Ibnu Khaldun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Abdu Ar-Rahman bin Al-Hasan bin Khaldun (ngaranna leuwih dipikawanoh minangka Ibnu Khaldun, gumelar di Tunisia taun 1332 M/732 H – tilar dunya di Mesir taun 1406 M/808 H) nyaéta saurang cindikiawan muslim anu kacida kawentarna hususna mah dina widang sosiologi, sajarah-filsafat, sarta ékonomi-pulitik. Anjeunna ogé nelah disebut bapak sosiolog islam.[1][2]

Pancakaki[édit | édit sumber]

Ibnu Khaldun masih mibanda garis katurunan jeung Wail bin Hajar, salah saurang sohabat Nabi Muhammad SAW.[2] Wail bin Hajar pernah ngariwayatkeun sawatara hadits, ogé pernah dikirim ku Nabi Muhammad SAW pikeun ngajarkeun agama Islam ka para pangeusi wewengkon Yaman.[2] Dina abad ka-8 M Khalid bin Utsman datang ka Andalusia babarengan pasukan arab nu nalukkeun wewengkon bagéan kidul Spanyol.[2] Khalid saterusna leuwih dipikawanoh ku jujuluk Khaldun luyu jeung kabiasaan urang Andalusia jeung Afrika Kalér Kulon nu sok maké panambahan dina tungtung ngaran téh ku kecap “un” minangka kedalan panghargaan. ku kituna Khalid jadi Khaldun.[2]

Lalakon Hirup[édit | édit sumber]

Ari Ibnu Khaldun ngaran lengkepna téh Abu Zaid Abdurahman Ibnu Muhammad Ibnu Khaldun Waliyudin al-Tunisi al-Hadramy al-Asbili al-Miliki.[1] Anjeunna asalna mah ti kulawarga Andalusia anu dumuk di Silvia.[1] Buyut moyangna asalna ti kabilah bani Wail anu asalna ti negeri Hadramaut Yaman, anu hijrah ka Andalusia dina abad ka-3 H.[1] Dina abad ke-7 H kulawarga Ibnu Khaldun ti Silvia pindah ka Tunis.[1] Ibnu Khaldun digedékeun di Tunis.[1] Ti keur leutik anjeunna geus meunang didikan langsung ti kolotna pikeun diajar dasar-dasar pamahaman Al-qur’an.[1]

Karir[édit | édit sumber]

Karir munggaran Ibnu Khaldun dina widang pamaréntahan ogé pulitik nyaéta di wewengkon Afrika Kalér Kulon jeung Andalusia salila kurang leuwih 25 taun.[2] Dina lila waktu éta, geus sapuluh kali anjeunna pindah jabatan ti hiji dinasti ka dinasti nu lian.[2] Jabatan munggaran Ibnu Khaldun nyaéta minangka anggota Majelis kaélmuan Sultan Abu Inal ti Bani Marin di puseur kota Fez.[2] Terus anjeunna diangkat jadi sekretaris Sultan dina Taun 1354.[2] Salian di dunya pulitik, Ibnu Khaldun ogé ngajarkeun élmuna di masigit.[2] Saterusna anjeunna pindah ka Biskarah.[2] Ti Biskarah balik ka Andalusia anyar jeung nuju ka Tilimsan taun 1374 M.[2] Di Tilimsan ieu Ibnu Khaldun manggihan tempat pikeun nulis jeung maca di imah bani Arif di deukeut bénténg Qal’at Ibn Salamh minangka tempat dumuk jeung cicing di Istana Ibnu Salamah. Di tempat ieu salila opat taun anjeunna ngamimitian karirna anu kakoncarana ku Kitab al-Ibar (Sajarah Universal).[2]

Dina Taun 1378 anjeunna ninggalkeun istana jeung nuju ka Tunisia.[2] Salila di Tunis anjeunna ngalakonan révisi kana karyana jeung naskah asli nu dimaksud di hadiahkeun ka Sultan Abu al-Abbas taun 1382 M.[2] Dina taun 1382 M anjeunna pindah ka Alexandria sarta dumuk di Mesir.[2] Di Mesir ieu Ibnu Khaldun ngajar di Masjid al-Azhar. Di Masjid al-Azhar anjeunna méré kuliah Hadits, Fiqih Maliki, sarta nerangkan téori-téori kamashuranna dina kitab Muqaddimah salian ti ngajar di Paguron Luhur al-Azhar téh.[2] Anjeunna diangkat minangka hakim madhab Maliki dina 1384 M jeung aktif dina dunya atikan.[2]

Guru-guru Ibnu Khaldun[édit | édit sumber]

Teu saeutik guru-guru anu geus ku anjeunna dipundut élmuna, di antarana nyaéta[1]:

  • Syaikh Abu Abdilah bin Araby Al-Hashoyiry[1]
  • Abu Abdillah Muhammad bin Asy-Syawas AzZarzaly[1]
  • Abu Al-Abbas Ahmad bin Al-Qashar[1]
  • Abu Abdillah Muhammad bin Bahr[1]

Aranjeunna sadaya téh mangrupa guru-guru anu ngajarkeun basa arab.[1] Numatak teu anéh mun Ibnu Khaldun kaasup pamikir anu interaktif jeung gampang ditarima hasil-hasil pamikiranana ku sabab kamahéranna dina ngagunakeun basa.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n Suyitno, Y. 2009. Tokoh-tokoh Pendidikan Dunia (dari dunia timur, timur tengah dan barat). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r edukasi.kompasiana.com. 2013. Pemikiran Ibnu Khaldun Perspektif Pendidikan Islam. Kompasiana: Edukasi Kompasiana.