11 Désémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4 5 6 7
8 9 10 11 12 13 14
15 16 17 18 19 20 21
22 23 24 25 26 27 28
29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

11 Désémber nyaéta poé ka-345 dina sataun (ka-346 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 20 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 220 – Kaisar Xian ti Dinasti Han dipaksa turun tahta ku budakna, Cao Cao, ngaréngsékeun Dinasti Han di Cina.
  • 861 – Panelasan Khalifah Abbassiah al-Mutwakkil ku pangawal Turki nu ngajurung al-Muntasir kana singasana. Ngamimitian lumangsungna "Anarki di Sammara".
  • 969 – Raja Bizantium Nikephoros II Phokas ditelasan ku pamajikanna Theophano jeung salingkuhanna John I Tzimiskes nu tuluy jadi raja.
  • 1792Révolusi Perancis: Raja Louis XVI di Perancis dibawa ka pangadilan ku Konvénsi Nasional pikeun dakwaan panghianatan.
  • 1868 – Perang Paraguay: Pasukan Brasil ngéléhkeun Paraguay dina Patempuran Avay.
  • 1899 – Perang Boer Kadua: Dina patempuran Magersfontein Kaom Boer dina pingpinan Piet Cronjé ngabalukarkeun kasoranna pasukan Karajaan Inggris nu dipingpin ku Lord Methuen dina raraga kaluar tina pangepungan Kimberley.
  • 1920 – Perang Kamerdékaan Irlandia: Dina raraga ngawales serangan anyar IRA, pasukan Inggris ngaduruk jeung ngarampog sajumlah wangunan di Kota Cork. Réa rakyat sipil kabéjakeun digebugan, ditémbak, dirampog jeung dijejeléh ku Pasukan Inggris.
  • 1927 – Pamungpangan Guangzhou: Pangawal Beureum Komunis ngalakukeun pamungpangan di Guangzhou, China, ngarebut ampir kabéh kota sarta ngabéwarakeun formasi Guangzhou Soviét.
  • 1941Perang Dunia II: Jérman jeung Itali nyatakeun perang ka Amérika Sarikat, sabada Amérika nyatakeun perang ka Jepang ku alatan serangan ka Pearl Harbor. Amérika males nyatakeun perang ka dua nagara éta.
  • 1946The United Nations International Children's Emergency Fund (UNICEF) diadegkeun.
  • 1958 – Volta Luhur Perancis jeung Dahomey Perancis meunangkeun pamaréntahan sorangan, jadi Républik Volta Luhur (kiwari Burkina Faso) jeung Républik Dahomey (kiwari Benin), sarta ngagabung kana Komunitas Perancis.
  • 1978 – Parampogan Lufthansa nu dilakukeun ku kulawarga Lucchese dibaturan ku Jimmy Burke. Mangrupakeun parampogan panggedéna nu pernah kajadian di lemah Amérika dina mangsa harita.
  • 1981 – Pangbantéan Él Mozote: Pasukan basanjata Él Salvador maéhan kurang leuwih 900 rakyat sipil dina hiji kampanye anti gerilya wanci Perang Sodara Salvador.
  • 1990 – Démonstarasi ku mahasiswa jeung para pagawé di sakuliah Albania dimimitian, nu pamustunganna micu kana runtuhna komunisme di Albania.
  • 1994 – Perang Chechnya Kahiji: Présidén Rusia Boris Yeltsin ngirimkeun pasukan Rusia ka Chechnya.
  • 1994 – Bom ngajelegur dina pasawat Philippine Airlines 434 rute Manila - Tokyo, nelasan saurang jalma. Kaptén kapal hasil ngadaratkeun kapalna kalayan salamet.
  • 1997Protokol Kyoto ngeunaan Konvénsi Rangka Gawé Pikeun Parobahan Iklim (singk. Inggris UNFCCC) ditaréken di Kyoto, Jepang.
  • 1998 – Pasawat Thai Airways 261, Airbus A310-200 ragrag deukeut Bandara Surta Thani, nelasan 101 jalma. Pilotna diangkeuh katarajang disoriéntasi spatial.
  • 2006 – Konferénsi Internasional pikeun Niténan Visi Global ngeunaan Panelasan Massal dibuka di Téhéran, Iran, ku présidén Iran mangsa harita, Mahmoud Ahmadinejad; nagara-nagara saperti Israél jeung Amérika Sarikat ngébréhkeun perhatianna.
  • 2006 – Felipe Calderón, présidén Méksiko,  mesatkeun serangan nu dipingpin ku militer pikeun mareuman kaheurasan kartél obat di nagara bagéan Michoacán. Usaha ieu remen dianggap usaha pamaréntah nu munggaran dina Perang Obat Méksiko.
  • 2007 – Pakéwuh di Maghrib: Dua bom mobil ngabeledug di Aljiers, Aljazair, hiji di deukeut Pangadilan Konstitusi Tinggi, hiji deui di deukeut kantor PBB.
  • 2008 – Bernard Madoff dicerek sarta didakwa ku panipuan sekuritas sajumlah AS$ 50 milyar skéma Ponzi.
  • 2012 – Saheunteuna 125 jalma palastra sarta leuwih ti 200 tatu dina pengeboman di Désa Alawite di Aqrob, Syria.
  • 2017 – Hiji bom dibetuskeun di Jalan Handap Kota New York, di Jalan Alun-Alun Times no 42 / Terminal Beus Darmaga di Kota New York. Nelah minangka pangeboman Kota New York 2017.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]