Sisindiran

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun[1]. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun[2].

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Conto sisindiran:

  • Rarakitan Sésébréd
Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
  • Paparikan Silih Asih
aya listrik di masigit,
caangna ka mana-mana.
aya istri jangkung alit,
karangan dina pipina
  • Wawangsalan
Kendang gedé pakauman
Dag dig dug rasaning ati
Wangsalna: Bedug

Tempo ogé[édit | édit sumber]

  1. Paparikan
  2. Rarakitan
  3. Wawangsalan

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Budi Rahayu Tamsyah spk. (1999. Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda.Bandung: Pustaka Setia
  2. LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten