Lompat ke isi

Italia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Itali)
Repubblica italiana
Républik Italia
Bandéra Italia Jata Italia
Lagu
Il Canto degli Italiani  
Lagu Rahayat Italia

Location of Italia
Location of Italia
Lokasi  Italia  (héjo kolot)

– di buana Éropa  (héjo & kulawu kolot)
– di Uni Éropa  (héjo)  —  [Legenda]

Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Roma
41°54′N 12°29′E
Basa resmi Italia[1]
Pamaréntah Républik parleménter kahijian
 -  Présidén Sergio Mattarella
 -  Perdana Menteri Mario Draghi
Pawangunan
 -  Pangahijian 17 Maret 1861 
 -  Républik 2 Juni 1946 
Asup ka
 Uni Éropa
25 Maret 1957]] (salah sahiji pawangun)
 -  Cai (%) 2,4
Populasi
 -  Perkiraan  Novémber 2010 60.605.053[2] (ka-23)
 -  Sénsus 2001 56.995.744 
GDP (PPP) Perkiraan 2010
 -  Total $1,771 triliun[3] 
 -  Per kapita $29.417[3] 
GDP (nominal) Perkiraan 2010
 -  Total $2,036 triliun[3] 
 -  Per kapita $33.828[3] 
Gini? (2006) 32[4] 
HDI (2010) 0.854[5] (amat tinggi) (ka-23)
Mata uang Euro ()2 (EUR)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .it3
Kode telepon +394
1 Basa Perancis resmi di Lebak Aosta; Basa Slovénia resmi di Propinsi Trieste jeung Gorizia; Basa Jérman jeung Latin resmi di Propinsi Bolzano-Bozen.
2 Saméméh 2002, Lira Italia. Euro ditarima di Campione d'Italia, tapi mata uang resmi di ditu nyaéta Franc Swiss.[6]
3 Domain .eu ogé dianggo.
4 Lamun rék nelepon ka Campione d'Italia, kedah nganggo kode telepon Swiss (+41).

Italia (Basa Itali: Italia), ngaran resmi: Républik Italia (Basa Itali: Repubblica italiana[7]), nyaéta hiji nagara di Éropa kidul nu kawangun ti hiji samenanjung jeung dua pulo gedé di Laut Tengah: Sisilia jeung Sardinia. Italia tepung wates jeung Perancis, Swiss, Austria, jeung Slovénia. Nagara San Marino jeung Vatikan mangrupa énklave dina wewengkon Italia, samentara Campione d'Italia mangrupa éksklaf Italia di Swiss. Nagara Italia kaasup wewengkon saluas 301.338 km² (116.347 mil²) nu dipangaruhan ku iklim sedeng. Kalawan jumlah padumuk 60,4 yuta, Italia mangrupa nagara nu jumlah padumukna panglobana kagenep di Éropa, jeung pangpadetna ka-23 di dunya.

[8]

Saenggeus labuhna Romawi, Italia meupeus kana nagara-nagara leutik (kawas Karajaan Sardinia jeung Kadipatén Milan), tapi nagri ini dihijikeun dina taun 1861,[9] saenggeus lumangsungna période karusuhan nu kakenal kalawan istilah "Il Risorgimento" ("Kabangkitan"). Dina ahir abad ka-19, dina Perang Dunya I jeung Perang Dunya II, Italia ngajajah Libya, Éritrea, Somalia, Éthiopia, Albania, Rhodes, Dodecanese, jeung konsési di Tianjin, Cina.[10] Kiwari Italia miboga laku penting dina budaya, diplomasi, jeung militér Éropa jeung dunya, janten Italia mangrupa salah sahiji kakiatan régional.[11][12][13][14]

Étimologi

[édit | édit sumber]

Loba pimikiran ahli sajarah jeung linguistik ngeunaan étimologi ngaran "Italia".[15] Dumasar kana salah sahiji panerangan nu leuwih umum, istilah Italia (ti basa Latin: Italia),[16] dipinjem liwat basa Yunani ti istilah basa Oscan, Víteliú, nu hartina "lemah énéng" (cf. Lat vitulus "énéng", Umb vitlo "énéng").[17] Sapi mangrupa lambang séké-séké Italia kidul jeung mindeng digambarkeun neunggar ajag Romawi minangka lambang embungeun méré kamerdékaan Italia. Salian ti éta, aya ogé legénda, yén Italia dingaranan ti inohong nu namina Italus.[18][19][20]

Ngaran Italia awalna ngan digunakeun pikeun sabagian wewengkon nu ayeuna ngaranna Italia Kidul (dumasar kana Antiochus ti Syracuse, di bagian kidul samenanjung Bruttium). Tapi, dina masa Antiochus, istilah Oenotria jeung Italia mangrupa sinonim, jeung ngaran éta ogé digunakeun pikeun kalobaan Lucania. Saterusna, urang Yunani biasa nyebut "Italia" pikeun wewengkon nu leuwih lega, tapi baru dina wanci panalukan Romawi istilah éta bener-bener ngasupkeun sakabéh samenanjung.[21]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Hasil pangalian di sakabéh Italia nunjukkeun yén manusa modérn geus aya ti jaman Paléolitik, kira-kira 200.000 taun baheula.[22]

Wewengkon

[édit | édit sumber]

Italia dibagi kana 20 wewengkon (regioni, tunggal: regione); lima di antarana miboga status otonomi husus, ditandaan ku *:

Géografi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Géografi Italia.

