977Sex Pistols medalkeun "God Save the Queen", micu kontrovérsi sarta antukna lagu éta dilarang ku BBC.
  • 1980 – Pasukan angkatan darat jeung laut Koréa Kidul ngarebut Kota Gwangju ti milisi sipil, nelasan saheunteuna 207 urang.
  • 1984Kanal Danube-Laut Hideung dibuka, sabada diwangun ti taun 1950.
  • 1995 – Aktor Christopher Reeve lumpuh ti beuheung ka handap sabada labuh tina kuda di Culpeper, Virginia.
  • 1996Perang Chéchnya Kahiji: Présiden Rusia Boris Yeltsin nepungan pajuang Chéchnya pikeun kali kahijina sarta nyawalakeun ngareureuhan perang.
  • 1997 – Tornado Texas Tengah narajang, anakan jadi sababaraha tornado di Texas Tengah, kaasup nu kakuatanna F5 nu nelasan 27 urang di Jarrell.
  • 1998 – Michael Fortier dihukum 12 taun panjara sarta dénda $200.000 alatan heunteu ngingetan pihak nu ngawenang ngeunaan plot téroris pangeboman Kota Oklahoma.
  • 2001 – Anggota separatis Islam Abu Sayyaf nyandera dua puluh sandera di Pulo Palawan, Philipina; krisis sandera éta heunteu réngsé nepi ka bulan Juni 2002.
  • 2006 – Lini 6,4 Mw di Yogyakarta ngoyagkeun Jawa Tengah, ngakibatkeun leuwih ti 5.700 urang maraot sarta 37.000 taratu.
  • 2016Barack Obama jadi présidén AS nu munggaran nu nganjang ka Taman Pangéngéling Perdaméyan Hiroshima sarta patepung jeung Hibakusha (urang Jepang nu nandangan akibat tina pangeboman Hiroshima).

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Nuvola apps clock.png