Italia kawangun ti samenanjung gedé nu manjang ka Laut Méditérania, bareng jeung dua pulo gedéna, Sisilia jeung Sardinia. Di wétan-kalér nyaéta Laut Adriatik, di tenggara Laut Ionia, teras Laut Tirenia di kulon-kidul jeung Laut Liguria di kulon-kalér.

Pagunungan Apennina minangka tulang tukang samenanjung ieu, manjang ka arah kulon-kalér nepi ka ngagabung jeung Alpen, barisan pagunungan nu ngawangun lengkungan nu ngawatesan Italia di sisi kalér. Di wewengkon ieu ogé dipanggihan dataran alluvial gedé, dataran Po-Venesia, nu dialiran ku Walungan Po kalawan loba anak walunganna ngalir ti Alpen, Apennina, jeung Dolomites. Walungan kondang nu séjén kaasup Tiber, Adige, jeung Arno.

Titik pangluhurna nyaéta Gunung Blanc (Monte Bianco) dina 4.810 m. Sanajan kitu, Italia biasana leuwih dipatalikeun jeung dua gunung api nu katelah: Vésuvius deukeut Napoli jeung Étna di Sisilia.

Démografi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Démografi Italia.

Padumuk Italia kalobaannana ngagem agama jeung ngagunakeun basa nu sami tapi kalawan budaya, ékonomi, jeung politik nu rupa-rupa. Italia miboga kapadetan padumuk panggedéna kalima di Éropa kalawan 196 padumuk per kilométer pasagi. Grup minoritas padumuk asli leutik jumlahna.

Sanajan Katolik Roma mangrupa agama mayoritas (85% nu babar di Italia umumna agamana Katholik), aya sababraha komunitas nu mangrupa bagian Garéja Protéstan, jeung ogé Bené Roma nu geus ngalaksanakeun Judaisme di Italia dina rébuan taun. Jeung aya ogé komunitas imigran Muslim.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Catetan suku

[édit | édit sumber]
  1. "Ethnologue report". Ethnologue.com. Diakses tanggal 30-10-2010.  Archived 2005-05-25 di Wayback Machine
  2. (It.) "Monthly demographic balance: January–November 2010" (PDF). Istat. 28-03-2011. Diakses tanggal 2 April 2011.  Archived 24 Désémber 2018 di Wayback Machine
  3. a b c d "World Economic Outlook Database, October 2010". International Monetary Fund. Diakses tanggal 20-02-2011.  Archived 2012-01-11 di Wayback Machine
  4. "Distribution of family income – Gini index". CIA – The World Factbook. Diakses tanggal 9-07-2010.  Archived 2009-05-13 di Wayback Machine
  5. "Human Development Report 2010" (PDF). United Nations. 2010. Diakses tanggal 5-11-2010.  Archived 2010-11-21 di Wayback Machine
  6. "Comune di Campione d'Italia". Comune.campione-d-italia.co.it. 14-07-2010. Diakses tanggal 30-10-2010.  Archived 2011-04-30 di Wayback Machine
  7. Di Italia, basa-basa séjén ogé diakuaan salaku basa wewengkon dina Piagam Basa Régional jeung Wewengkon Éropa. Ngaran resmi nagara Italia dina sakabéh basa-basa éta nyaéta:
  8. "Italy: Birthplace of the Renaisssance". European Rennaisance and Reformation. Township of Washington, NJ: Immaculate Heart Academy. http://www.immaculateheartacademy.org/outside2/socialstudies/kuhns/1%20Italy%20Birthplace%20of%20the%20Renaissance.pdf. Diakses pada 20-12-2009  Archived 2011-04-27 di Wayback Machine.
  9. "Unification of Italy". Library.thinkquest.org. 4 April 2003. Diakses tanggal 19-11-2009.  Archived 7 Maret 2009 di Wayback Machine
  10. "The Italian Colonial Empire". All Empires. Diakses tanggal 30-10-2010.  Archived 2012-02-24 di Wayback Machine
  11. "jstor.org". Links.jstor.org. JSTOR 198801). 
  12. M. De Leonardis, Il Mediterraneo nella politica estera italiana del secondo dopoguerra, Bologna, Il Mulino, 2003, hal. 17
  13. "carabinieri.it". Translate.google.com. Diakses tanggal 30-10-2010.  Archived 2011-10-17 di Wayback Machine
  14. books.google.com. books.google.com. 1998-11-24. ISBN 9780415140447. Diakses tanggal 30-10-2010. 
  15. Alberto Manco, Italia. Disegno storico-linguistico, 2009, Napoli, L'Orientale, ISBN 978-88-95044-62-0
  16. OLD, hal. 974: "first syll. naturally short (cf. Quint.Inst.1.5.18), and so scanned in Lucil.825, but in dactylic verse lengthened metri gratia."
  17. J.P. Mallory and D.Q. Adams, Encyclopedia of Indo-European Culture (London: Fitzroy and Dearborn, 1997), 24.
  18. Dionysius of Halicarnassus, Roman Antiquities, 1.35, on LacusCurtius
  19. Aristotle, Politics, 7.1329b Archived 2015-09-10 di Wayback Machine, on Perseus
  20. Thucydides, The Peloponnesian War, 6.2.4 Archived 2015-09-24 di Wayback Machine, on Perseus
  21. Pallottino, M., History of Earliest Italy, trans. Ryle, M & Soper, K. in Jerome Lectures, Seventeenth Series, hal.50
  22. Kluwer Academic/Plenum Publishers 2001, ch. 2. ISBN 0-306-46463-2.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

   Tempo ogé Italia di Wikivoyage